6
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
86 Pancén 1
Maham Eusi Biografi Guru maréntah murid pikeun maluruh eusi biografi
1 Asal-usul tokoh
……………………………………… 2.
Riwayat pendidikan Tokoh
……………………………………… 3.
Riwayat karya tokoh ………………………………………
4. Kaunggulan tokoh
………………………………………
Pancén 2 Maluruh Kecap dina Kamus
Guru maréntahkeun murid nyatet kecap-kecap anu dianggap hésé jeung maluruh hartina dina kamus
………………………………………
2.  Otobiografi
Otobiografi  mangrupa  hiji  karya  tulis  anu  eusina  medar  ngeunaan catetan  riwayat  hirup  ngeunaan  dirina  sorangan.  Nilik  kana  hartina
dumasar  KBBI  1996,  autobiografi  otobiografi  téh  catetan  diri  pribadi atawa  pedaran  riwayat    hirup  pribadi  nu  ditulis  ku  dirina  sorangan.
Hartina eusi éta karya téh nyaritakeun pangalaman lalampahan dirina ti awal keur leutik kénéh nepi ka ayeuna samangsa dirina nulis éta karya.
Jadi  anu  ngabédakeun antara  biografi jeung  otobiografi téh  di  antarana mangsa  nulisna.  Eusi  biografi  ngariwayatkeun  saurang  tokoh  boh  nu
masih aya dikieuna hirup boh geus taya dikieuna maot sarta ditulisna ku jalma séjén, ari otobiografi mah ngariwayatkeun dirina sorangan salila
6
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
87
masih  kénéh  aya  dikieuna  hirup.  Anu  jadi  subjék,  kecap  sulurna, sebutan  tokoh  dina  biografi  bisa  ku  nyebutkeun  ngaran  langsung,
upamana  Soekarno,  Soeharto,  Oto  Iskandar  di  Nata,  Déwi  Sartika –
atawa  gaganti  ngaran  jalma  katilu  dirina,  manéhna,  anjeunna, mantenna. Otobiografi mah lantaran ditulis langsung ku dirina, subjékna
téh  sok  ku  kecap  gaganti  ngaran  jalma  kahiji,  upamana  kecap  kuring, simkuring, abdi,simabdi,  urang, kula.
Ari  eusi  nu  dipedar  otobiografi  ogé  sarua  waé  jeung  biografi,  kayaning nataan 1 ngaran, lalandian, atawa jujulukna, 2 riwayat kalahiran jeung
asal-usul  kulawargana,  3  wangun  fisik  tokoh  jeung  pasipatanana,  4 riwayat  pendidikan  jeung  pagawéanana,  5  pikiran  atawa  gagasanana,
6 karya  atawa  hasil gawé,  7  préstasi jeung  pangajén penghargaan nu  kungsi  katarimana.  Ngan  karya  otobiografi  mah  teu  kacampuran  ku
ide  jalma  séjén,  asli  némbongkeun  pipikiran  jeung  lalampahan pangalaman  hirupna.  Ku  lantaran  kitu,  bakal  béda  dina  gaya
nuliskeunana ogé.
Sangkan leuwih jéntré mah baca waé catetan otobiografi Ajip Rosidi anu judul  bukuna “Hurip Waras,  Dua  Panineungan”  ditulis  langsung  ku  Ajip
Rosidi  taun  1988;  “Mulangkeun  Panineungan”  ditulis  ku  Prof.  Drs.  H. Muchtar  Affandi  taun  1997;  “Buméla  ka  Bangsa”,  ditulis  ku  R.S.
Hardjapamekas taun 2005.
Pangajaran Biografi jeung Otobiografi Upama  nilik kana  KIKD dina  Kurikulum  Basa  jeung  Sastra  Sunda  2013
mah  pangajaran  biografi  téh  diajarkeun  di  Kelas  10.  Hasil  diajar ngeunaan  biografi  murid  dipiharep  mibanda  prilaku  jujur,  disiplin,  jeung
tanggung  jawab,  sanggeus  ngaidentifikasi,  nganalisisteks  biografi  jeung otobiografi,  sarta  mahér  nenyusun  nulis,  nepikeun  koméntar
menanggapi,    jeung  mampuh  ngabandingkeun  atawa  ngabédakeun antara  teks  biografi  jeung  otobiografi  dibarung  ku  weruh  kana  kaidah-
kaidah.
6
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
88
D.  Kagiatan Diajar