Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
2 Naon baé bahan, motif, jeung warna nu sok dipaké dina iket?
3 Ajén falsafah naon baé nu aya dina iket nu dipaké ku urang Sunda?
4 Kumaha pungsi jeung kalungguhan iket nu dipaké ku urang Sunda?
5 Aya sabaraha rupa iket nu digunakeun di Kampung Adat Cikondang Kabupatén
Bandung?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Panalungtikan ngeunaan ajén falsafah iket Sunda di kampung adat Cikondang Kabupatén Bandung miboga tujuan pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya nu
aya di masyarakat. Ieu panalungtikan dina hakékatna miboga tujuan. Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1 Kamekaran iket Sunda
2 Bahan, motif jeung warna nu sok dipaké dina iket.
3 Ajén falsafah iket Sunda
4 Pungsi jeung kalungguhan iket.
5 Wangunrupa-rupa iket nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén
Bandung.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat nu dipiharep dina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat anu sipatna praktis jeung tioritis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Hasil panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh hususna
ngeunaan kabeungharan budaya Sunda jeung ajén falsafahna; jeung 1.4.2 Mangpaat Praktis
a. Sangkan mikaweruh ajén falsafah nu aya dina iket Sunda. Sangkan leuwih
reueus deui dina nanjeurkeun budayana. b.
Sangkan mikanyaho ajén falsafah iket Sunda nu miboga mangpaat pikeun kahirupan, sarta leuwih reueus deui dina ngaronjatkeun budaya Sunda.
Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi disusun jadi lima bab. Dina Bab I mangrupa pedaran nu ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang masalah nu rék ditalungtik, watesan masalah,
rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan boh sacara tioritis boh praktis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.
Dina Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun tiori-tiori ngeunaan sistem nilai, tiori filsafat, budaya, folklor, semiotika jeung iket.
Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun lokasi jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén
panalungtikan, sarta téhnik panalungtikan nu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data,.
Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan,
jeung medar ajén falsafah iket Sunda Tolikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.
Bab V mangrupa bagian panutup skripsi nu ngébréhkeun kacindekan jeung rékoméndasi tina hasil panalungtikan.
Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
BAB III METODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Sumber Data
Lokasi panalungtikan nya éta tempat di mana panalungtikan baris dilaksanakeun. Lokasi anu rek dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta di
Kampung Adat Cikondang. Sacara administratif Kampung Adat Cikondang aya di wilayah Désa Lamajang, Kecamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung.
Nurutkeun Arikunto 2010: 172 ari nu dimaksud sumber data téh nya éta: “Sumber data dalam penelitian adalah subjek dari mana data diperoleh.
Apabila peneliti menggunakan kuesioner atau wawancara dalam pengumpulan datanya, maka sumber data disebut responden, yaitu orang yang merespon atau
menjawab pertanyaan-pertanyaan peneliti , baik pertanyaan tertulis maupun lisan”.
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta, tokoh masarakat, sesepuh, aparat désa.
3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan 3.1.1.1 Lokasi Geografis
Kampung Cikondang sacara géografis aya di Désa Lamajang, Kacamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Wates administratif Désa Cikondang nya éta
belah wétan kawatesanan ku Désa Tribakti Mulya jeung Désa Cikalong Kacamatan Cimaung, di belah kulon ku Désa Sukamaju jeung Désa Mekarsari, di belah kalér ku
Désa Cikalong jeung Désa Cipinang Kacamatan Cimaung, di belah kidul ku Désa Pulosari. Ieu kampung kaliwatan ku walungan Cisangkuy anu ngalir ti Pangaléngan.
Kampungna aya dina ketinggian 700-900 dpl di atas permukaan laut, angka curah hujan 23006 m taun jeung hawa rata-ratana 23
˚C. Lokasina aya di daérah pagunungan Bandung kidul nu pernahna di handapeun Gunung Tilu.