2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
21 d.  Ngarencanakeun,  bisa  dibagi  jadi  2  jenis,  nyaéta  rencana  umum  jeung
rencana  husus.    Rencana  umum  maksudna  pikeun  nyusun    rarancang  nu ngawengku  sakabéh  aspek  nu  aya  patalina  jeung  PTK.  Rencana  husus
maksudna  pikeun  nyusun  rarancang  unggal  siklus.  Ku  lantaran  kitu,  dina rencana husus mah sok ditangtukeun deui rencana replanning.
e.  Impleméntasi,    pikeun  ngaréalisasikeun  atawa  ngalaksanakeun  tindakan
luyu jeung nu geus direncanakeun saméméhna.  PTK sipatna emansipatoris jeung  ngabébaskeun  liberating  lantaran  ngarojong  kabébasan  guru  dina
mikir  jeung  nepikeun  alesan  dina  ngalaksanakeun  ékspérimen,  nalungtik, jeung netepkeun putusan atawa ngasongken judgment.
f.
Ngimeutanmaluruh,  bisa  ku  cara  obsérvasi  atawa  monitoring  nu
dilaksanakeun  ku  panalungtik  atawa  kolaborator.  Salila  monitorng pangamat kudu nyatetkeun sakur nu katingali, kajadian, atawa peristiwa aya
di  kelas.  Métodeu  pikeun  ngumpulkeun  data  nu  digunakeun  nu  perlu méakkeun waktu lila sangkan teu ngaganggu kana prosés pangajaran.
g.  Réfléksi,  minangka  hiji  tarékah  panalungtik  pikeun  maluruh  deui  hal-hal
anu  geus  lumangsung  atawa  nu  geus  dilakukeun  dina  PTK.  Ku    cara  kitu, réfléksi  bisa  dilaksanakeun  sanggeus  ngaimpleméntasikeun  tindakan  jeung
hasil  obsérvasi.  Dumasar  réfléksi,  dilaksakeun  deui  kagiatan,  nepi  ka meunangkeun hasil nu nyugemakeun.
h.  Laporan  PTK,    disusun  sanggeus  pagawéan  panalungtik  di  lapangan
réngsé. Panyusunan laporan kudu sistematis jeung didadasaran ku acuan nu aya dina prosedur panalungtikan PTK. Sajatina mah PTK nu dilaksanakeun
téh  sipatna  individual.  Hartina  tujuan  utama  dina  PTK  pikeun  self- improvement  tina  hasil  self-evaluation  jeung  self-reflection,  nu  antukna
baris ngarontkeun kualitas prosés jeung hasil diajar.
3.  Ngarencanakeun PTK
Prosedur  anu  kudu  dilakonan  dina  ngarencanakeun  tindakan ngawengku: 1 milih wangun tindakan, 2 nangtukeun hipotésis tindakan
saupama  diperlukeun,    3  nataharkeun  tindakan,  jeung  4  netepkeun indikator  anu  nangtukeun  kritéria  hasilna  tindakan  luyu  jeung  nu
2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
22
dipharep.  Dina  milih  tindakan  pikeun  ngungkulan  masalah  anu dilarapkeun  dina  skénario  pangajaran,  kudu  milih  jeung  nimbang-
nimbang  landasan  tiori  atawa  kajian  pustaka,  hasil-hasil  panalungtikan nu geus aya, atawa tina pangalaman praktis guru.
Sacara operasional hal-hal anu dilakukeun ku guru dina nyusun rencana tindakan  nyaéta:  1  milih  topik  atawa  bahan  ajar  nu  bakal  disusun
rencana  pangajaranana,  2  nerapkeun  rencana  tindakan  kana  skénario pangajaran  atawa  RPP,  3  nataharkeun  sarana  jeung  perangkat
pangajaran  anu  ngarojong  lumangsungna  pangajaran,  kayaning  bahan ajar,  LKS  upama  perlu,    média,  jeung  instrumén  asesmenpenilaian,
jeung  4  nataharkeun  instrumén  nu  diperlukeun  pikeun  ngumpulkeun data jeung téhnik analisis atawa kriteria hasilna tindakan.
D.  Kagiatan Diajar
Kagiatan  diajar  nu  kudu  dipilampah  ku  Sadérék  nyoko  kana  runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1.  Titénan heula tujuan jeung indikator hontalan diajar. 2.  Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun.
3.  Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4.  Baca  deui  saliwat  pedaran  bahan  ajar,  tuluy  titénan  tur  bandingkeun
jeung tingkesan bahan ajar. 5.  Lamun  manggih  bangbaluh,  Sadérék  bisa  sawala  diskusi  jeung
kancamitra séjénna.
E.  LatihanPancén
Pikeun maluruh kacangking henteuna pedaran bahan, jawab sakur pasualan ieu di handap
1.  Jelaskeun naon anu dimaksud lajuning laku hasil réfléksi pangajaran? 2.  Tataan jeung jelaskeun léngkah-léngkah naon waé anu dilakukeun dina
réfléksi pangajaran? 3.  Perkara  naon  waé  anu  kudu  dilakukeun  ku  guru  dina  nyusun  rencana
tindakan dina PTK? 4.  Naon anu dimaksud prasurvei dina PTK?