Nadomkeun Pupujian Nadomkeun Pupujian Babarengan Tos Medal Bulan Purnama Nyangkem Eusi Pupujian

92 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII D i madrasah atawa di masjid-masjid sok ngahoang tina spiker nu nadomkeun pupujian, biasana pasosoré bari nungguan ustad nu ngawuruk ngaji datang. Sakapeung sok matak muringkak bulu punduk, utamana lamun geus ngareungeu pupujian “Anak Adam” bubuhan eusina ngélingan yén urang kabéh bakal maot, atuh tangtu matak ngawewegan kaislaman jeung kaimanan urang. Tétéla, pupujian mah lain lalaguan samanéa, tapi istuning eusina munel. Duka pedah ku basa Sunda karasa nyerepna téh. Ieu geura contona, hég rarasakeun.

A. Nadomkeun Pupujian

Hég nadomkeun ku salah saurang murid, nu séjén ngaregepkeun. Anak Adam Anak Adam anjeun di dunya ngumbara, umur anjeun di dunya téh moal lila. Anak Adam umur anjeun téh ngurangan, saban poé saban peuting dicontangan. Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan, cul anak cul salaki jeung babandaan. Sumber:www. muslimsoul.net 93 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Anak Adam paéh euweuh nu dibawa, ngan asiwung jeung boéh anu dibawa. Anak Adam pasaran téh lolongséran, saban poé saban peuting gegeroan. Anak Adam anjeun kaluar ti imah, digarotong dina pasaran tugenah. Aduh bapa aduh ibu abdi keueung, rup ku padung rup ku lemah abdi sieun. Anak Adam di kubur téh poék pisan, nu nyaangan di kubur téh maca Qur’an.

B. Nadomkeun Pupujian Babarengan Tos Medal Bulan Purnama

Tos medal bulan purnama nyaangan jagat buana jungjunan anu utama Muhamad jenenganana Wajib sadaya gumbira kasumpingan Nabi Mulya kedah sukur salamina ngadu’a ka Nu Kawasa Duh panutan nu diutus Gusti ngéstokeun teu putus nyandak paréntahan husus séja taat manah mulus Sumber: www. muslimsoul.net 94 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén

C. Nyangkem Eusi Pupujian

Nu dibaca bari ditembangkeun ku hidep bieu téh disebutna pupujian. Pupujian ogé kaasup kana karangan wangun ugeran puisi. Ari ngahaleuangkeunana, pupujian mah sok di masjid atawa madrasah, saméméh salat berjamaah atawa bari nungguan ustad nu ngawuruk ngaji datang. Ditilik tina eusi atawa maksud nu dikandungna, pupujian bisa dipasing-pasing jadi: 1 puji jeung dua ka Pangéran; 2 pépéling; 3 puji jeung salawat ka Nabi Muhamad jeung; 4 pangajaran agama. Ari pupujian anu dibaca tadi, “Anak Adam” eusina téh mangrupa pépéling, sedengkeun “Tos Medal Bulan Purnama” eusina mangrupa puji ka Nabi Muhamad. Sanggeus diregepkeun, hég jawab pertanyaan ieu di handap 1. Naon téma pupujian “Anak Adam” di luhur téh? 2. Ari pupujian “Tos Medal Bulan Purnama” naon deuih témana? 3. Saha nu dimaksud anak Adam dina pupujian di luhur téh? 4. Amanat naon nu dikandung dina pupujian “Anak Adam” di luhur téh? 5. “Anak Adam paéh anjeun téh nyorangancul anak salaki jeung babandaan”. Hég jéntrékeun maksud éta ungkara 6. Naon anu bakal nyaangan di jero kubur? 7. Naon eusi dina pada katilu pupujian Tos Medal Bulan Purnama? 8. Di mana jeung iraha ditembangkeunana pupujian téh? 95 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII 9. Nurutkeun eusina, pupujian bisa dipasing-pasing jadi sabaraha bagian? 10. Jelaskeun eusi pupujian Anak Adam nurutkeun pamangih hidep

D. Wangun Pupujian