7 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
92
heula  ditanyakeun  téh  berita,  Kumaha  wartosna  kabarnya damang?”   Masih  dina  KBBI,  Kabar  hartina  berita.  Kabar  nu  dimaksud
nyaéta, berita nu kudu ditepikeun ka jalma séjén dina wangun lisan.
2.  Wanda Berita
Nilik  kana  wandana,  berita  téh  aya  dua  rupa,  nyaéta  berita  langsung jeung  teu  langsung.    Berita  langsung  nyaéta  informasi  ngeunanan  hiji
fakta nu
ditarima langsung
ti narasumbersumber
berita kejadianperistiwajalma. Nu dipidangkeunana perkara nu aktual, anyar
– keur lumangsung, kalawan basa anu basajan, lugassaayana, singget, padet,  lancar,  jelas,  teu  ngayayay,  narik  ati,  jeung  euyeub  ku  data.  Ieu
berita  dina  surat  kabar  sok  aya  di  bagian  awal  hareup,  jadi  berita utama. Contona: “Pangandaran Katarajang Tsunami” Galura, 1 Januari
2005;    “Undang-undang  Pérs,  keur  Kapentingan  Masarakat  Galura, 1Perbuari 2005
Berita  teu  langsung  mangrupa  informasi  hiji  fakta  nu  geus  ngalaman prosés  atawa  diprosés  heula  saméméh  ditepikeun  ka  masarakat  nu
maca.  Anu kaasup kana berita teu langsung, di antarana,
Investigative News
,
Explanatory News
,
Interpretative News,Depth News
. a.
Investigative  news
nyaéta  berita  anu  bahan-bahan  berita  kurang lengkep,  sarta  dilengkepan  heula  ku  cara  nalungtik  data,  fakta,
atawa  informasi  ti  sumber  séjén  anu  ngarojong  kana  bahan  berita awal,  upamana  tina
press  release
,  liputan  acara,  jeung panalungtikan investigasi.
b.
Explanatory  News  ,  nyaétab
erita  nu  dipedar  kalawan  rinci, madukeun  antara  pakta  nu  aya  jeung  opini  nu  nulis.  Fakta  anu
kapanggih dijelaskeun kalawan gemet tur panjang lébar dibarengan ku argumentasina.  Bisa dipidangkeun langsung saharita atawa jadi
berita  nyambung.  Pikeun  éta  hal  diperukeun  data  anu  loba  tur lengkep boh ti narasumber boh tina hiji peristiwa.
7
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
93
c.
Interpretative  News,  nyaéta  b
erita  nu  dimekarkeun  ku  cara napsirkeun,  ngajén,  ngoméntaran  kana  hiji  data,  pakta  tina  hiji
peristiwa  atawa  informasi  ti  narasumber.  Cindekna  data  nu  aya diadumaniskeun jeung hasil interprétasi nu nulis.
d.
Depth  News,  midangkeun  data    nu  méh  sarua  jeung
investigative  news,  nyaéta  mekarkeun  berita  nu  dianggap  perlu dilengkepan  ku  data-data  séjén  atawa  koméntar  nu  nulis.  Éta  hal
bisa  waé  balukar  tina  data  anu  loba  teuing  tapi  rada  jauh  patula- patalina.  Nya  éta  berita  dimekarkeun  deui  diluyukeun  dumasar
kapentingan jeung klasifikasina.
3.  Prinsip-prinsip Berita