Maham Unsur Intrinsik Drama

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 120

c. Maham Unsur Intrinsik Drama

Dina kagiatan diajar 9 ieu, Ibu kalih Bapa guru basa Sunda kungsi niténan conto naskah drama anu judulna “Perang Bubat”. Dina éta naskah drama, aya unsur-unsur intrinsik anu bisa disungsi, di antarana dipedar sakumaha ieu di handap. a. Prolog Dina naskah drama „Perang Bubat‟, unsur prolog bisa katitén sakumaha ieu di handap. Narator: Satuluyna dicaritakeun dina tanggal tilu welas bagéan caang bulan badra taun 1279 Saka Sang Prabu Maharaja Sunda perlaya di Bubat di nagri Majapahit Harita Sang Prabu Maharaja jengkar rék nikahkeun putrina nya éta Sang Rétna Citraresmi atawa Dyiah Pitaloka jeung Bré Prabu Majapahit nu ngaran Sri Rajasanagara kitu asal mula jujutan caritana... Narator: Panceg tanggal 14 bagéan caang bulan Palguna, taun 1272 Saka, Linggabuana diistrénan jeneng ratu Nagri Sunda ka-31 di dayeuh Kawali, kalawan abiséka Prabu Maharaja Linggabuana. Ti Prameswari Déwi Laralinsing, Prabu Maharaja Linggabuana ngarundaykeun seuweu dua. Cikalna awéwé, gelar ka dunya taun 1262 Saka. Citraresmi ngaran ti aki, Dyah Pitaloka ngaran ti rama. Nu bungsu lalaki, gelar ka dunya taun 1270 Saka, dingaranan Niskala Wastu Kancana. b. Dialog Dina naskah drama „Perang Bubat‟, unsur dialog bisa katitén sakumaha ieu di handap. Linggabuana: “Kumaha ceuk pamanggih dia, Rayi Mangkubumi?” Mangkubumi: “Pareng aya di Hyang Séda Niskala, Raka PrabuUrang mah darma ngalalakon. Hanas kitu paménta ti Bré Majapahit, taya salahna mun dicumponan. Ngan tangtu baé kudu lantip tarapti. Ulah waka kalinglap ku kingkilaban Linggabuana: “Majapahit téh keur nanjung, RayiLoba ratu-ratu nu taluk di Nusantara. Unggal taun saréba ka dayeuh Trowulan. Mangkubumi: “Tapi Nagri Sunda mah teu kaasup itungan, Raka Prabu” Linggabuana:“Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan” PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 121 9 Unsur dialog dina naskah drama kaitung babari pisan disungsina. Anu paling babari mah urang bisa niténan unsur dialog téh tina cara nulisna dina naskah. Sakumaha katangtuan umum, cara nuliskeun kalimah langsung atawa ungkara langsung dina wangun tinulis dicirian ku ngaran palaku, titik dua, jeung ungkarana dikekentengan. Geura titénan ieu conto di handap Linggabuana: “Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan” Tina conto di luhur, katitén aya ngaran palaku Linggabuana. Hartina, nu nyarita téh Linggabuana. Omongan atawa cacaritaanna Linggabuana ditandaan ku tanda baca kekenteng “.

5. Mintonkeun Drama