Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan .1 Lokasi Geografis

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data

Lokasi panalungtikan nya éta tempat di mana panalungtikan baris dilaksanakeun. Lokasi anu rek dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta di Kampung Adat Cikondang. Sacara administratif Kampung Adat Cikondang aya di wilayah Désa Lamajang, Kecamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Nurutkeun Arikunto 2010: 172 ari nu dimaksud sumber data téh nya éta: “Sumber data dalam penelitian adalah subjek dari mana data diperoleh. Apabila peneliti menggunakan kuesioner atau wawancara dalam pengumpulan datanya, maka sumber data disebut responden, yaitu orang yang merespon atau menjawab pertanyaan-pertanyaan peneliti , baik pertanyaan tertulis maupun lisan”. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta, tokoh masarakat, sesepuh, aparat désa. 3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan 3.1.1.1 Lokasi Geografis Kampung Cikondang sacara géografis aya di Désa Lamajang, Kacamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Wates administratif Désa Cikondang nya éta belah wétan kawatesanan ku Désa Tribakti Mulya jeung Désa Cikalong Kacamatan Cimaung, di belah kulon ku Désa Sukamaju jeung Désa Mekarsari, di belah kalér ku Désa Cikalong jeung Désa Cipinang Kacamatan Cimaung, di belah kidul ku Désa Pulosari. Ieu kampung kaliwatan ku walungan Cisangkuy anu ngalir ti Pangaléngan. Kampungna aya dina ketinggian 700-900 dpl di atas permukaan laut, angka curah hujan 23006 m taun jeung hawa rata-ratana 23 ˚C. Lokasina aya di daérah pagunungan Bandung kidul nu pernahna di handapeun Gunung Tilu. Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1 Sanajan asup ka Kacamatan Pangaléngan, tapi ti Kampung Cikondang mah masih rada jauh ka Pangaléngan téh, Cikondang leuwih deukeut ka Kacamatan Cimaung. Jarakna ka pusat pamarentahan Kacamatan Pangaléngan kurang leuwih 11 km. Ka pusat pamarentahan Kabupaten Bandung jauhna kurang leuwih 19,5 km. Ti Kota Bandung ka Kampung Cikondang jauh na kurang leuwih 30,9 km. Kampung Cikondang ka belah kidul ngaliwatan Kacamatan Dayeuhkolot, Kacamatan Pameungpeuk, Kacamatan Banjaran, jeung Kacamatan Cimaung. Jauhna ti jalan Bandung-Pangalengan ngaliwatan Kampung Cibiana ka Kampung Cikondang téh sa- kilometer. Anapon jalan komplék mah ti Kantor PLTA Cikalong ngaliwatan bendungan tuluy ngaliwatan kantor desa Lamajang anu jauhna kurang leuwih 1,5 km. Teu hésé nyorang ka Kampung Cikondang, rék maké kandaraan pribadi atawa umum ogé bisa. Saupama ti Kota Bandung maké kandaraan pribadi, jalanna ngaliwatan Moh. Toha ka arah Banjaran terus méngkol di pal tilu Kamasan ka belah kénca ka arah Pangaléngan. Lokasina dipikawanoh, sabab di sisi jalan aya plang gedé nu nétélakeun lokasi Kampung Adat Cikondang. Ti jalan gedé mah jauhna kurang ti Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sa-kilometer. Saupama naék kandaraan umum, bisa naék angkot jurusan Tegallega- Banjaran turun di terminal Banjaran. Ti terminal Banjaran bisa naék élf Pangaléngan- Tegallega, beus Pangaléngan-Kebon Kalapa, atawa angkot Cikalong-Banjaran. Ti jalan gedé ka Kampung Cikondangna bisa naék ojég. 3.1.2 Kaayaan Sosial Ekonomi Masyarakat di Kampung Cikondang 3.1.2.1 Démografi