Nulis Carita Pangalaman Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 7 PDF 2014

44 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Waktu jam kalima, Bapa Nana nu ngawulang basa Sunda teu sumping, aya pambengan saurna mah. Di kelas raribut, marotah, pangpangna mah barudak lalaki nu marijah pisan téh. Mimitina tina silihlandih ngaran, ka nu kulitna hideung sari-sari hawuk dilandi Si Gereng, nu bodas sari-sari bulé teu kapalang dilandi Si Bulé, aya ogé nu dilandi Si Gantar pedah awakna jangkung. Ari ka kuring, aya nu ngalandi Si Ntik, duka naon alesanana. Ngan, waktu balik, ditanyakeun ka Léni, pajar téh duméh kuring leutik, bodas, jeung camperenik. Leuheung atuh, ceuk haté.

C. Nulis Carita Pangalaman

Baca ogé ieu tulisan “Pa, naon béntenna piknik sareng karyawisata?” ceuk Janglar ka Pa Maman. “Béda... aya bédana. Pik-nik mah tujuanana sakadar pikeun sukan-sukan, botram, atawa ngadon hiburan wung-kul. Ari karyawisata mah tujuanana pikeun nambahan pangaweruh, tangtu baé bari sakalian sukan-sukan atawa hiburan, “ waler Pa Maman. Pa Maman téh guru kuring jaman di SD. Anjeunna kapapan- cénan ngaping parasiswa karya- wisata ka Pangandaran. “Naha geuning ka Pangandaran, Pa?” Tisna tumanya bangun nu héran. “Ari kitu?” “Sumuhun, naha henteu langkung cocog upami ka Peneropongan Bosscha...musieum...” ceuk Tisna. “Ih, ngahaja milih ka Pangandaran téh. Kahiji, jarakna deukeut. Lamun di jalanna lancar, ti Tasik ka Pangandaran mah dua jam satengah ogé tepi. Jadi di ditu urang leuwih loba waktu...pangpangna mah moal capé teuing di jalan deuih. Atuh kaduana, obyék wisata Pangandaran Sumber: nutritionaddicted.blogspot.com 45 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén mah kaitung lengkep sarta loba hubunganana jeung pangajaran. Géograi upamana, engké hidep baris dibéré pancén ku bapa pikeun nalungtik guha alam. Pangajaran basa Sunda, saur Pa Udin maranéh baris dibéré pancén pikeun nalungtik basa dialék Pangandaran. Pon nya kitu deui pelajaran-pelajaran séjénna. Tah, samulangna ti Pangandaran téh maranéh kudu ngalaporkeun hasilna nu mangrupa karya tulis. Laporanana mah perkelompok baé saluyu jeung pancénna,”saur Pa Maman, ngécéskeun. Barudak bangun sarugemaeun pisan kana penjelasan Pa Maman. Najan piinditeunana poé Saptu minggu hareup, tapi haneutna rencana karyawisata téh ti ayeuna gé geus karasa. Di sakola, teu kaop ruang-riung, nu jadi bahan guneman téh teu weléh Pangandaran jeung Pangandaran baé. Sok sanajan umumna mah geus padaapal obyék wisata Pangandaran, tapi da kacipta piresepeunana ari indit rombongan mah. Mangkaning rencanana téh rék nginep sapeuting, malem Minggu, leuh kabayang isuk- isuk téh ngabring ka basisir ngadon ngalalajoan srangéngé medal. “Ti ayeuna maranéh kudu geus nyieun kelompok studi, pangpangna nu geus dalaptar. Husus kelompok géograi mah engké di ditu bapa nu baris ngapingna,” Pa Maman mungkas cariosanana. Pék caritakeun deui karangan di luhur téh maké basa hidep sorangan, bagilir di hareup

D. Ngabandingkeun Pangalaman Pribadi jeung Catetan Poéan