Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
3.6 Téhnik Panalungtikan
Téhnik panalungtikan mangrupa salasahiji usaha anu dilakukeun kalawan ngagunakeun métode anu tangtu, sangkan udagan anu dipiharep dina hiji
panalungtikan bisa kahontal Nurani, 2003: 39. Téhnik panalungtikan ngawengku kana téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta telaah pustaka, wawancara, observasi, jeung dokuméntasi Arikunto, 2010: 263.
1 Téhnik Telaah Pustaka Ieu téhnik gunana pikeun néangan bahan-bahan keur dijadikeun dasar tiori
anu aya patalina jeung masalah anu ditalungtik. 2 Téhnik Wawancara
Ieu téhnik gunana pikeun néangan informasi ngaliwatan lisan ku cara méré sababaraha patalékan ka tokoh masarakat atawa sesepuh nu dianggap mikanyaho
kana ajén falsafah iket Sunda. 3 Téhnik Obsérvasi
Ieu téhnik gunana pikeun ngumpulkeun data-data jeung informasi nu leuwih akurat ti sumber data ngeunaan ajén falsafah iket Sunda nu aya di Kampung Adat
Cikondang Kabupatén Bandung. 4 Téhnik Dokuméntasi
Ieu téhnik gunana pikeun ngarojong inpormasi data. Datana bisa mangrupa gambar atawa hasil foto salaku bukti yén panalungtikan téh bener-bener
dilaksanakeun.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Data anu geus ngumpul satuluyna dianalisis maké métode déskriptif. Anu baris didéskripsikeun nya éta ajén falsafah katut simbol nu aya dina iket Sunda di
Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.
Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
Léngkah-lengkah pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Obsérvasi ka lapangan ngeunaan iket Sunda nu aya patalina jeung sajarahna, ajén
falsafahna, simbol-simbolna, nu diayakeun di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.
2 Ngadokuméntasikeun hasil data nu dipibeunang ngeunaan ajén falsafah iket Sunda. 3 Nganalisis ajén falsafah nu aya dina iket Sunda.
4 Ngadéskripsikeun ajén falsafah iket Sunda nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.
Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Dumasar kana rumusan masalah nu aya, hasil panalungtikan Ajén Falsafah Iket Sunda Tilikan Semiotik kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi di Kampung
Adat Cikondang Kabupatén Bandung bisa dicindekkeun yén: 1
Nepi ayeuna can aya nu bisa maluruh ti iraha mimiti mekarna iket. Tapi dumasar kana bahanna nu dipakéna sahenteuna urang bisa maluruh ti iraha-irahana ayana
iket. Sababaraha naskah Sunda nu aya ogé bisa jadi bahan rujukan mekarna iket. 2
Bahan jeung motif nu sok dipaké dina iket nya éta tina kapas nu dijieun sacara tinun, jeung tina kaén nu dijieun ngaliwatan prosés batik. Ari dina motifna
dipasing-pasing kana sababaraha motif, nya éta amotif nu teu miboga motif atawa polos, motif batik, motif kontemporer, motif idéntitas, motif kolaborasi. Dina
motif batik aya struktur sacara visual nya éta pager, modang, waruga jeung juru. 3
Ajén falsafah nu aya dina iket Sunda di Kampung Adat Cikondang di antarana nyampak dina simbol-simbol bentuk pasagi, segi tilu, jeung rupa iket nu
dipakéna. Dina bentuk pasagi aya opat unsur alam nu disebut cai, taneuh, angin jeung seuneu. Éta opat unsur alam téh aya dina diri manusa. Ku kituna sok
disebut opat kalima pancer. Dina bentuk segi tilu, aya filosofi Tri Tangtu, nya éta Rasa, Raga jeung Ing Sun atawa Nu Maha Kawasa. Saupama dilarapkeun kana
kanagaraan, Tri Tangtu téh nya éta Resi, Ratu Rama. 4
Kalungguhan hiji jalma di jaman harita bisa katitén tina cara maké iketna. Aya salapan pola iket nu nuduhkeun salapan pola kahirupan manusa. Éta salapan pola
kahirupan manusa téh nya éta 1 ngahérang, 2 lumunggang, 3 gumulung, 4 gumeter, 5 usik, 6 ngarupa, 7 kolot, 8 ngora, jeung 9 medal. Iket ogé miboga
salapan pola iket, ti hiji nepi ka genep mah rupa iketna siga barangbang semplak sarta luhurna katingali buuk nu nuduhkeun masih kénéh suwung. Pola nu ka tujuh
rupa iketna siga paros nangka atawa parékos jéngkol. Angka tujuh nuduhkeun