Mintonkeun Drama Pedaran Matéri 1. Hakékat Drama

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 121 9 Unsur dialog dina naskah drama kaitung babari pisan disungsina. Anu paling babari mah urang bisa niténan unsur dialog téh tina cara nulisna dina naskah. Sakumaha katangtuan umum, cara nuliskeun kalimah langsung atawa ungkara langsung dina wangun tinulis dicirian ku ngaran palaku, titik dua, jeung ungkarana dikekentengan. Geura titénan ieu conto di handap Linggabuana: “Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan” Tina conto di luhur, katitén aya ngaran palaku Linggabuana. Hartina, nu nyarita téh Linggabuana. Omongan atawa cacaritaanna Linggabuana ditandaan ku tanda baca kekenteng “.

5. Mintonkeun Drama

Drama salian ti bisa dibaca naskahna, bisa ogé dipintonkeun. Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun lamun seug urang mintonkeun drama, di antarana ditétélakeun ieu di handap. a. Vokal atawa sora kudu bédas sangkan dialog atawa monolog urang téh bisa kadéngé ku nu lalajo. b. Artikulasi atawa lapal kudu jéntré sangkan nu lalajo henteu salah harti kana dialog atawa monolog anu ku urang diucapkeun. c. Intonasi atawa lentong nyarita kudu luyu jeung karakter tokoh anu dimaénkeun. d. Éksprési atawa kedaling rasa, palebah dieu héséna drama téh. Urang kudu bener-bener bisa ngaéksprésikeun eusi naskah nepi ka nu lalajo bisa napsirkeun hiji carita lain wungkul tina paguneman para palakuna, tapi ogé ngaliwatan paroman sarta paripolah anu maénna. e. Karakter atawa pasipatan tokoh. Unggal palaku dina drama wajib neuleuman karakter tokoh anu diperankeunana kalawan daria. Léngkah-léngkah neuleuman karakter nya éta; mikawanoh karakter tokoh ngaliwatan bacaan atawa ngabandungan katerangan sutradara dina waktu ngabédah naskah, obserpasi karakter ngaliwatan panitén langsung ka tokoh anu rék diperankeun atawa ngaliwatan prosés wawancara, saterusna ngalatih konséntrasi jeung “penghayatan” sangkan bisa merankeun éta karakter kalawan sampurna. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 122 f. Nyiptakeun pintonan anu ngirut panitén sarta pikaresepeun nu lalajo, di antarana baé bisa ku jalan milih naskah anu pikaresepeun, luyu jeung situasi katut kondisi anu lalajo. Lamun anu lalajona hétérogén ti rupa-rupa kalangan jeung tanpa watesan umur, urang kudu milih naskah anu umum bisa ditarima ku sakabéh lapisan. Sedengkeun lamun anu lalajona homogén, di sakola upamana, urang bakal leuwih gampang milih naskah sabab sipatna leuwih husus tinggal nyaluyukeun baé jeung tingkatan sakolana. Salian ti éta, aya sababaraha komponén anu ngarojong kana hiji pintonan drama, di antarana ditétélakeun ieu di handap. a. Sutradara nya éta jalma anu ngatur sarta tanggung jawab kana widang artistik jeung teknis dina hiji pintonan drama. b. Skenario atawa naskah drama. c. Palaku nya éta anu merankeun rupa-rupa karakter tokoh dina pintonan drama. d. Panata gending, jalma anu nyitakeun gending pirigan dina hiji pintonan. e. Panata artistik, jalma anu nyiptakeun sarta ngatur sétting dina hiji pintonan, kaasup di jerona aya panata sora jeung panata cahaya. Kostum nya éta papakéan katut tatarias anu luyu jeung karakter tokoh nu diperankeun, sarta komponén-komponén séjénna anu kalibet dina hiji pintonan.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator hontalan diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan Pancén

1. Tétélakeun naon anu dimaksud drama 2. Tétélakeun unsur-unsur intrinsik naon waé anu aya dina drama 3. Tataan rupa-rupa wangun drama Sunda