PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
3
otobiografi dan biografi basa Sunda, 7 struktur jeung kaidah téks berita basa Sunda;  8  struktur  kaidah  téks  iklan,  jeung  9  wangun  jeung  unsur  intrinsik
drama,
E.  Cara Ngagunakeun Modul
Sangkan eusi ieu modul bisa kacangking kalawan gembleng, ieu di handap sawatara hal anu perlu ditalingakeun ku Sadérék.
1.  Merhatikeun sakur rambu-rambu nu aya dina ieu modul: bagian bubuka,
kayaning kasang tukang, tujuan, peta kompeténsi, ambahan matéri, 2.  Maca  kalawan  imeut  unggal  bagian  nu  aya  dina  unggal  kagiatan
pangajaran, kayaning tujuan, indikator kahontalna Kompeténsi, pedaran matéri,  Kagiatan  Diajar,  latihan-pancén  boh  individual  boh  kelompok,
tingkesan, uji Balik jeung lajuning lakuna.
3.  Unggal  Kagiatan  pangajaran  eusina  mangrupa  pedaran  matéri ngeunaan:
a.  kagiatan  réfléksi  pikeun  ngaronjatkeun  kualitas  pangajaran  basa Sunda,    anu  pedaranana  diwangun  ku  maluruh  komponén
pangajaran anu rék diréfléksi, réfléksi pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran,  lajuning  laku  hasil  réfléksi,  Panalungtikan  Tindakan
Kelas PTK dina widang pengajaran basa Sunda, jeung PTK pikeun ngaronjatkeun PKB guru; jeung
b. struktur, konsép,  jeung pola  pikir  dina  widang  élmu  ngaunaan  basa
jeung  sastra  Sunda  katut  kaparigelan  basana,  anu  pedaranana diwangun ku  struktur, konsép, jeung pola pikir dina widang élmu nu
ngarojong  mata  pelajaran  nu  keur  diampu    ngawengku  genre  téks wacana paguneman basa Sunda, genre téks otobiografi dan biografi
basa Sunda, struktur jeung kaidah téks basa Sunda, struktur kaidah téks  iklan,  wangun  jeung  unsur  intrinsik  drama,  kaparigelan
ngagunakeun basa.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
5
KOMPETENSI
PEDAGOGIK:
PTK DINA PANGAJARAN BASA SUNDA
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
6
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
7
KAGIATAN DIAJAR 1
RÉFLÉKSI PANGAJARAN BASA SUNDA
A.  Tujuan
Saréngséna  neuleuman  ieu  matéri,  Sadérék  dipiharep  nyangking pangaweruh jeung kamampuh ngeunaan:
1.  hakékat réfléksi pangajaran; 2.  réfléksi pikeun maluruh deui tujuan pangajaran basa Sunda; jeung
3.  réfléksi pikeun maluruh materi nu geus diajarkeun
. 4.  réfléksi pikeun maluruh rancangan jeung prosés pangajaran
B.  Indikator Kahontalna Kompeténsi