Ngaregepkeun Iklan dina Radio Ngabandungan Iklan dina Tv

34 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII

C. Ngaregepkeun Iklan dina Radio

Iklan tinulis “umajak mayar pajak” mun disiarkeun dina radio basana béda sabab maké peran sora jalma jeung dibarengan ku sora-sora alat séjén. Upamana waé maké basa paguneman pikeun ngébréhkeun suasana anu matak pikaresepeun nu ngadéngé. Geura ieu contona di handap. Tokoh 1 : Lah, jalan téh mani raruksak, lombang jarero matak pikabetaheun buruy. Naon gawé pamaréntah téh? Tokoh 2 : Aéh, aéh…angger ari geus gegelendeng téh. Tokoh 1 : Lain gegelendeng uing mah, ngan naha mani teu bisa ngoméan jalan-jalan acan. Tokoh 2 : Apan kudu maké waragad…duit, duit Tokoh 3 : Enyaaa…bisana pamaréntah ngoméan jalan téh lamun aya duitna. Ari duit pamaréntah apan di antarana ngandelkeun tina pajak. Ké, ké… ari Mamang geus mayar PBB, encan? Tokoh 1 : Héhé… acan Sumber: www. wikimedia.org 35 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII

D. Ngabandungan Iklan dina Tv

Kakara jol datang, motor bobolokot ku cai kotor padahal basa indit éta motor anyar ngumbah. Tokoh 1 gegelendeng sorangan jiga pohara keuheulna, ari tokoh 2 nu jadi pamajikanana kareungeu keur kusang-koséng di dapur nyelang-nyelang gégéroh, hujan kakara raat nu nyésa kari rujitna. Pélek motor dioyag-oyag…singhoréng tas tigejlig kana logak ngeuyeumbeu cai, meureun bisi terus gojlag. Tokoh 1 : Lah, jalan téh mani raruksak, lombang jarero matak pikabetaheun buruy. Naon gawé pamaréntah téh? Tokoh 2 : Torojol tokoh 2 bari ngajingjing katél lamokot ku budah sabun Aéh, aéh…angger ari geus gegelendeng téh. Tokoh 1 : Rada nyereng, kuraweud Lain gegelendeng uing mah, ngan naha mani teu bisa ngoméan jalan- jalan acan. Tokoh 2 : Apan kudu maké waragad…duit, duit Ngaléos ka dapur deui, horéam bisi papanjangan 36 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Tokoh 3 : Ngajelaskeun témbong wibawaan saperti pejabat, maké pakéan batik nécis Enyaaa…bisana pamaréntah ngoméan jalan téh lamun aya duitna. Ari duit pamaréntah apan di antarana ngandelkeun tina pajak. Ké, ké… ari Mamang geus mayar PBB, encan? Tokoh 1 : Hé hé… acan

E. Medar Iklan-iklan di Luhur 1. Iklan Tinulis