Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
Abah Kulisi. Tungtungna walungan Cisangkuy bisa asup ka désa Lamajang, nyaian sérang 225 ha. Pungsi éta walungang téh pikeun sumber cai keur urusan tatanén.
Kampung Cikondang kabagi dua wilayah, nya éta Cikondang jero jeung Cikondang luar. Ieu dibédakeun dina pola arsitéktur imahna. Cikondang jero miboga
ciri has dina imah tradisional. Dina taun 1942, kurang leuwih aya genep puluh imah adat. Ku lantaran kahuruan, kiwari ngan ukur aya hiji imah adat. Cikondang luar nya
éta taun 1955 dina mangsa arsitéktur imah ngalaman parobahan. Parobahanana nya éta teu tradisional deui, lantaran aya kawatesanan dina néang bahan-bahan nu aya di
leuweung. Ku kituna masarakat nyieun imah sacara modern atawa nu basajan. Ieu parobahan disaluyuan ku kuncén, tapi kudu tetep miara imah adat nu ngan ukur hiji
deui.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain nya éta rarancang, sajaba ti éta desain ogé miboga harti pola, bentuk, modél, tujuan jeung maksud Echols dan Shadily, 1976: 177. Nurutkeun Guba
1984 dina Suharsaputra 2012: 194 desain panalungtikan nya éta rarancang, susunan, jeung strategi investigasi salaku tuntunan atawa arahan pikeun
meunangkeun jawaban, atawa nyieun kacindekan. Dina ieu panalungtikan dimimitian ku ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun
tur ngawatesanan masalah, obsérvasi ka lapangan, nyieun instrumén panalungtikan, ngumpulkeun data, ngolah data, nepi ka ngadéskripsikeun data hasil panalungtikan.
3.3 Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif. Métode deskriptif nya éta métode anu biasa dipaké pikeun nalungtik jalma atawa hiji
objék nu tujuanna ngagambarkeun sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta sipat sarta hubungan antar fenoména nu ditalungtik Moh. Nazir, 1985:
63.
Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
Métode deskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah nu nyampak dina iket Sunda nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan panalungtikan leuwih jéntré, sacara operasional istilah-istilah anu patali jeung panalungtikan nya éta:
1 Ajén Falsafah Ajén nurutkeun KUBS hartina nya éta pangaji atawa harga. Falsafah nurutkeun
KBBI idem mibanda harti 1 gagasan; 2 sikap batin yang paling dasar yang dimiliki oleh orang atau masyarakat; 3 pandangan hidup.
2 Iket Sunda Iket Sunda mangrupa panutup sirah lalaki urang Sunda. Bahanna tina kaén batik
atawa polos, bentukna pasagi. 3 Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung
Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung nya éta ngaran tempat anu dijadikeun objék panalungtikan.
3.5 Instrumen Panalungtikan