Maca Sajak Medar Perkara Sajak

72 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII T i mimiti diajar basa, boh basa Indonésia boh basa Sunda, urang geus wawuh jeung karya sastra nu disebut sajak. Atuh rék nyebut puisi gé meunang, da barangna mah éta-éta kénéh, engké geura leuwih jéntréna mah urang pedar di handap. Atuh engké hidep gé bakal diajar ngarang sajak, gampang, henteu matak rieut sirah. Tah, saheulaanan mah bacaan wé heula sajak nu aya saméméh prung diajar ngarang.

A. Maca Sajak

Baca sing karasa wirahmana sarta lenyepan eusina Bandung Wahyu Wibisana Kacipta kénéh sagala-galana basa urang ngobrol ku basa Sunda di kota anjeun Bandung lucu Ieu sajak keur kenang-kenangan jeung hiji-hijina hal nu rék dicaritakeun ngan ka anjeun Sumber: www. kabar-priangan 73 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Hayang kuring nanya heula saméméh pamit rék paanggang ieu Bandung nu heurin ku tangtung itu Lémbang kota hérang jeung béntang mindeng méré ilham kana kalam? Ah, kacida bagjana, kanca mun urang bisa maca ieu kaéndahan dina geulisna tempat padumukan di lemah cai sorangan ku basa urang

B. Medar Perkara Sajak

Osok aya nu nanya kieu : “Naon bédana sajak jeung puisi?”. Ari nu dimaksud sajak téh nyaéta salasahiji karya sastra nu ditulis dina wangun ugeranpuisi. Dina sastra Sunda, karya Sastra wangun ugeran téh loba rupana, di antarana, sajak, guguritan, pupujian, jeung mantra. Jadi, pertanyaan di luhur bisa dijawab: sajak téh bagian tina puisi atawa, sajak téh nya puisi-puisi kénéh Urang gé geuning sok mindeng maca: “Lomba baca sajak”, atawa “Lomba baca puisi”. Kecap-kecap nu dipaké dina sajak umumna kecap- kecap nu ngandung harti konotatif, lain harti saujratna saperti nu kaunggel dina kamus. Dina sajak Bandung nu bieu dibaca aya ungkara: ieu Bandung heurin ku tangtung, maksudna padet pendudukna, jadi puseur pangjugjugan balaréa. Pon nya kitu deui ungkara: itu Lémbang kota hérang jeung béntang, maksudna mah kota nu kawilang éndahna. Salian ti kecap-kecap nu konotatif, sajak ogé ngandung sawatara unsur penting kayaning téma dasarpoko pasualan nu ditepikeun dina sajak, suasana 74 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII gambaran kaayaan, imaji gambaran nu karasa, kadéngé, atawa katénjo- najan ukur dina wangwangan, simbul kecap nu dipaké pikeun ngantebkeun maksud, wirahma irama, galindengna sora kecap, jeung amanat amanat pangarang ka nu macana. Tah, éta unsur-unsur dina sajak téh kudu silihrojong, ulah papalimpangan Upamana waé, sajak nu témana pati atawa maot, tangtu suasana téh ulah pikagumbiraeun. Kitu deui simbul nu dipakéna ulah malati sumedeng ligar atawa béntang baranang, tapi leuwih cocok maké simbul samagaha atawa pasaran. Sangkan leuwih paham kana kandungan sajak Bandung beunang Wahyu Wibisana nu dibaca tadi, pék jawab kalawan gemet patalékan ieu di handap Pék jawab pananya ieu di handap 1. Naon témana éta sajak? 2. Amanat naon nu hayang ditepikeun panyajak ka urang? 3. Kumaha pamanggih panyajak ngeunaan kota Ban- dung téh? 4. Kecap naon baé anu dipaké simbul dina éta sajak pikeun ngantebkeun kaéndahan kota Bandung téh? 5. Kumaha sikep panyajak ka urang anu maca? Titénan sarta jéntrékeun maksud nu aya dina pada kaopat 6. Cing jéntrékeun bédana sajak jeung guguritan 7. Karya sastra naon baé nu ditulis dina wangun ugeran téh? 8. Sebutan unsur-unsur dina sajak 9. Cik jéntrékeun nu dimaksud téma jeung amanat dina sajak tepi ka témbong bédana 10. Kumaha patalina antara téma, suasana, jeung simbul dina sajak? Terangkeun 75 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII

C. Ngadéklamasikeun Sajak