Medar Dongéng Ajén atikan dina dongéng

58 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén 1. Saha waé palaku dina éta dongéng 2. Naon témana dongéng “Ajag Nangtang Jelema” téh? 3. Amanat naon nu kapanggih dina éta dongéng? 4. Jéntrékeun kumaha pasipatan ajag jeung peucang nu kagambar dina éta dongéng? 5. Pék tuliskeun alur carita éta dongéng

B. Medar Dongéng Ajén atikan dina dongéng

Dongéng Ajag Nangtang Jelema nu bieu dibaca ku hidep téh eusina ngandung pieunteungeun. Ari nu dimaksud pieunteungeun nyaéta sikep katut laku lampah goréng, lain tirueun. Dina éta dongéng sikep jeung laku lampah kitu téh digambarkeun ku tokoh ajag anu hayang kapuji, sombong, jeung asa panggagahna. Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Hiji hal anu ngabédakeun dongéng jeung golongan carita lianna pangpangna dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana loba anu teu katepi ku akal pamohalan. Najan kitu, keur nu ngabandunganana pangpangna barudak tinangtu baris ngumbar pantasi anu pohara. Dongéng jadi pohara dipikaresepna, pangpangna ku barudak. Ku ngabandungan dongéng sacara teu langsung budak diwawuhkeun jeung rupa-rupa atikan. Kituna téh lantaran dina dongéng mah leubeut naker ku ajén-ajén atikan. Nya ajén atikan pisan anu ngajadikeun ciri pangpentingna dina dongéng. Upamana baé, atikan kacerdasan, atikan kaéndahan, jeung atikan kasusilaan. Dina dongéng “Ajag Nangtang Jelema” nembrak naker ajén atikanana. Anu sombong adigung adiguna bari henteu maké tinimbangan akal nya kitu akibatna, ajag tepi ka hosna, ari peucang, najan begéng kalaparan malah salamet, salamet ku akalna. Pieunteungeun jeung picontoeun méh aya dina unggal dongéng, komo dina dongéng kuya jeung monyét mah. Anu goréng niat, jail, jeung kaniaya diwakilan ku tokoh monyét, sedengkeun anu sabar jeung asak 59 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén jeujeuhan diwakilan ku tokoh kuya. Dina ahir carita, nya monyét pisan anu cilaka. Ku ngabandungan polah monyét jeung kuya, budak bakal langsung ngabalad ka kuya sarta ngamusuh ka monyét. Dina harti séjén, mihak bebeneran sakaligus ngajauhan kadoliman. Ajén kacerdasan atawa kapinteran biasana diwakilan ku tokoh peucang. Dina kaayaan keur sakumaha bahayana sarta kauger ku waktu anu pohara heureutna, peucang teu weléh bisa nyalametkeun diri ku pitulung akalna. Tétéla, kacerdasan téh pohara pentingna dina kahirupan. Atikan anu ngébréhkeun pentingna silihpikanyaah jeung silihbélaan jeung dulur katangén dina dongéng Budak Pahatu. Ieu dongéng picontoeun téh nyaritakeun dua budak pahatu adi lanceuk. Waktu keur ngala kupa adina dilegleg oray, ku bélana nu jadi lanceuk sanggeus digeberan ku hihid kabuyutan adina jadi hirup deui. Kajadian séjénna waktu keur lalayaran, lanceukna aya nu ngabedil, ku bélana nu jadi adi éta layon téh digeberan ku hihid kabuyutan bisa hirup deui. Tétéla, dongéng pohara dipikaresepna ku barudak tug ka kiwari. Kitu deui dina dongéng- dongéng Si Kabayan, najan katémbong leuwih nonjol unsur banyolna, tapi lamun seug enya-enya dipalu-ruh mah loba naker pieunteungeunana. Cik jéntrékeun ajén atikan naon waé nu aya dina dongéng

C. Babagian Dongéng