Pedaran Conto Naskah Drama jeung Pedaranana a. Conto Naskah Drama

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 118 Gajah Mada: Demi Majapahit Sinuhun Prabu teu kudu mapag sémah ti Nagri Sunda ka alun-alun Bubat Hayam Wuruk: Naha? Gajah Mada: Nitih wanci nu mustari. Nya ayeuna mangsan urang nalukkeun Nagri Sunda Putri Citraresmi kudu jadi upeti Hayam Wuruk: Paman Gajah Mada: Euweuh deui wanci nu mustari. Nagri Sunda kudu taluk ayeuna Dicutat tina Panggelar Sastra karangan Drs. Ahmad Hadi, 2004, Tanggerang: Pamulang

b. Pedaran

Sempalan naskah drama di luhur téh mangrupa dramatisasi tina novel Perang Bubat karya Yoseph Iskandar, eusina ngalalakonkeun hiji prahara anu kaalaman ku nagri Sunda. Maksud rék ngadahupkeun Putri Citra Resmi ka Raja Hayam Wuruk ti karajaan Majapait, kalah dipapag balai, dibokong ku Patih Gajah Mada di Palagan Bubat. Putri anu tadina dijangjian seja didamel padmi kari-kari kudu disanggakeun salaku upeti. Sempalan drama anu dicontokeun kasup bagian anu kaitung lengkep. Aya bagian prolog anu kieu unggelna: Narator: Satuluyna dicaritakeun dina tanggal tilu welas bagéan caang bulan badra taun 1279 Saka Sang Prabu Maharaja Sunda perlaya di Bubat di nagri Majapahit Harita Sang Prabu Maharaja jengkar rék nikahkeun putrina nya éta Sang Rétna Citraresmi atawa Dyiah Pitaloka jeung Bré Prabu Majapahit nu ngaran Sri Rajasanagara kitu asal mula jujutan caritana... Narator: Panceg tanggal 14 bagéan caang bulan Palguna, taun 1272 Saka, Linggabuana diistrénan jeneng ratu Nagri Sunda ka-31 di dayeuh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 119 9 Kawali, kalawan abiséka Prabu Maharaja Linggabuana. Ti Prameswari Déwi Laralinsing, Prabu Maharaja Linggabuana ngarundaykeun seuweu dua. Cikalna awéwé, gelar ka dunya taun 1262 Saka. Citraresmi ngaran ti aki, Dyah Pitaloka ngaran ti rama. Nu bungsu lalaki, gelar ka dunya taun 1270 Saka, dingaranan Niskala Wastu Kancana. Aya bagian narasi sakumaha anu digalindengkeun ku juru pantun, saperti kieu: Juru Pantun: Citraresmi sari wangi si lenjang bulan ngalangkang sampulur miindung layung lampayak mirupa merak sampayan kembang kamelang kembang dada maharaja nu ngageugeuh taneuh pageuh di buana warna-warna Geulis kaasih pohaci kacapangan para raja ti bumi terusing langit bumi ancikan lalaki langit ancikan birahi diugung-ugung ku degung ditimang-timang ku gondang atina dina kacapi rasana diri manusa Sarta tangtuna ogé aya bagian dialog, anu mangrupa bagian inti tina pintonan drama, upamana kieu: Linggabuana: Kumaha ceuk pamanggih dia, Rayi Mangkubumi? Mangkubumi: Pareng aya di Hyang Séda Niskala, Raka Prabu Urang mah darma ngalalakon. Hanas kitu paménta ti Bré Majapahit, taya salahna mun dicumponan. Ngan tangtu baé kudu lantip tarapti. Ulah waka kalinglap ku kingkilaban Linggabuana: Majapahit téh keur nanjung, Rayi Loba ratu-ratu nu taluk di Nusantara. Unggal taun saréba ka dayeuh Trowulan. Mangkubumi: Tapi Nagri Sunda mah teu kaasup itungan, Raka Prabu Linggabuana: Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 120

c. Maham Unsur Intrinsik Drama