Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
d. Teu meunang jadi pajabat di pamaréntahan, ma’nana nya éta bisi teu bisa
jadi pamingpin anu teu bisa ngaping ka masarakatna.
3.1.2.5 Sistem Pamaréntahan jeung Kamasarakatan a. Sistem Pamaréntahan
Kampung adat Cikondang miboga struktur pamaréntahan jeung adat. Masarakat kudu taat kana aturan hukum adat ogé taat ka pamaréntahan désa. Struktur
pamaréntahan jeung adat di antarana: 1
Kapala Désa Lurah, tetua adat salaku tokoh; 2
Kapala Dusun Bapa Olot, tetua adat kampung; 3
P3N Lebé, sesepuh irigasi solokan; 4
Rukun Warga, tetua adat kampung; 5
Rukun Tetangga, aparat désa panghandapna kaasup tetua adat ogé; 6
Posyandu; 7
Paraji sunat, tetua adat; 8
Paraji lahir, ngurus nu rék ngalahirkeun, tetua adat; 9
Punduh, tetua adat tradisi Imam melak pare jeung panén; 10
Pupuhu Poktan Kelompok Tani, tokoh tani tetua adat; 11
Kuncén juru kunci karamat Cikondang, tetua adat; 12
Tukang Bas, arsiték imah panggung, tetua adat; 13
Dalang tahlilan, tetua adat; 14
Imam Khotib di tajug, tetua adat; 15
MUI, tokoh ulama Islam; 16
Tukang du’a adat, tetua adat; jeung 17
Tukang ruwatan, tetua adat. Nepi ka kiwari aya tujuh kuncén nu geus miara imah adat nya éta:
1 Ma Empuh,
2 Ma Akung,
3 Anom Idil,
Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
4 Anom Rukmana,
5 Anom Rumya,
6 Anom Samsa, jeung
7 Anom Juhana.
Aya sawatara sarat pikeun jadi kuncén di ieu bumi adat, nya éta lalaki, turunan ti sesepuh Cikondang Ma Empuh anu geus masagi sawawa jeung dipilih
dumasar kana wangsit, hartina saupama kuncén tilar dunya, anakna teu bisa langsung jadi kuncén saacan meunang wangsit. Anu jadi kuncén ogé kudu miboga ali wulung
hideuung. Éta ali wulung téh kapanggih sorangan ku kuncén nu anyar di sabudeureun bumi adat. Ali wulung bisa disebut mahkota pikeun kuncén. Saupama geus manggih
ali wulung, kakara dilantik ku karamat disebutna juru kunci. Kuncén nu geus kapilih, dina sapopoéna kudu maké pakéan adat Sunda
lengkep jeung iket. Baju nu dipaké ku kuncén warnana bodas, nyilokakeun cai nu miboga harti suci tur bersih, jeung calanana warna hideuung nu nyilokakeun bumi
hartina kuncén kudu nurut kana aturan adat istiadat, agama, jeung darigama pamaréntah. Sedengkeun iketna maké rupa iket paros nangka.
Kuncén dianggap sok meunang wangsit, biasana sok nyaho kana sagala hal nu bakal kajadian di Kampung Cikondang. Salasahijina saupama aya nu rék tilar dunya,
biasana sok ditandaan ku rungkadna tatangkalan. Saupama rungkadna ka belah wétan, hartina nu tilar dunya téh di belah wétan. Kitu deui saupama nu rungkadna ka
belah kulon, hartina nu tilar dunya téh aya ti belah kulon.
b. Kondisi Sosial Budaya