3 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
28 e.  Hasil  pangajaran  bisa  ditilik  tina  tilu  ranah  kognitif,  aféktif,
psikomotorik, mangrupa produk nu kudu ditingkatkeun ku cara PTK. Hasil  pangajaran  bakal  aya  patalina  jeung  tindakan  anu
dilaksanakeun  sarta  unsur  séjén  dina  prosés  pangajaran,  kayaning métodeu, média, guru, atawa perilaku diajar murid éta sorangan.
f.  Lingkungan,  boh  lingkungan  murid  di  kelas,  sakola,  atawa  imah.
Dalam  PTK,  wangun  perlakuan  atawa  tindakan  anu  dilaksanakeun nyaéta  ngarobah  kondisi  lingkungan  jadi  leuwih  kondusif,  upamana
ku cara nata rohangan kelas, nata lingkungan sakola, jeung tindakan séjénna.
g.  Pengelolaan,  mangrupa  kagiatan  anu  bisa  diaturdirekayasa  ku
wangun  tindakan.  Conto  masalah  anu  patalina  jeung  pengelolaan dina  PTK  di  antarana  ngatur  kelompok  murid,  merenahkeun  jadwal
pangajaran,  menerahkeun  tempat  diuk  murid,  ngatur  rohangan kelas, jeung sajabana.
3.  Nangtukeun Masalah dina PTK
Dina ieu  panalungtikan  aya  kecap  “kelas”.  Dina  PTK  kecap  kelas
ngandung harti sakelompok murid nu diajar jeung guru keur ngokolakeun lumangsungna  kagiatan  pangajaran.  Lantaran  kitu,  masalah  anu  aya
dina PTK kacida jembarna. Upama diwincik masalah anu bisa dikaji dina PTK kayaning ieu di handap.
a.  Masalah  diajar  murid  di  sekolah,  kayaning  prosés  pangajaran  di
kelas,  kasalahan-kasalahan  dina  pangajaran,  miskonsépsi, misstrategi, jeung sajabana.
b.  Tarékah  ngaronjatkeun  profésionalisme  guru  dina  raraga ningkatkeun  mutu  rancangan,  palaksanaan  sarta  évaluasi  program
jeung hasil pangajaran.
c.  Ngokolakeun jeung
matéahkeun pangajaran,
upamana ngawanohkeun téhnik modifikasi perilaku, tehnik ngamotivasi, jeung
mekarkeun poténsi diri. d.  Netepkeun  Desain  jeung  strategi  pangajaran  di  kelas,  upamana
masalah  ngokolakeun  jeung  prosedur  pangajaran,  impleméntasi
3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
29
jeung  inovasi  métodeu  nu  digunakeun  dina  pangajaran  upamana ngaganti  métodeu  pangajaran  tradisional  ku  métodeu  pangajaran
anyar,  interaksi  di  jero  kelas  upamana  ngagunakeun  strategi pengajaran nu didasaran ku pamarekan nu tangtu.
e.  Mekelan  jeung  mekarkeun  sikep  katut  ajén-inajén,  upamana mekarkeun pola mikir ilmiah murid.
f.  Maluruh  alat  bantu,  média    jeung  sumber  diajar  anu  merenah, upamana ngagunakeun média  perpustakaan, jeung sumber diajar di
jero luar kelas.
g.  Nangtukeun  sistem  assesment  atawa  évaluasi  prosés  jeung  hasil pangajaran, kayaning masalah évaluasi awal jeung hasil pangajaran,
mekarkeun  instrumen  penilaian  berbasis  kompeténsi,  atawa ngagunakeun alat, métodeu évaluasi nu tangtu.
h.  Maluruh masalah kurikulum, upamana implementasi KI-KD, runtuyan midangkeun materi poko, interaksi antara guru jeung murid, interaksi
antara murid jeung materi pangajaran, atawa interaksi antara murid jeung lingkungan diajar.
4.  Tujuan Ngalaksanakeun PTK
Tujuan  utama  PTK  nyaéta  ngarénsékeun  masalah  nu kajadian  di kelas sarta maluruh jawaban ilmiah naon sababna éta hal kajadian. Sajaba ti
éta,  tujuan  PTK  nyaéta  pikeun  ngaronjatkeun    kagiatan  guru  dina mekarkeun profésina. Tujuan husus PTK.
nyaéta  pikeun  ngungkulan  rupaning  pasualan  sarta  ngaronjatkeun kualitas prosés pangajaran di kelas. Aya sawatara tujuan PTK kayaning:
1 ngaronjatkeun mutu eusi, input, prosés, jeung hasil pendidikan jeung pangajarab  di  sakola;  2  mantuan  guru  jeung  tanaga  kependidikan
séjénna  dina  ngungkulan  masalah  pangajaran  jeung  pendidikan  di  jero jeung  luar  kelas;  3  ngaronjatkeun  sikep  profésional  pendidik  jeung
tanaga kependidikan; 4 numuwuhkeun budaya akademik di lingkungan sakola  sangkan  kawangun  sikep  proaktif  pikeun  ngoméan  jeung
ngaronjatkeun kualitas pendidikanpangajaran kalawan sinambung.
3 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
30
5.  Hasil Ngalaksanakeun PTK