4 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
56
3.  Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4.  Baca  deui  saliwat  pedaran  bahan  ajar,  tuluy  titénan  tur  bandingkeun
jeung tingkesan bahan ajar. 5.  Lamun  manggih  bangbaluh,  Sadérék  bisa  sawala  diskusi  jeung
kancamitra séjénna.
E.  LatihanPancén
1.  Tataan ku Sadérék prosédur naon waé nu kudu dilakonan dina kagiatan
PTK
2.  Tuliskeun  conto  ngarumuskeun  masalah  saméméh  ngalaksanakeun
kagiatan PTK
3.  Aspék substansi,  orisinal, formulasi, jeung téknis  minangka katangtuan nu  kudu  diperhatikeun  ku  calon  panalungtik.  Cing  jelaskeun  naon
maksudna 4.  Hipotésis  dipaké  pikeun  nangtukeun  dugaan  parobahan  anu  bakal
kajadian  saupama  tindakan  dina  PTK  dilaksanakeun.  Cing  tulis  conto rédaksi kalimat hipotésis dina hiji panalungtikan
5.  Kagiatan  ngimeutanpangamatan  Observing  dilaksanakeun  pikeun ngumpulkeun  data  ngeunanan  prosés  pangajaran  nu  keur  ditalungtik.
Tataan aspék naon waé anu kudu ditalungtik
F.  Tingkesan
Prosédur  atawa  léngkah-léngkah  pokok  nu  kudu  dilakonan  dina  PTK  dina siklus  mimiti  nepi  ka  siklus-siklus  saterusna  nyaéta  1  nangtukeun  fokus
masalah,  2  ngarencanakeun  tindakan  atawa  planning,  3  Pelaksanaan tindakan  atawa  action,  4  ngumpulkeun  data  nengetanobsérvasi,  5
Réfléksi  ngaanalisis  jeung  ngainterpretasi,  6  ngarencanakeun  lajuning laku saterusna.
Katangtuan  nu  kudu  diperhatikeun  ku  calon  panalungtik  saméméh ngalaksanakeun kagiatan panalungtikan téh ngawengku a aspek substansi
b  Aspek  orisinalitas  tindakan,  c  Aspek  formulasi,  d  Aspek  téhnis.  Ku lantaran  kitu  disarankeun  ka  panalungtik  pikeun  maluruh  masalah  anu
basajan tapi ngabogaan harti jeung gedé paédahna.
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
57
Hipotésis dipaké pikeun nangtukeun dugaan parobahan anu bakal kajadian saupama tindakan dina PTK dilaksanakeun.
G.  Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék  akurkeun  hasil  pagawéan  Sadérék  kana  jawaban  latihan  anu  geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna,
tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasa Sadérék kana bahan ajar.
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100
=   alus pisan 80 - 89
=   alus 70 - 79
=   cukup - 69       =   kurang
Upama  Sadérék  ngahontal  tahap  pangabisa  80  ka  luhur,  Sadérék  bisa nuluykeun ngaderes matéri Kagiatan Diajar 5. Tapi, lamun tahap pangabisa
Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres matéri dina Kagiatan Diajar 4, pangpangna bahan nu can dikawasa.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
58
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
59
KOMPETENSI
PROFESIONAL:
WANDA TEKS JEUNG DRAMA
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
60
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
61
5
KAGIATAN DIAJAR 5:
PAGUNEMAN
A. Tujuan