Ngarang Sajak Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 7 PDF 2014

88 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén Sieuh manuk mangka euweuh singlar bégal mangka anggang sawah kula talang nyawa maculan di congo gobang disiraman cai késang ngabinihan taroh pati Paré mulus lega dada haté bapa papak méga kurulung angklung poé panén 1. Pilih hiji sajak di luhur téh Baca bedaskeun di hareup, sing karasa wirahmana. Maca sajak béda jeung maca koran, sanajan sarua bedasna 2. Sanggeus sajak pilihan hidep téa dibaca, ayeuna hég teuleuman bari nyurahan eusina. Jéntrékeun ngeunaan: - Eusina éta sajak. - Kumaha témana? - Naon amanatna? - Kumaha suasana nu karasa ku urang waktu éta sajak dibaca? - Kecap-kecap naon baé anu dipaké simbul pikeun ngantebkeun maksud dina éta sajak?

E. Ngarang Sajak

Kumaha carana ngarang sajak? Lamun seug ningali tiori tadi di luhur, asa wegah ngarang sajak téh, padahal mah henteu kitu. Gampang pisan ngarang sajak mah. Ayeuna tangtukeun heula bahan nu rék dijieun sajakna, barang-barang nu aya di kelas waé teu kudu nu hésé- hésé. Tah, di kelas téh pan aya jam dinding, korsi, gambar presidén, kaca jandéla, jst. Hég pilih salasahijina. 89 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Sebut waé hidep téh milih korsi jang bahan ngarang sajak. Ayeuna hég tuliskeun naon rupa nu aya dina pikiran hidep ngeunaan korsi, dina wangun kalimah-kalimah wé. Sanggeus ditulis lengkep ngeunaan korsi téa dina kalimah-kalimah, ayeuna cacagan piceun atawa ganti kecap-kecap anu ceuk anggapan hidep teu pati penting. Ieu geura contona, anggap beunang hidep. Korsi Korsi téh alus, dijieunna tina kai. Korsi nu didiukan ku abdi aya tumbilaan, atuh ari gék téh bujur mani asa panas jeung renyem. Hayang teuing diuk dina korsi jok anu hipu. Tapi kétang diajar bari diuk dina korsi hipu mah engké jadi tunduh. Geuning sok ningali dina tv, nu keur rapat sok aya nu narundutan, da meureun korsina hipu. Hayang teuing kuring diuk dina korsi hipu. Kalimah di luhur dicacagan, jiga ieu di handap. Korsi korsi alus tina kai korsi kuring panas, tumbilaan hayang teuing diuk dina korsi hipu ngan sieun diajar jadi nundutan jiga nu rapat narundutan lantaran korsina hipu hayang teuing diuk dina korsi hipu Sumber: htp:bp3. blogspot.com 90 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén Sanggeus éta kalimah dicacagan, aya nu diganti kecapna jeung dipiceun, terus disusun deui, apan tuh jadi sajak. Gampang, nya? Tétéla geuning ngarang téh gampang, ngarang sajak leuwih-leuwih gampangna. Ayeuna hég hidep nyieun sajak, carana jiga tadi, tangtukeun heula bahan pituliseun sajakna. Bébas rék naon baé, upamana rék nyaritakeun kaayaan di pasar, tukang ngamén, gunung, ombak, laut, kebon binatang, pék kuma karep hidep. P A N G A J AR AN 7 PUPUJIAN 91 Sumber: www. wikipedia.com 92 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII D i madrasah atawa di masjid-masjid sok ngahoang tina spiker nu nadomkeun pupujian, biasana pasosoré bari nungguan ustad nu ngawuruk ngaji datang. Sakapeung sok matak muringkak bulu punduk, utamana lamun geus ngareungeu pupujian “Anak Adam” bubuhan eusina ngélingan yén urang kabéh bakal maot, atuh tangtu matak ngawewegan kaislaman jeung kaimanan urang. Tétéla, pupujian mah lain lalaguan samanéa, tapi istuning eusina munel. Duka pedah ku basa Sunda karasa nyerepna téh. Ieu geura contona, hég rarasakeun.

A. Nadomkeun Pupujian