Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina kahirupan, manusa teu bisa leupas tina budaya. Budaya nu mangrupa hasil karya diri manusa ngandung ajén-inajén nu jadi sipat atawa kabiasaan hiji kelompok masarakat. Ciri husus dina kabudayaan bisa katémbong dina kahirupan anu béda-béda, tapi bisa ogé masarakat nganut hiji téma budaya anu husus Koentjaraningrat, 1990: 263. Sedengkeun kabudayaan nurutkeun Tylor nu dicutat ku Harsojo 1998: 6, nya éta: ”Kebudayaan adalah salah satu kesatuan yang kompleks, yang di dalamnya terkandung pengetahuan, kepercayaan, kesenian, moral, hukum, adat istiadat dan berbagai kemampuan lain serta kebiasaan yang didapat oleh manusia sebagai anggota satu masy arakat”. Nurutkeun Koentjaraningrat 1990: 205 budaya miboga unsur-unsur. Aya tujuh unsur budaya di sakabéh bangsa di dunya universal. Tujuh unsur kabudayaan universal téh ngawengku 1 sistem religi, 2 organisasi sosial, 3 sistem pengetahuanfilsafat, 4 basa, 5 kasenian, 6 sistem pakasaban, 7 sistem pakakas hirup jeung teknologi. Éta unsur budaya téh mangrupa ciri masarakat nu miboga budaya. Loba hal nu bisa dititénan dina tiap kabudayaan, di antarana sora, gerak, kaéndahan, adat, jeung pakéan. Tina éta sakabéh wanda kabudayaan téh, aya hiji hal nu teu kungsi leupas dina unggal prak-prakanana, nya éta pakéan. Saban ritual nu aya patalina jeung kabudayaan, tangtu tara leupas tina pakéan pikeun ngarojong lumangsungna éta acara. Saperti dina pagelaran seni sora, katangkasan, upacara adat, tug dugi ka acara kawinan ogé teu leupas tina pakéan adat. Iket mangrupa salasahiji pakéan urang Sunda nu dipaké ku lalaki pikeun nutupan sirahna. Umumna iket téh sok dipaké dina upacara adat. Maké iket téh lain Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu keur saukur gagayaan wungkul, ogé lain saukur pamantes. Tapi sabenerna iket miboga falsafah nu némbongkeun jati diri nu makéna. Pungsi filsafat dina kabudayaan nya éta sarana nu hadé pikeun ngaguar kabeungharan kabudayaan jeung tradisi-tradisi. Anu leuwih hususna ngeunaan filsafat kabudayaan téh ngaguar iket Sunda. Saupama balik deui kana unsur budaya anu tujuh téa, di dieu pakuat-pakaitna jeung filsafat téa. Iket nu aya di Sunda mangrupa salasahiji warisan kabudayaan Sunda buhun. Teu sagawayah jalma nu maké iket. Iket nu jadi tradisi masarakat Sunda bisa nangtukeun darajat nu makéna. Aya ungkara caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket nu hartina kudu waspada jeung siap siaga Ensiklopédi Sunda, 2000: 286. Iket miboga ma’na sacara élmu jeung kapercayaan, iket raket patalina jeung unsur kapercayaan katut budaya. Iket ogé biasa disebut totopong nu asal kecapna tina tepung nu hartina panggih. Tepung di dieu mangrupa simbol tina tungtung kaén nu ditepungkeun ku cara nalikeun tungtung kaén belah katuhu jeung tungtung kaén belah kénca. Éta téh miboga lambang silaturahmi. Objék nu diiketna nya éta sirah lalaki. Sirah téh mib oga ma’na salaku pamingpin nu aya dina awak. Dina jero sirah aya uteuk. Uteuk mangrupa tempat pikiran sarta organ manusa salaku mahluk ciptaan Allah SWT. Uteuk manusa miboga cipta, karsa, jeung rasa http:botn.or.idberita- persib201202totopong-trend-baru-bobotoh. Cipta, karsa, jeung rasa nu aya dina uteuk manusa diolah sangkan ngahasilkeun hiji wangun nu cindekna disebut kabudayaan. Jadi budaya teh mangrupa hasil tina pikiran. Bangsa Indonesia, beunghar ku arkeologi pikiran. Sedengkeun arkeologi nurutkeun Sumardjo 2009: 3 nya éta: “Arkeologi adalah ilmu yang mempelajari benda-benda kuno”. Eta sakabéh benda kuno artéfak mangrupa produk masarakat dina waktu jeung ruang nu tangtu. Ku sabab mangrupa produk masarakat nu tangtu, ku kituna éta benda-benda téh ngébréhkeun alam pikiran manusa di jaman harita. Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sakumaha nu geus dipedar di luhur, budaya téh mangrupa hasil tina pikiran. Ari pikiran mimiti nu kaluar tina insting manusa, nya éta kumaha carana pikeun mertahankeun sangkan bisa terus hirup. Ekologi alam di Indonesia nangtukeun cara mikir manusa Indonesia pertama nenek moyang nya éta sacara tatanén. Bangsa Indonesia hususna manusa Sunda ngamangpaatkeun alam pikeun mertahankeun hirupna. Budaya Sunda béda jeung budaya Éropa nu miboga cara mikir sacara nomaden, nya éta pundah-pindah tempat. Ku kituna budaya Éropa leuwih kana tiori dominasi, yén saupama hayang hirup, kudu ngéléhkeun batur. Pikeun budaya Éropa, ngan ukur aya hiji, meunang atawa éléh, hirup atawa paéh, teu bisa hirup babarengan. Teu jiga budaya Indonesia, ku sabab manusa Indonesia rata-rata hirup sacara tani, ku kituna hirup lain kudu éléh jeung meunang tapi leuwih kana kahirupan. Hirup téh ngahirupkeun, saperti dina tatanén, ti mimiti melak, miara, jeung ngala hasilna. Hirup kudu produktip, ngahasilkeun kahirupan tina alam lingkungan Sumardjo, 2009: 13. Masih nurutkeun Sumardjo ibid, dina falsafah Sunda aya konsép trias politika Sunda atawa sok disebut tri tangtu bumi. Dina eta konsép loba ajén inajén anu nyampak ngaliwatan simbol-simbol saperti kaén tinun jeung pakakas perang. Kitu ogé iket Sunda nu mangrupa salasahiji hasil kabudayaan urang Sunda miboga simbol-simbol sarta ajén inajén nu nyangkaruk dina éta iket. Sabenerna iket geus rada leungit saprak datang jaman modérn. Ieu mangrupa pangaruh Barat saperti tiori dominasi téa. Iket dianggap kampungan, sarta kuno. Masarakat Sunda teu loba nu maké iket, ngan ukur tukang nabeuh gamelan, aki-aki, jeung nu masih reueus kana budaya iket. Bah Ilin salaku pupuhu di Kampung Adat Cikondang méré sawangan yén iket di jaman modern éléh ku topi, pét, atawa kopéah. Hususna urang Sunda sorangan leuwih milih maké topi ti batan maké iket. Padahal mah topi téh budaya bangsa deungeun, geus tangtu iket mah budaya Sunda sorangan. Di saluareun éta, iket Sunda mimiti dipikareueus deui ku masarakatna. Buktina dina tiap aya acara kasundaan, boh pikeun para inohong boh pikeun para nonoman, ayeuna mah tara poho maraké iket. Di sapanjang jalan ogé geus loba nu jualan iket, éta mangrupa tanda yén iket ayeuna geus sumebar deui di masarakat. Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Masarakat Sunda ngarasa reueus deui kana kabudayaanana sorangan. Hususna dina iket . Masarakat Sunda geus reueus sarta bisa ngaronjatkeun budayana. Loba kénéh masarakat Sunda nu hayang nanjeurkeun budaya Sunda. Komo deui nu ngaronjatkeunana téh para nonoman Sunda. Ku kituna Ki Sunda téh moal keueung teuing, sabab miboga generasi nu bisa ngajaga kana budayana. Saupama para nonoman Sunda geus ngarasa reueus nalika maké iket. Tapi di saluareun éta loba kénéh masarakat Sunda nu teu apal naon ajén inajén nu nyampak dina éta iket. Sabenerna loba simbol-simbol nu nyangkaruk dina iket pikeun kahirupan urang Sunda. Saperti simbol dina warna, motif, jeung wanda iket nu nyilokakeun sangkan manusa handap asor, hadé tata hadé basa, hadé gogog hadé tagog ka papada manusa. Saupama ieu téh jadi generasi pikeun nanjeurkeun Ki Sunda, atuh para nonoman nu mimiti geus reueus nanjeurkeun deui budayana ngaliwatan iket téh lain reueus ku reueusna wungkul. Sajaba ti éta masarakat téh kudu miboga pangaweruh nu luhung ngeunaan ajén inajén nu nyampak dina éta iket. Aya ungkara jauh ka bedug nu hartina bodo lamun hiji jalma teu miboga pangaweruh kana hiji hal. Saupamana aya kareueus kana kabudayaan tapi teu apal kana ajénna. Balukarna nalika maké iket téh ku sabab teu apal ajén falsafahna, nepi ka aya nu salah maké. Masarakat saperti para inohong loba nu maké iket barangbang semplak, atawa para nonoman maké iket paros nangka. Nurutkeun sababaraha tokoh adat, saperti bah Ilin salaku pupuhu Kampung Adat Cikondang, barangbang semplak téh biasa dipaké ku nonoman atawa jawara. Ari para para inohong atanapi sepuh mah leuwih hadé maké iket parékos jéngkol atawa paros nangka. Panalungtikan ngeunaan pakéan, boh pakéan adat Sunda boh iket Sunda geus aya nu nalungtik, di antarana ngeunaan: 1 Thesis anu judulna “Desain Iket Sunda di Bandung dan Sumedang Periode Tahun 1968- 2006” ku Suciati mahasiswa ITB dina taun 2007. 2 Skripsi anu judulna “Ajén Simbolis Dina Pakéan Pangantén Sunda “Kebesaran” Has Sumedang Pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca Di Kelas XI SMA Ulikan Semiotika- Struktural” ku N. Yeffa Afnita Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Apriliyani dina taun 2012. 3 komunitas-komunitas Sunda saperti Pulasara Iket, Komunitas Iket Sunda KIS, jeung Komunitas Tumaritis, dina taun 2012. Komunitas nu aya kungsi ngayakeun panalungtikan ka sababaraha kampung adat ngeunaan iket Sunda. Tapi, panalungtikan ngeunaan Ajén Falsafah Iket Sunda Di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung can aya nu nalungtik. Sok sanajan komunitas-komunitas Sunda kungsi ngayakeun panalungtikan di Kampung Adat Cikondang ogé henteu nepi ka dijieun karya ilmiah. Ku kituna dina ieu panalungtikan bakal dibahas leuwih jero deui ngeunaan ajén falsafah iket Sunda nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung. Nu dipiharep masarakat nyaho kana ajén inajén nu nyampak dina iket. Teu sagawayah deui dina makéna, sabab generasi Ki Sunda nu hadé téh lain ukur ku reueus kana budaya Sundana wungkul, tapi kudu miboga pangaweruh kana budayana. Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan baris dijudulan “Ajén Falsafah Iket Sunda Tilikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi Di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1