2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
23
5.  Jelaskeun  naon  maksudna  yén  saméméh  ngalaksanakeun  PTK  kudu didadasaran ku hasil diagnostik?
F.  Tingkesan
Lajuning  laku  hasil  réfléksi  mangrupa  kagiatan  nu  dilaksanakeun  sanggeus réfléksi.  Dina  ieu  kagiatan  guru  perlu  maluruh  aspék-aspék  nu  dianggap
héngkér  kénéh  tur  perlu  dioméan.  Éta  aspék  anu  nyababkeunana  téh  jadi titik pamiangan pikeun ngalaksanakeun kagiatan saterusna.
Léngkah-léngkah anu kudu diperhatikeun ku calon panalungtik wangun PTK téh  kayaning  1  ngabogaan  ide  Awal,  2  ngayakeun  prasurvei,  3
ngalakukeun  diagnosis,  4  nyusun  rencana,  5  ngalaksanakeun  atawa Impleméntasi  tina  rencana,  6  ngimeutan  deui,  7  réfléksi,  nyusun  laporan
PTK.
Ari léngkah-léngkah nu perlu diperhatikeun pikeun lajuning lakuna sanggeus réfléksi, upamana waé 1 ngimeutan deui tujuan PTK sangkan luyu jeung nu
dipiharep, 2 maluruh deui nu nyababkeun gagalna atawa kahontalna tujuan tina  analisis  jeung  interprétasi,  3  milih  atawa  nangtukeun  topik  pangajaran
satuluyna,  4  nangtukeun  strategi  pangajaran  nu  luyu,  5  nyusun  skénario pangajaran  dina  wangun  RPP,  6  nyusun  perangkat  pangajaran  nu
diperlukeun,  7  nyusun  atawa  menerkeun  instrumén  pikeun  ngumpulkeun data,  8  nyieun  jadwal  kagiatan  tindakan,  9  saupama  diperlukeun  bisa
ngayakeun simulasi atawa uji coba skénario jeung perangkat.
Prosedur anu kudu dilakonan dina ngarencanakeun tindakan ngawengku: 1 milih  wangun  tindakan,  2  nangtukeun  hipotésis  tindakan  saupama
diperlukeun,    3  nataharkeun  tindakan,  jeung  4  netepkeun  indikator  anu nangtukeun kritéria hasilna tindakan luyu jeung nu dipiharep.
G. Uji balik jeung Lajuning Laku
Pék  akurkeun  hasil  pagawéan  Sadérék  kana  jawaban  latihan  anu  geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna,
tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasa Sadérék kana bahan ajar.
2 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
24 Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100
=   alus pisan 80 - 89
=   alus 70 - 79
=   cukup - 69       =   kurang
Upama  Sadérék  ngahontal  tahap  pangabisan  80  ka  luhur,  Sadérék  bisa nuluykeun ngaderes matéri Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap pangabisa
Sadérék  kurang  ti  80,  pék  balikan  deui  ngaderes  matéri  dina  Kagiatan Diajar 2, pangpangna bahan nu can kacangkem.
3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
25
KAGIATAN DIAJAR 3:
HAKÉKAT PENELITIAN TINDAKAN KELAS PTK
A.  Tujuan