Pakasaban Pendidikan Agama jeung Kapercayaan

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2.2 Pakasaban

Pakasaban masarakat kampung Cikondang lolobana nya éta jadi patani. Kayaning palawija legana 1007 ha, jagong 112 ha, kedelé 79 ha, bawang beureum 591 ha, bungbuahan 8,25 ha, sayur 57 ha, kopi 72, 62 ha, jeung cengkéh 5 ha. Salian tina tatanén, aya ogé tina ternak kayaning sapi, munding, hayam kampung, éntog, domba, embé, jeung kelinci. Anu ka tilu nya éta tina perikanan nu ngahasilkeun 11,60 tontaun tina émpang nu legana 2,85 ha.

3.1.2.3 Pendidikan

Pendidikan masarakat Cikondang rupa-rupa. Di sabudeureunana loba sakola- sakola sangkan masarakat teu pati jauh dina nyiar élmuna. Aya sakola SD, Madrasah Ibtidaiyah, MTS Al-Jihad, jeung SMEA Al-Jihad. Tabél No. 3.3 Dumasar Tingkat Pendidikanana No. Jenis Pendidikan Jumlah Katerangan 1 Teu tamat SRSD 19 Sakola Rakyat 2 Tamat SD 57 - 3 Tamat SMP 31 - 4 Tamat SMASMK 41 - 5 Paguron Luhur 8 - Jumlah 156 - Sumber: Catetan Ketua RW 03 Kampung Cikondang

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Cikondang ngagem agama Islam. Sajaba ti éta, masarakatna masih kénéh percaya ka karuhun. Karuhun dipercaya bisa nyalametkeun sakumna masarakat Cikondang tina sagala musibah. Karuhun nu dimaksud nya éta Uyut Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Pameget jeung Uyut Istri nu dipercaya ku masarakat yén karuhunna salah saurang wali nu nyebarkeun agama Islam, hususna di kampung Cikondang. Dicaritakeun Uyut Pameget jeung Uyut Istri téh leungit tapakna, masarakat percaya yén karuhunna tilem. Aya sababaraha pantrangan nu aya di masarakat kampung Cikondang. Éta pantrangan téh aya patalina jeung karuhun, di antarana: 1 Ngaléngkahan tumpeng utamana pikeun kagiatan upacara. Kitu ogé konca, susudi, jeung takir; 2 najong dawegan, utamana dawegan pikeun sajén, nu ngalanggar bakal meunang musibah; 3 Masarakat nu ngala daun cau manggala ka leuweung keur kaperluan upacara adat teu meunang misahkeun diri tina rombongan. Saupama dilanggar sok nyasab, sok sanajan geus ngawasa situasi jeung kaayaan di éta leuweung; 4 indit-inditan ka leuweung dina poé Kemis; 5 nangunjar ka belah kidul; 6 Saupama kiih teu meunang nyanghareup ka belah kidul, kudu ka kulon. Saupama ka belah wétan jeung kalér mah kurang hadé; 7 nincak parako; 8 nincak bangbarung; 9 migawé kagiatan dina poé Juma’ah, kajaba poé Saptu pikeun netepkeun poé H upacara; 10 Dina mangsa kagiatan nutu paré, teu meunang poé Salasa jeung Juma’ah. Nutu paré lulugu kudu ping 13 Muharam, mun ping 13 Muharam ieu poé Salasa, ku kituna kudu dipindahkeun ka poé isukna; hartina mun dina poé Salasa, kagiatan bakal dipindahkeun ka poé Rebo, kitu ogé mun ninggang dina poé Juma’ah, kagiatan kudu dilakikeun poé Saptu; 11 imah penduduk teu meunang nyanghareup ka Belah imah adat, kajaba padumukan di peuntaseun jalan désa; 12 jarah teu meunang dina poé Juma’ah jeung Saptu; Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 13 Awéwé nu keur kareseban jeung nu keur nipas teu meunang asup ka imah adat. Saupama aya kaperluan ka bumi adat atawa hayang nanyakeun hiji perkara ka kuncén, disadiakeun balé-balé hareupeun bumi adat; 14 bumi adat teu meunang aya parabotan tina beling jeung barang éléktronik modérn saperti radio, listrik, jeung tv; 15 imah adat teu meunang maké kaca jeung teu meunang ditambahan ku bahan bangunan lianna; 16 Kadaharan nu dijieun pikeun kaperluan upacara teu meunang diasaan heula. Masarakat Cikondang miboga anggapan yén kadaharan nu diasaan heula saacan réngsé upacara sarua jeung nyadiakeun kadaharan nu geus bari; 17 nincak kai atawa suluh dina waktu nyieun tumpeng lulugu; 18 daun cau manggala nu diala ti leuweung karamat teu meunang murag kana taneuh; 19 mulungan kadaharan nu murag tuluy diasupkeun deui kana wadahna; 20 ngomong kasar atawa sompral; 21 meuncit hayam, salian ti hayam kampung; 22 kaping 14 Maséhi sasih naon baé tara dipaké barang gawé; 23 teu meunang ngala suluh di lahan adat; 24 teu meunang aya tatabeuhan nu sipatna gandéng; 25 tamu, saha baé teu meunang saré di bumi adat, kajaba ti kuncén jeung pamajikanna; 26 aya opat amanat ti kabuyutan; a. Hateup imah teu meunang maké kenténg jeung kudu nyanghareup ka kulon. Ma’nana nya éta ulah poho kana asal muasal kajadian manusa nu dijieun tina taneuh jeung tilar dunya ogé bakal jadi taneuh deui; b. Saupama naék haji kudu jadi mabrur, nya éta haji nu miboga kamampuh lahir jeung batin; c. Teu meunang jadi jalma beunghar, sabab mun jadi jalma beunghar bisi teu bisa ngucap sukur kana ni’mat ti Allah SWT; Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu d. Teu meunang jadi pajabat di pamaréntahan, ma’nana nya éta bisi teu bisa jadi pamingpin anu teu bisa ngaping ka masarakatna.

3.1.2.5 Sistem Pamaréntahan jeung Kamasarakatan a. Sistem Pamaréntahan