Denny Adrian Nurhuda, 2015 MOD ÉL PANGAJARAN KOOPERATIF MAKE A MATCH PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH
NULIS D ÉSKRIPSI NU NGAND UNG PAKEMAN BASA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.3 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan anu dipaké nya éta métode kuasi ékspérimén atawa sok disebut ogé ékspérimén semu. Panalungtikan kuasi ékspérimén nya éta
panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimén kalayan teu mikabutuh ayana kelas kontrol.
Kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sabada siswa dibéré perlakuan ngagunakeun modél pangajaran Make a Match. Cara ngukur
kamampuh siswa nu dilakukeun saméméh dibéré perlakuan disebut tés awal pretes, sedengkeun ngukur kamampuh siswa sabada dibéré perlakuan disebut tés
ahir postes.
3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan
Variabel panalungtikan mangrupa hiji atribut atawa sifat, objék atawa kagiatan anu miboga variasi anu tangtu anu ditangtukeun ku panalungtik pikeun
dipaluruh jeung dijieun kacindekanna. Hal ieu luyu jeung pamadegan Hatch jeung Faraday dina Sugiyono 2012, kc. 60 nu nyebutkeun yén sacara tioritis variabel
mangrupa atribut atawa objék anu miboga variasi antara nu hiji jeung nu séjénna
atawa hiji objék jeung objék séjénna.
Ieu panalungtikan maluruh pangaruh hiji perlakuan. Ku kituna kudu aya variabel penyebab X atawa variabel bébas independent variable jeung variabel
akibat Y atawa variabel kauger dependent variable Arikunto, 2010: 169. Dumasar éta hal, dina ieu panalungtikan, anu jadi variabel penyebab X atawa
variabel bébas independent variable nya éta modél pangajaran kooperatif Make a Match, sedengkeun variabel akibat Y atawa variabel kauger dependent
variable nya éta ngaronjatkeun pangajaran nulis déskripsi nu ngandung pakeman basa.
3.4.2 Wangenan Operasional
Wangenan operasional nya éta istilah-istilah anu aya patalina jeung variabel-variabel nua aya dina prosés panalungtikan. Sangkan ieu panalungtikan
Denny Adrian Nurhuda, 2015 MOD ÉL PANGAJARAN KOOPERATIF MAKE A MATCH PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH
NULIS D ÉSKRIPSI NU NGAND UNG PAKEMAN BASA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
téh puguh maksud jeung tujuanna, baris dijabarkeun heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan.
3.4.2.1 Modél Pangajaran Make a Match
Modél pangajaran Make a Match dina ieu panalungtikan nya éta modél pangajaran make a Match anu dilarapkeun kana pangajaran nulis déskripsi nu
ngandung pakeman basa ka siswa kelas XI MIA 4 SMAN 6 Garut taun ajaran 20142015. Dina aplikasina, siswa mikawanoh konsep nulis déskripsi nu
ngandung pakeman basa kalawan néangan pasangan jawaban tina kartu nu dicekel.
3.4.2.2 Déskripsi
Déskripsi dina ieu panalungtikan nya éta karagan déskripsi nu ngandung pakeman basa siswa kelas XI MIA 4 SMAN 6 Garut taun ajaran 20142015.
Karangan déskripsi siswa kabagi kana dua karangan, nya éta karangan déskripsi nu ngandung pakeman basa saméméh ngagunakeun modél pangajaran kooperatif
Make a Match tur karangan déskripsi siswa sabada ngagunakeun modél pangajaran kooperatif Make a Match.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Alat anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal tés atawa tés tulis. Instrumén panalungtikan diperlukeun pikeun prosés ngumpulkeun data, luyu
jeung pamadegan Arikunto nu nyeutkeun yén Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngmpulkeun data sangkan
pagawéanna leuwih babari sarta hasilna ogé leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis anu balukarna data babari pikeun diolah Arikunto, 2010, kc. 203. Éta
tés nu mangrupa soal jeung latihan téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis déskripsi nu ngandung pakeman basa. Dina nulis déskripsi nu
ngandung pakeman basa, siswa dités kumaha kamampuh dina nulis déskripsi nepikeun ka nimbulkeun hiji imajinasi kana hal anu didéskripsikeunana tur
ngalarapkeun pakeman basa dina karanganana. Anapon lembar soal tés tulis anu digunakeun dina ieu panalungtikan saperti di handap.