4 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
42
4. Ngalaksanakeun Tindakan Acting
Tahap ngalaksanakeun mangrupa impleméntasi pangajaran nu geus dirarancang. Dina ieu tahap guru kudu bisa nyaluyukeun tindakan jeung
naon waé anu geus dirumuskeun sarta ditangtukeun dina rarancang. Lilana waktu ngalaksanakeun tindakan antara 2 nepi ka 3 bulan. Waktu
nu sakitu téh diajangkeun pikeun nalungtik sababaraha poko bahasan mata pelajaran anu ditangtukeun. Ieu di handap conto aspék-aspék
rencana skenario tindakan anu dilaksanakeun dina hiji PTK. a. Dirancang nerapkeun métodeu tugas jeung diskusi dina pangajaran
bahasa Sunda ngeunaan matéri: A, B, C, jeung D. b. Format tugas: ngabagi kelompok leutik luyu jeung jumlah poko
bahasan, pilih ketua, sekretaris, katut anggota ku cara random kalawan cara anu nyugemakeun murid.
c. Kagiatan kelompok; ngumpulkeun bacaan, ku cara diskusi, anggota kelompok digawé diajar maham materi, nuliskeun hasil diskusi
pikeun persiapan presentasi. d. Préséntasi jeung diskusi pléno; masing-masing kelompok
midangkeun hasil kerjana dina pléno kelas, guru salaku moderator, ngalaksankeun diskusi, jieun kacindekan tina hasil pangajaran.
e. Jenis data nu dikumpulkeun; mangrupa makalah kelompok, power point hasil kerja kelompok, murid anu aktif dina diskusi, sarta hasil
diajar dilaksanakeun saméméh pretés jeung sanggeus postés tindakan dilaksanakeun.
5. NgimeutanPangamatan Observing
Tahap kagiatan ngimeutanpangamatan atawa obsérvasi anu dilakukeun ku panalungtik observer pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan
prosés pangajaran anu dilakukeun ku guru panalungtik saluyu jeung tindakan anu geus disusun. Paniténan kudu nyoko kana instrumén nu
geus dijieun sarta dirumuskeun. Aspék nu ditalungtik dina ieu pengamatan nyaéta: a prosés tindakanana; b pangaruh tindakan boh
nu dihaja boh nu teu dihaja; c kaayaan jeung bangbaluh tindakan; d kumaha kaayaan jeung bangbaluhna dina ngayakeun tindakan nu
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
43
dirarancang jeung pangaruhna; jeung e pasualan lain nu bakal timbul salila kagiatan PTK lumangsung.
Instrumén anu umum dipaké nyaéta a soal tés, kuis; b rubrik; c lambar obsérvasi; jeung d catetan lapangan nu dipaké pikeun
ngumpulkeun data sacara obyektif nu teu karékan dina lambar obsérvasi, kayaning aktivitas siswa salila diayakeunana tindakan berlangsung,
reaksi siswa, atawa pituduh séjénna nu dipaké dina kagiatan nganalisis jeung pikeun kaperluan réfléksi.
Minangka dina hiji usulan PTK baris dikumpulkeun: a skor tés ésay; b skor kualitas kualitatif lumangsungna diskusi jeung jumlah pertanyaan
katut jawaban; sarta c hasil obsérvasi jeung catatan lapangan anu pakait jeung kagiatan siswa.
Dumasar data-data anu bakal dikumpulkan kayaning di luhur, instrumén anu dipakéna nyaéta: a soal tés wangun ésay; b padoman jeung
kriteria meunteunskoring, boh tina hasil tés ésay atawa pertanyaan tina jawaban lisan salila diskusi; c lembar obsérvasi nu dipaké pikeun
ngumpulkeun data aktivitas diskusi nu ditangtukeun skorna dumasar rubrik; jeung d catetan lapangan.
6. Réfléksi Reflecting
Kagiatan réfléksi panalungtikan dilaksanakeun di ahir lawungan salila kagiatan siklus lumangsung. Ieu tahap téh mangrupa tahap perenungan
tina hasil paniténan atawa obsérvasi anu geus dilaksanakeun di kelas, boh tina hasil obsérvasi guru, obsérvasi siswa, boh catetan lapangan.
Ngaliwatan kagiatan réfléksi, tina hasil obsérvasi tinangtu bakal kapanggih naon baé kahéngkéran jeung bangbaluh dina panalungtikan.
Ku sabab, tujuan tina réfleksi nyaéta pikeun ngabebenah sarta ngoméan tindakan nu dilaksanakeun. Saperti halna, saumpama dina siklus I hasil
maca artikel masih aya siswa anu can tuntas, dilakukeun réfléksi pikeun maluruh hal nu nyababkeun teu tuntasna éta. Saperti halna tina hasil
réfléksi kapaluruh yén guru kurang ngarahkeun siswa, dina siklus II hasil réfléksi éta dilarapkeun dina prosés pangajaran, nepi ka dina ahirna
sakabéh siswa bisa tuntas dina kagiatan pangajaran..
4 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
44
7. Proposal PTK