95
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
9. Nurutkeun eusina, pupujian bisa dipasing-pasing jadi sabaraha bagian?
10. Jelaskeun eusi pupujian Anak Adam nurutkeun pamangih hidep
D. Wangun Pupujian
Pék bandingkeun jeung sajak
Ayeuna urang diajar nyurahan wangun pupujian terus bandingkeun jeung wangun sajak, sanajan boh
pupujian boh sajak kaasup karangan wangun puisi, tapi katémbong aya bédana. Geura hég titénan
Eling-Eling Dulur Kabeh
Eling-eling dulur kabéh Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh Bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati Nyawa dipundut ku Gusti
Najan raja nyakrawati Teu bisa nyingkiran pati
Karasana keur sakarat Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat Tara ngalakukeun salat
Sumber: www.muslimsoul. net
96
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
Kaduhung kaliwat langkung Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung Jasadna teu meunang embung
E. Ngabandingkeun Pupujian jeung Sajak Lagu Paturay
Surachman RM
Soara nyawa kari sakésétan napas biola ngeleperkeun lagu lumayung hideung
tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung luang ka tukang ngulahék nembongan lila
Sakésétan duh sakésétan ti dinya sirna mutiara kuring tina watangna
napas biola nu ngagerihan nyekleukna jero tangkeupan
Dicutat tina Surat Kayas
1. Wangun pupujian “Eling-eling dulur kabéh” unggal
pada bait diwangun ku opat padalisan jajaran, geura sok itung
Eling-eling dulur kabéh Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh Bisina kaburu paéh
2. Jumlah engang suku kata dina unggal padalisan
97
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
aya dalapan, geura hég titénan Eling-eling du-lur ka-béh 8
I-ba-dah u-lah cam-po-léh 8 Beu-rang peu-ting u-lah we-léh 8
Bi-si-na ka-bu-ru pa-éh 8
3. Sora vokal atawa purwakanti dina kecap panungtung
dina unggal jajaran sarua, geura urang titénan:
Eling-eling dulur kabéh é Ibadah ulah campoléh é
Beurang peuting ulah weléh é Bisina kaburu paéh é
Ayeuna bandingkeun jeung sajak “Lagu Paturay”, geura urang cutat sagunduk:
Soara nyawa kari sakésétan napas biola 16-a ngeleperkeun lagu lumayung hideung 11-eu
tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung 11-u luang ka tukang ngulahék némbongan lila 13-a
Tétéla dina sajak mah boh jumlah engang boh purwakantina henteu matok. Tah ku sabab kitu sajak mah
disebut puisi bébas. Ari dina pupujian, ti bait kahiji tepi ka bait nu pamungkas polana geus matok. Ku sabab wangunna
geus matok, atuh pupujian mah lain ngan pikeun dibaca wungkul, tapi leuwih ngareunah dilagukeun. Pék titénan
deui babandingan di luhur.
Hidep mindeng ngareungeu pupujian nu dinadomkeun
98
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
Pancén
di masjid atawa madrasah, hég tuliskeun sakalian nadomkeun di kelas
P
A N
G
A J
AR
AN
8
AKSARA SUNDA
99
Sumber: www. bandungdailyphoto.
com
100
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII
A
ksara Sunda téh sok disebut ogé aksara kaganga. Tata tulis éta aksara téh dimodiikasi tina aksara-
aksara kuno nu kapanggih dina naskah jeung
prasasti. Kiwari aksara kaganga téh digunakeun keur rupa-rupa kaperluan, antarana baé digunakeun pikeun
plang ngaran jalan, plang ngaran instansi pamaréntahan, plang di tempat-tempat wisata, jeung sajabana. Di SD
hidep ogé saenyana geus diajar aksara Sunda. Dina pangajaran ayeuna hidep bakal diwanohkeun deui
kumaha cara nuliskeun aksara Sunda, maca téks dina aksara Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda keur
rupa-rupa kaperluan.
A. Nuliskeun Aksara Sunda