Ngalengkepan kalimah ku kecap anteuran

80 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII

2. Ngalengkepan kalimah ku kecap anteuran

Pék lengkepan kalimah nu dibéréndélkeun di handap maké kecap anteuran 1. Ana . . . téh nyarékan, sorana mani handaruan, atuh sakur nu aya di dinya taya nu ngomong sakemék. 2. Ari . . . téh juru mamaos nembang, jalma-jalma nu tadina récok ngaromong, jempé kawas gaang katincak baé. 3. Ari geus dibéré duit mah ku bapana . . . Dodi indit ngajugjug ka dayeuh. 4. Ari geus tunduh mah . . . geura saré, wayahna baé dina korsi da Akang mah batan sakieu 5. Barang ngadéngé anakna nu di Garut gering payah, . . . baé Ceu Suti ceurik inghak-inghakan. 6. Geura . . . ngomong, entong asa-asa, naon anu jadi pamaksudan téh? 7. Nu ditajong bijil ambekna, tuluy nyéréwélékkeun leungeun bajuna, . . . nampiling tarik pisan. 8. Sadatangna ka imah, Dani kakaratak kana lomari dahareun, manggih sangu poé, . . . baé dahar nyocolan uyah. 9. Sanggeus cucul-cucul, . . . baé barudak téh taruturubun ka leuwi, . . . teuleum, teu lila maruncul luhureun cai, bari ruménghap. 10. Sanggeus diagag-agag sababaraha kali . . . baé cakram téh dibalangkeun. 11. Sanggeus didangdanan, . . . pangantén nangtung, tuluy ditaruyun didiukkeun dina korsi beunang mapaésan. 12. Sanggeus mesinna dihirupan, . . . mobil téh maju lalaunan. 13. Sanggeus sasauran sajongjongan, Bapa Guru . . . nyerat dina bor, sina dicatet ku murid-muridna. 14. Si Léngsér . . . diuk, . . . nyembah unjukan ka Ratu, yén aya tamu badé dumeuheus. 15. Teu antaparah deui . . . baé musuhna ditajong. P A N G AJ AR AN PEMANDU ACARA 81 Sumber: dokumén pribadi 82 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII D ina kagiatan atawa peristiwa anu resmi boh nu sipatna sosial-akademis acara diskusi, seminar, kongrés, konperensi, jsté, boh sosial-praktis kagiatan sosial budaya saperti: seserahan, nanyaan, paturay tineung, jsté biasana sok aya nu dibéré pancen ngatur acara, anu ilahar disebut panata acara MC. MC Master of Ceremony nyaéta jalma nu dipercaya pikeun ngatur jeung nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana nu kudu cacarita dina éta acara. Lantaran teu galib, pangpangna teu parok nurutkeun budaya lamun nu boga pamaksudan, torojogan ujug- ujug cacarita atawa biantara bari ngagorah nepikeun maksud jeung tujuanana. Meureun asup kana paribasa ngeupeul ngahuapan manéh téa. Cindekna pancen MC téh sangkan dina prakprakan acaraupacara bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana, puguh éntép seureuhna. Di sagedengeun istilah MC urang oge sok sering deuih nguping istilah moderator panumbu catur. Dina sawala diskusi, kongrés atawa seminar-seminar, biasana kacida merlukeunana panumbu catur moderator. Ari peran jeung pancén panumbu catur téh kawilang penting, pangpangna pikeun ngatur patalimarga atawa jalanna sawala diskusi sangkan henteu awut-awutan. Panumbu catur nu parigel mah biasana bisa ‘ngahirupkeun suasana’ nepi ka sawala téh jadi hégar, henteu “ngeuyeumbeu” atawa henteu monoton. Lian ti éta, panumbu catur ogé ngabogaan pancén pikeun ngawanohkeun jati diri CV= curriculum vitae pangjejer ka pamilon. Ari maksudna mah sangkan pangjejer téh ulah aya kesan nikukur atawa nabeuh manéh. Salian ti ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, panumbu catur ogé boga wewenang nangtukeun lilana waktu nu diajangkeun pikeun pangjejer keur ngadadarkeun bahasanana, kaasup nangtukeun nunjuk saha anu baris dibéré kasempetan pikeun nyarita atawa nanya pamilon. Tah, sabada réngsé pangjejer ngaguar 83 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII pedaranana, biasana sok ditéma ku acara sawala tanya jawab. Nya lebah dieu pisan panumbu catur téh baris diperlukeunana jeung baris diuji bisa henteuna ngatur patalimarga éta pajemuhan. Sangkan hidep wanoh bédana pancén jeung pok-pokanana antara panata acara MC jeung panumbu catur moderator, kapidangkeun ieu di handap.

A. Maca Teks 1. Panata Acara Mc