Hasil Ngalaksanakeun PTK Mangpaat tina PTK

3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 30

5. Hasil Ngalaksanakeun PTK

Output atawa hasil nu dipiharep sanggeus ngalaksanakeun PTK nyaéta ngaronjatna atawa robahna kualitas prosés jeung hasil diajar tina asalna goréng jadi alus. Sawatara hal anu dipiharep ngaronjat téh di antarana 1 ngaronjat cara diajar murid tina kurang jadi alus; 2 ngaronjat kualitas prosés pangajaran di kelas; 3 ngaronjat kualitas ngagunakeun média , alat bantu diajar, jeung sumber diajar nu séjénna; 3 ngaronjat kualitas prosedur jeung alat évaluasi nu digunakeun pikeun ngukur prosés jeung hasil diajar murid; 4 ngaronjat cara ngungkulan masalah nu dirandapan ku murid di sakola; 5 ngaronjat kualitas dina nerapkeun kurikulum jeung mekarkeun kompeténsi siswa.

6. Mangpaat tina PTK

Nilik kana tujuan jeung hasil nu kahontal ku cara PTK, katangén yén PTK geuning gedé mangpaatna, di antarana waé pikeun: a. Ngahasilkeun dokumén laporan PTK nu bisa dimangpaatkeun ku guru dina kagiatan pangajaran. Sajaba ti éta hasil PTK nu dilaporkeun téh jadi bahan artikel ilmiah atawa makalah pikeun rupa- rupa kapentingan, kayaning dipidangkeun dina forum ilmiah jeung dimuat dina jurnal ilmiah. b. Numuwuhkeun kabiasaan, budaya, atawa tradisi ngalaksanakeun panalungtikan jeung menulis artikel ilmiah di kalangan pendidik. Éta hal téh baris ngarojong kana profésionalisme jeung karir pendidik. c. Ngawujudkeun gawé bareng, kaloborasi, jeung ngawangun sinergi antarpendidik di hiji sakola atawa sababaraha sakola pikeun ngungkulan masalah masalah pangajaran jeung ngaronjatkeun kualitas pangajaran. d. Ngaronjatkeun kamampuh guru dina ngajabarkeun kurikulum atawa program pangajaran luyu jeung pameredih un luyu jeung kontéks lokal, sakola, jeung kelas. Éta hal ngarojong kana tingkat relevansi pangajaran jeung pangabutuh murid. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 31 e. Ngabina jeung ngaronjatkeun karep ilubiung, sumanget, minat, kanyamanan, karesep, katut kasugemaan diajar murid di kelas. Di sagigireun hasil hasil diajar siswa ogé ngaronjat. f. Ngarojong ngawujudna prosés pangajaran nu ngirut karep, nyaman, pikaresepeun lantaran strategi, métodeu, téhnik, jeung média un digunakeunana variatif jeung dipilih kalawan enya-enya.

7. Karakteristik PTK