15
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
Latihan 3 Latihan 2
Jieun ogé ieu bahan paguneman dina wangun skénario drama. Ngiritik kana karya seni dina paméran lukisan di Jalan Braga Bandung.
Tokoh palakuna opat urang siswa SMP nyaéta Dani, Jéni, Winda, jeung Diani. Ari obyék lukisanana nyaéta lukisan pamandangan alam, diantarana
dina éta lukisan katémbong aya sawah, leuweung, gunung, saung sawah, manuk, nu magawé, budak nu ngurek belut, jeung Ibu Tani ngélék
boboko ngajingjing téko. Pék jieun paguneman di antara nu opatan husus nyaritakeun lukisan.
Jieun naskah paguneman nu ditulis dina wangun carita lancaran antara murid jeung guruna ngeunaan pentingna diajar basa Sunda. Dina
ieu paguneman kudu enya-enya merhatikeun tatakrama basa anu merenah. Sing kagambar kumaha pamadegan guru kana basa Sunda, jeung kumaha
deuih ari pamadegan siswa.
H. Ngawanohkeun Kekecapan Lalajo Méngbal
Henteu lega lapang méngbal téh, ukur sampalan paragi ngangon domba, bubuhan jukut sok neba keur usum hujan mah. Ari keur usum
halodo sampalan téh jukutna lidig lantaran mindeng kaidek ku barudak nu ngadon méngbal saban soré, nya tungtungnana mah maneuh wé jadi
lapang méngbal.
Ayeuna gé kuring geus saged rék méngbal jeung babaturan, ngan hanjakal lapang téh geus kapiheulaan ku barudak blok lamping, atuh
sajolna ka lapang téh ukur lalajo wé. “Ah teu kudu ngembang laja, engké gé geus carapéeun mah areureun,”
cek kuring ka Odéd. Ti tadi manéhna mah jamotrot, meureun handeueul ti imah geus hayang pisan méngbal. Sarua Si Tirta gé ngembang cikur,
kilangbara milu surak éak-éakan, ari kuring mah, ah, resep wé lalajo wungkul gé.
16
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
Latihan 4
Lantaran burit mantén, atuh poé ayeuna mah teu sésépakan- sésépakan acan, kuring jeung babaturan balik. Sajajalan waktu mulang
bangun taya piomongeun, padahal biasana mah saréréa sok ngembang waluh.
Ieu di handap dibéréndelkeun ngaran kekembangan, pék ku hidep larapkeun kana kalimah nu di sadiakeun di handap
Dina wacana paguneman “Indung jeung Anak” aya ungkara “bréh budak téh mani ngembang céngék” jeung “giliran indungna nu ngembang
kadu”. Tah, ngembang céngék téh nuduhkeun rupa budak nu geulis méncéngés dipapandékeun kana kembang céngék. Ari ngembang kadu,
hartina téh olohok, ngébréhkeun pasémon hélok atawa kagét ku henteu disangka-sangka. Ngaran kekembangan ogé kaunggel dina bacaan “Lalajo
Méngbal” di luhur.
Rupa-rupa kekembangan dina basa Sunda aya ngaranna sarta sawaréh sok dipaké ngébréhkeun kaayaan jalma saperti rupa, tangtungan,
pasémon, jeung sikep dina obrolan sapopoé. Ngaran kekembangan ogé bisa deuih dilarapkeun kana kaayaan barang. Atuh tangtu éta ngaran
kekembangan téh henteu cukup ngan saukur diapalkeun, tapi kudu dilarapkeun dina omongan jiga nu kapanggih dina wacana di luhur. Ieu
téh ngagambarkeun yén basa Sunda beunghar, da dina basa-basa séjén mah geuning henteu kitu.
Jieun karangan paguneman nu basajan saperti dina bacaan “Lalajo Méngbal” di luhur, pilih ngaran kekembangan anu sakirana
cocog pikeun dilarapkeun kana paguneman.
P
A N
G
A J
AR
AN
2
KAULINAN BARUDAK
17
Sumber: www.bandung. detik.com
18
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
T
étéla barudak Sunda téh beunghar ku rupa-rupa kaulinan, boh keur barudak awéwé boh barudak
lalaki. Aya kaulinan nu maké alat saperti kenténg
sasemplék, awi sabébék, kewuk, siki nangka walanda, jst. aya ogé kaulinan nu ngan saukur maké kakawihan. Aya nu
sipatna olahraga, seni, jeung sakadar kalangenan ngeusi waktu wungkul. Nya kitu arulinna, aya kaulinan cukup
duaan, aya ogé anu babaladan lobaan. Ieu di handap aya sawatara kaulinan. Hég titénan
A. Maca Jero Haté 1. Medar Langlayangan