Wangun Drama Sunda Pedaran Matéri 1. Hakékat Drama

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 112 g. Monolog Monolog nyaéta paguneman saurang palaku jeung dirina sorangan. Ayana monolog téh mantuan nu nongton ngarasakeun atawa mikanyaho suasana atawa parasaan palaku. h. Dialog Dialog nyaéta paguneman antara saurang palaku jeung palaku lianna. Dialog mangrupa bagian anu kalintang pentingna dina drama, nepi ka hiji karya sastra teu bisa disebut drama upama taya unsur dialogna. i. Épilog Épilog nyaéta bagian pamungkas dina pintonan drama nu eusina biasana méré sawangan atawa kacindekan kana lalakon anu dipintonkeun.

3. Wangun Drama Sunda

Drama dina hasanah sastra Sunda ngawengku sawatara rupa, contona longsér, génding karesmén, jeung drama modéren. a. Longsér Longsér mangrupa salasahiji wangun drama nu jolna tina téater ra‟yat. Longsér mimiti mekar kurang leuwih taun 1915-an, turta ngalaman mangsa kajayaan kurang leuwih dina mangsa taun 1920 tepi ka 1960-an. Tokoh anu kaitung populér dina ngahirupkeun jeung mekarkeun longsér di antarana Bang Tilil, Bang Soang, Bang Timbel, bang Cineur, Bang Kayu, Bang Auf, jeung Sumanta. Dina prakna pintonan longsér, aya unsur-unsur tari, kawih, jeung lakon. Dipintonkeunana biasana sok peuting di luar gedong di buruan atawa lapang. Nu lalajo biasana ngawangun gundukan satengan buleudan nyanghareupan pakalangan pamaén longsér nu ditengah-tengahna sok ditaheunan oncor. Pintoinan longsér biasana dimimitian ku ronggéng, sok disebut adegan wawayangan atawa mamarung. Dina ieu adegan, ronggéng téh ngibing jeung ngawih, tujuanana ngahudang karep nu nongton sangkan katarik atina. Sabadsa ronggéng bérés méntas, dituluykeun ku pamaén lianna, biasana pamaén anu peranna bodor. Lalakon anu biasa dipintonkeun umumna diangkat tina kahirupan sapopoé masarakat Sunda. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 113 9 b. Gending Karesmén Gending karesmén nyaéta pagelaran drama Sunda anu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun, dibarengan gerak ibing, turta dipirig ku tatabeuhan gamelan. Gending karesmén sok disebut ogédrama swara, méh sarua jeung opera dina hasanah drama Barat atawa éropa. Kiwari, gending karesmén réa anu geus dirékam kana kasét. Ku éta hal, upama rék mintonkeun gending karesmén téh ayeuna mah teu kudu nyiapkeun waditra. Kawih atawa tembangna deuih, teu kudu dikawihkeun ku pamaénna, cukupnuturkeun sora anu nyampak dina kasét lip sync. Pamaén ukur cukup ku pepéta, n‟embongkeun éksprési, jeung blocking pundah- pindah tempat di panggung. c. Drama Modéren Drama modéren kiwari leuwih dikenal ku istilah téater. Dina hasanah drama Sunda, téater Sunda teu béda jeung konsép téater anu nyampak dina hasanah drama sakuliah dunya. Unsur anu pangkatarana jadi pangbéda téh pangpangna mah lebah basa anu digunakeunana. Téater Sunda mah ngagunakeun médium basa Sunda. Téater téh asalna tina bas Yunani theatron nu hartina tempat pikeun lalajo. Téater mangrupa istilah lianna pikeun drama, tapi mibanda ma‟na anu leuwih lega batan drama. Kalawan leuwih lega, téater téh nyaéta rupaning pintonan anu dipintonkeun hareupeun jalma réa, pros‟esna ngawengku milih téks atawa naskah, nafsirkeun naskah, ngagarap naskah, mintonkeun, jeung prosés maham atawa aprésiasi.

4. Conto Naskah Drama jeung Pedaranana a. Conto Naskah Drama