Kondisi Sosial Budaya METODE PANALUNGTIKAN

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Anom Rukmana, 5 Anom Rumya, 6 Anom Samsa, jeung 7 Anom Juhana. Aya sawatara sarat pikeun jadi kuncén di ieu bumi adat, nya éta lalaki, turunan ti sesepuh Cikondang Ma Empuh anu geus masagi sawawa jeung dipilih dumasar kana wangsit, hartina saupama kuncén tilar dunya, anakna teu bisa langsung jadi kuncén saacan meunang wangsit. Anu jadi kuncén ogé kudu miboga ali wulung hideuung. Éta ali wulung téh kapanggih sorangan ku kuncén nu anyar di sabudeureun bumi adat. Ali wulung bisa disebut mahkota pikeun kuncén. Saupama geus manggih ali wulung, kakara dilantik ku karamat disebutna juru kunci. Kuncén nu geus kapilih, dina sapopoéna kudu maké pakéan adat Sunda lengkep jeung iket. Baju nu dipaké ku kuncén warnana bodas, nyilokakeun cai nu miboga harti suci tur bersih, jeung calanana warna hideuung nu nyilokakeun bumi hartina kuncén kudu nurut kana aturan adat istiadat, agama, jeung darigama pamaréntah. Sedengkeun iketna maké rupa iket paros nangka. Kuncén dianggap sok meunang wangsit, biasana sok nyaho kana sagala hal nu bakal kajadian di Kampung Cikondang. Salasahijina saupama aya nu rék tilar dunya, biasana sok ditandaan ku rungkadna tatangkalan. Saupama rungkadna ka belah wétan, hartina nu tilar dunya téh di belah wétan. Kitu deui saupama nu rungkadna ka belah kulon, hartina nu tilar dunya téh aya ti belah kulon.

b. Kondisi Sosial Budaya

Aya sawatara sistem kamasarakatan nu aya di Kampung Adat Cikondang, di antarana dina basa, stratifikasi sosial, jeung sistim kawin. 1 Basa Basa nu digunakeun di Kampung Adat Cikondang nya éta basa Sunda. Saupama ka sasama sok maké basa Sunda loma, tapi saupama ka saluhureun Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu atawa ka sepuh kudu maké basa Sunda nu lemes, sarta dipaké undak usuk basa Sundana. 2 Sistim Stratifikasi Sosial Nurutkeun Engku Sumitra salaku sesepuh Cikondang, sistim stratifikasi sosial di masarakat Kampung Adat Cikondang dipasing-pasing dumasar kana katurunan, umur, jeung ékonomi. Dumasar umur, lapisan sosial dipasing jadi tilu nya éta sesepuhtetua adat, kaum ngora, jeung budak. Tetua adat nya éta jalma nu dianggap miboga pangaweruh anu luhung, umurna kudu 50 taun ka luhur, jeung biasana masarakat sok loba tunyu-tanya ka tetua adat. Tetua adat bisa jadi panengah anu keur parebut harta warisan, tanah, irigasi tatanén, aya mangsa ogé dipénta keur nguruskeun acara kawinan, lahiran, maot, jeung upacara kaagamaan. Kuncén atawa tetua adat miboga pancén pikeun mingpin upacara sarta méré wejangan sangkan hajat bisa lumangsung kalawan lancar tur salamet. Aya anggapan ti masarakat yén kuncén miboga pangalaman hirup tur sikep nu wijaksana. Salian ti kuncén jalma nu dianggap penting di masarakat nya éta ustad jeung jalma beunghar. Ustad dianggap jalma nu miboga pangaweruh nu luhung dina widang kaagamaan. Sedengkeun jalma beunghar dianggap jalma nu bisa mantuan jalma nu keur susah sacara materi. 3 Sistim Kawin Sistim kawin di Kampung Cikondang nganut sistim exogami, nya éta bisa kawin jeung warga luar Cikondang. Tapi kudu nyumponan kana sarat, sirit, jeung sorot. Sarat hartina miboga kamampuh materi atawa boga pagawéan jeung harta, sirit hartina bisa nyumponan napkah batin, sarta sorot hartina miboga wibawa anu hadé. Éta pasaratan kudu dicumponan hususna pikeun lalaki. Salian ti éta aya katangtuan yén dina milih minantu lalaki kudu nyumponan sarat 3 M, nya éta maraban, makéan, jeung mondokan. Sedengkeun dina milih minantu awéwé kudu nyumponan sarat 3 N, nya éta Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nurut ka salaki, ngaraksa kahormatan, tur ngajaga rusiah rumah tangga. Hartina boh lalaki boh awéwé kudu nyomponan kawajibanana sewang- séwangan.

3.1.2.6 Sistem Téhnologi

Sistim téhnologi nya éta tata cara hiji masarakat dina maké pakakasna pikeun kahirupan. Aya sawatara pakakas nu dipaké di Kampung Cikondang, di antarana nya éta pakakas pikeun nyumponan sajumlahing pakasaban masarakatna. Aya pakakas pikeun tatanén, ternak, kitu ogé perikanan. Salian ti pakakas, aya ogé sandang jeung pangan. Ilaharna, sandang nu dipaké di Kampung Cikondang kiwari tina kaén katun atawa sarua jeung masarakat kota. Iwal ti para sesepuh atawa kuncén nu sok maké pangsi jeung iket. Masarakat yakin yén baheula Uyut Pameget sok maké iket.

3.1.2.7 Sajarah Kampung Cikondang

Nurutkeun Abah Ilin, di ieu lembur téh aya séké ci liang nu disabudeureunana loba tangkal gedé, nu ngaranna Kondang. Ku kituna ieu lembur dingaranan Cikondang atawa Kampung Cikondang. Kecap ci asalna tina cai nu miboga harti cai, sedengkeun Kondang nya éta ngaran tatangkalan. Kampung Cikondang mimiti aya kurang leuwih taun 1800-an. Iéu imah adat téh diadegkeun ku Uyut Pameget jeung Uyut Istri. Bisa dikira-kira yén umur Kampung Cikondang ayeuna kurang leuwih 200 taun. Masarakat yakin yén Uyut Pameget jeung Uyut Istri ngagem agama Islam. Baheula, Kampung Cikondang mangrupa leuweung. Tapi dina taun 1911 Lurah Lamajang, nu ngaranna Lurah Sepuh Adiwinata lurah ka-3 ngabukbak ieu leuweung pikeun nyambungkeun walungan Cisangkuy jeung Cikondang. Harita Cikondang kahalangan ku batu cadas. Lurah Adiwinata ménta tulung ka Abah Kulisi pikeun nugar éta batu cadas. Singgetna carita, batu cadas téh bisa urug ku kasakténna Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Abah Kulisi. Tungtungna walungan Cisangkuy bisa asup ka désa Lamajang, nyaian sérang 225 ha. Pungsi éta walungang téh pikeun sumber cai keur urusan tatanén. Kampung Cikondang kabagi dua wilayah, nya éta Cikondang jero jeung Cikondang luar. Ieu dibédakeun dina pola arsitéktur imahna. Cikondang jero miboga ciri has dina imah tradisional. Dina taun 1942, kurang leuwih aya genep puluh imah adat. Ku lantaran kahuruan, kiwari ngan ukur aya hiji imah adat. Cikondang luar nya éta taun 1955 dina mangsa arsitéktur imah ngalaman parobahan. Parobahanana nya éta teu tradisional deui, lantaran aya kawatesanan dina néang bahan-bahan nu aya di leuweung. Ku kituna masarakat nyieun imah sacara modern atawa nu basajan. Ieu parobahan disaluyuan ku kuncén, tapi kudu tetep miara imah adat nu ngan ukur hiji deui.

3.2 Desain Panalungtikan