Nyusun Paguneman Jadi Wangun Skenario Drama

13 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII

G. Nyusun Paguneman Jadi Wangun Skenario Drama

Pék teruskeun saperti conto ieu di handap Pa Eko : Édo geus tilu poé ... Cik barudak sugan aya nu apal, ari Édo ka mana geus tilu poé? Sutar : Teu damang, Pa. .................................................................................. .................................................................................. .................................................................................. ................................................................................... Har, geuning teu ngirim surat...” “Ngalempréh, Pa. Bujeng-bujeng tiasa ngadamel serat.” “Éh, ari Sutar, maksud Bapa téh kolotna, lain Édona Karasa naon, cenah, Tar?” “Saur sepuhna mah, pitipeseun, Pa” omong Sutar, teu kireum-kireum. Teu kaampeuh, ger téh murid sakelas sareuri. Untungna Pa Éko surti sarta gancang ngajéntrékeun naon nu dimaksud Sutar. 14 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Latihan 1 “Lain pitipeseun atuh, Tar, gejala tipes meureun,” saur Pa Éko, leuleuy. “Leres ... muhun kitu maksad abdi téh,” jawab Sutar. “Beu, beu ... tina kadaharan atuh éta mah. Biasana mah balukar tambarakan bari keur kaayaan capé” “Sumuhun, Pa. Ti payun téh wangsul olah raga, teras Édo téh jajan rujak cuka, és, sirop. Waktos istirahat, anjeunna ogé jajan baso, da lapar saurna téh teu sasarap heula,” Sutar, ngagorolang, nerangkeun. Sabada ngareungeu omongan Sutar, derekdek Pa Éko nerangkeun yén kadaharan, kabersihan, jeung kaséhatan téh raket pisan patalina. Kadaharan téh bisa nyéhatkeun, ngadatangkeun tanaga, tapi ogé bisa ngabalukarkeun awak gering. Pa Éko ngawanti-wanti yén kadaharan téh kudu enya-enya beresih, ulah tambarakan komo bari jeung can kadasaran ku sangu heula. Cindekna, saur Pa Éko, urang téh kudu diajar ngabiasakeun hirup séhat, berséka, beresih, dahar dina waktuna sarta ulah ngalobakeun teuing jajan anu teu paruguh. “Engké Bapa rék ngalongok. Anteur baé ku Sutar,” saur Pa Éko mungkas cariosanana. Migawé pancén Ieu aya bahan keur paguneman, hég jieun dina karangan wangun lancaran saperti dina wacana “Indung jeung Anak” di luhur: Tilu urang siswa SMP keur anteng di warnét néangan bahan jang diskusi kelompok. Ari bahan nu ditéanganana nyaéta perkara pentingna miara lingkungan hidup. Loba bahan nu diunduh terus diprint. Tah, dina milih-milih bahan nu geus meunang ngeprint téa timbulna paguneman, tiluanana papada ngajukeun pamanggih pendapat. 15 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Latihan 3 Latihan 2 Jieun ogé ieu bahan paguneman dina wangun skénario drama. Ngiritik kana karya seni dina paméran lukisan di Jalan Braga Bandung. Tokoh palakuna opat urang siswa SMP nyaéta Dani, Jéni, Winda, jeung Diani. Ari obyék lukisanana nyaéta lukisan pamandangan alam, diantarana dina éta lukisan katémbong aya sawah, leuweung, gunung, saung sawah, manuk, nu magawé, budak nu ngurek belut, jeung Ibu Tani ngélék boboko ngajingjing téko. Pék jieun paguneman di antara nu opatan husus nyaritakeun lukisan. Jieun naskah paguneman nu ditulis dina wangun carita lancaran antara murid jeung guruna ngeunaan pentingna diajar basa Sunda. Dina ieu paguneman kudu enya-enya merhatikeun tatakrama basa anu merenah. Sing kagambar kumaha pamadegan guru kana basa Sunda, jeung kumaha deuih ari pamadegan siswa.

H. Ngawanohkeun Kekecapan Lalajo Méngbal