Kasang Tukang Tujuan Peta Kompeténsi Ambahan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Salah sahiji Kompeténsi anu kudu kacangking ku guru dumasar Peraturan Menteri Pendidikan Nasional Nomer 16 Taun 2007 nyaéta ngawasa karakteristik murid peserta didik nu patalina jeung aspék fisik, moral, sosial, kultural, émosional, jeung inteléktual. Sajaba ti éta, guru ogé diperedih pikeun ngaderes, neuleuman, maham, jeung mampuh matéahkeun dasar- dasar atikan. Kitu ogé dina Peraturan Menteri Negara Pendayagunaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi Nomor 16 Tahun 2009 ngeunaan Jabatan Fungsional Guru dan Angka Kreditnaditétélakeun yén tugas guru teu saukur ngajar, ngabingbing jeung meunteun, tapi ogé kudu mekarkeun kamampuh profesionalismena . Dilaksanakeunana diklat Guru Pembelajar Basa Sunda ku PPPPTK TK PLB Bandung minangka salah sahiji tarékah pikeun nyumponan katangtuan katut program anu kaunggel di luhur. Ieu diklat minangka sarana pikeun ngaronjatkeun kamampuh Guru Basa Sunda boh widang pedagogik boh widang profesional.

B. Tujuan

Tujuan anu dipiharep saréngséna maca tur neuleuman ieu modul, Sadérék mibanda pangaweruh jeung kamampuh ngeunaan dua hal, nyaéta 1 bisa ngalaksanakeun tindakan réfléktif pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran kalawan sinambung tur mayeng jeung 2 ngawasa matéri, struktur, konsép, jeung pola pikir dina widang élmu nu ngarojong mata pelajaran nu keur diampu, hususna bidang studi basa Sunda.

C. Peta Kompeténsi

Peta Kompeténsi Diklat Guru Pembelajar Basa Sunda pikeun Guru basa Sunda Sekolah DasarMadrasah Ibtidaiyah SDMI, Sekolah Menengah PertamaMadrasah Tsanawiyah SMPMTs, Sekolah Menengah AtasSekolah Menengah KejuruanMadrasah Aliyah SMASMKMA kayaning ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 2

D. Ambahan

Matéri anu dipidangkeun dina ieu modul ngawengku dua hal, nyaéta matéri nu patalina jeung kamampuh ngalaksanakeun tindakan réfléksi pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran sarta matéri anu patalina jeung pangawasaaan struktur, konsép, jeung pola pikir dina widang élmu nu keur diampuna hususna bidang studi basa Sunda. Péréléan éta matéri ngawengku: 1 réfléksi pangajaran basa Sunda; 2 lajuning laku tina hasil réfléksi; 3 PTK pengajaran basa Sunda, 4 PTK pikeun ngaronjatkeun PKB guru, 5 genre téks wacana paguneman basa Sunda; 6 genre téks 1. Ngaronjatkeun Kualitas Pangajaran jeung Ngaronjatkeun Kaprofesionalan 2. Maham Tiori jeung Wanda Sastra Sundakatut mampuh Ngaprésiasi sacara Reséptif jeung Produktif 3.PTK pangajaran Basa Sunda 1.Réfléksi dina Pangajaran Basa Sunda 2.Lajuning Laku Hasil Réfléksi 4.PTK pikeun Ngaronjatkeun Profési Guru 5.Wanda téks Wacana Paguneman Basa Sunda 6.Wanda téks Otobiografi jeung Biografi 7.Struktur jeung Kaidah Téks Berita 8.Struktur jeung Kaidah Téks Iklan 9. Struktur Intrinsik Drama PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 3 otobiografi dan biografi basa Sunda, 7 struktur jeung kaidah téks berita basa Sunda; 8 struktur kaidah téks iklan, jeung 9 wangun jeung unsur intrinsik drama,

E. Cara Ngagunakeun Modul