Wanci Patempatan: Ngawanohkeun Kekecapan

28 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII

E. Ngawanohkeun Kekecapan

Dina bacaan kaulinan oray-orayan aya ungkara “Pasosoré barudak mimiti jul-jol ka buruan, awéwé-lalaki, singhoréng geus baradami yén sabubarna ngaji ti madrasah rék terus arulin”. Aya lagu nu unina “sariak layung di gunung” jeung aya ungkara budak keur meujeuhna “kembang buruan”. Sariak layung nuduhkeun waktu, ari buruan nuduhkeun patempatan. Pikeun ngeuyeuban pangaweruh hidep, istilah wanci jeung patempatan nu mindeng kasabit dina lalaguan jeung sajak urang wincik. Hég titénan

1. Wanci

1 Balébat, waktu arék fajar, témbong udat-udat bodas beulah wétan 2 Carangcang tihang, wanci liwat fajar, téténjoan remeng-remeng kénéh 3 Haneut moyan, waktu antara tabuh tujuh tepi ka tabuh salapan isuk-isuk 4 Pecat sawed, waktu kira-kira tabuh sebelas beurang 5 Rumangsang, waktu sabada haneut moyan, panon poé geus mimiti karasa panas Sumber: www. gcroft.wordpress. com 29 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII 6 Manceran, tengah poé 7 Lingsir ngulon, liwat tengah poé, panon poé geus ngagésér ka beulah kulon 8 Tunggang gunung, panon poé geus rék surup, témbong luhureun gunung 9 Sariak layung, waktu dina rék béak layung 10 Sareupna, geus mimiti poék, deukeut ka magrib. 11 Sareureuh budak, waktu kira-kira jam dalapan peuting 12 Janari leutik, waktu kira-kira jam satu tepi ka jam dua peuting. 13 Janari gedé, waktu kira-kira jam tilu tepi ka ngagayuh ka subuh.

2. Patempatan:

1 Buruan nyaéta patempatan di hareupeun imah, sok dipelakan kekembangan. 2 Sampalan nyaéta tegaltanah kosong nu jaradi jukut di tengah leuweung tempat nyatuan sasatoan. 3 Tepis wiring nyaéta sesebutan pikeun wewengkon pasisian atawa pilemburan. 4 Tutugan gunung nyaéta suku gunung, bagian handap gunung. Sumber: www. melyanitok. blogdetik.com 30 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Latihan Migawé pancén 5 Hunyur nyaéta taneuh nu muncugug. 6 Huma nyaéta tanah darat nu sok dipelakan paré. 7 Leuwi nyaéta bagian walungan anu jero. 8 Tetelar nyaéta tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok diparaké ngangon. a. Pilih salasahiji kakawihan dina kaulinan di luhur, tuluy jieun skénariona nepi ka kagambar cara ulinna. b. Tuliskeun lima ngaran kaulinan tradisional Sunda lianna anu hidep apal sarta terangkeun kumaha prakprakan maénna. c. Tuliskeun tilu ngaran kaulinan barudak ayeuna sarta terangkeun kumaha prakprakan maénna. d. Pék perankeun skénario kaulinan “Oray-orayan” dina wacana di luhur ku kelompok, anggota perkelompok tujuh urang. P A N G A J AR AN 3 WAWARAN JEUNG IKLAN LAYANAN MASARAKAT 31 Sumber: www. antarafoto.com 32 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII M indeng urang manggihan tulisan nu eusina mangrupa wawaran, sakapeung mirip iklan. Atuh hidep ogé apal nu dimaksud iklan, boh iklan pikeun tujuan komersil boh nonkomersil henteu ngudag kauntungan matéri, enas-enasna mah sarua sangkan masarakat wanoh kana sagala rupa anu diiklankeunana. Tina wanoh jadi kapangaruhan ku éta iklan. Ari médiana, bisa langsung dipajang di tempat umum tinulisvisual, dina radio audio, televisiinternét audio visual. Lain baé perusahaan nu sok masang iklan téh, dalah pamaréntah atawa lembaga-lembaga lianna ogé osok. Biasana iklan nu jolna ti pamaréntah mah karéréanana “iklan layanan masarakat”. Tah, dina pangajaran ka-3, salian ti wawaran, urang husus medar iklan layanan masarakat. Ieu aya sawatara contona di handap.

A. Maca Wawaran