Aya ngaran nu nulisna Singget jeung tuntas

56 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII

a. Aya ngaran nu nulisna

Artikel nyaéta karya individual, hartina dina artikel ngaran nu nulis kudu dicantumkeun kalayan jelas. Pikeun artikel opini ngaran nu nulis biasana ditulis di luhurdi handapeun judul tulisan. Tapi lamun kategorina di luar opini contona artikel ‘ringan’ jeung artikel praktis ngaran nu nulis ditulis rada disumputkeun ku cara disimpen di ahir tulisan jeung ditempatkeun di jero kurung. b. Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial Artikel kudu miboga gagasan nu aktual, kontrovérsial, atawa duanana. Gagasan nu aktual hartina sifatna anyar, can loba ditulis jeung diobrolkeun, hiji hal nu aya di luar batas atawa nu ilahar. c. Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa. Artikel nu ditulis kudu méré mangpaat ka jalma réa luyu jeung kaayaan pasar média massa nu midangkeun éta artikel. d. Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual. Artikel nyaéta hiji karya noniksi, hartina béda jeung novél atawa carpon nu mangrupa hiji prosés imajinasi kréatif nu nulis. Artikel mangrupa hiji prosés kréatif inteléktual. Minangka karya inteléktual artikel kudu dirojong ku bacaan, pangaweruh, jeung tiori nu relevan anu biasana aya dina kalawarta, majalah, jurnal, hasil- hasil panaluntikan, skripsi, buku, atawa internét. e. Dipidangkeun dina basa nu hirup, populér, jeung komunikatif Artikel kudu maké basa jurnalistik. Basa jurnalistik hartina basa nu ilahar dipaké dina pérs, kalawarta, majalah, bulétin, jeung tabloid. Basa jurnalistik ciri utamana nyaéta basajan, jéntré, singget, ngirut, babari ditarima, babari 57 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII diinget, kaharti jeung dipikaharti ku jalma réa maksud jeung arahna komunikatif.

f. Singget jeung tuntas

Singget sacara ilosois hartina sacara langsung, pikiran nu maca teu diulinkeun, nepi ka hésé nyurahanana. Singget sacara téknis hartina diluyukeun jeung kavling atawa rohangan nu disadiakeun anu unggal kalawarta rélatif béda. Tuntas hartina henteu nyambung kana édisi nu satuluyna, artikel nu dipidangkeun dina kalawarta édisi ayeuna kudu bérés dina saharitaeun. Aya ogé anu dimuat sacara bersambung nepi dua atawa tilu édisi, tapi frékuénsi jeung préséntasena kawilang jarang. g. Orisinal Artikel anu ditulis asli mangrupa karya sorangan lain hasil plagiat atawa mindahkeun tulisan batur diaku karya sorangan. Pikeun nyingkahan éta hal nu nulis kudu ngawasa sakaligus ngamalkeun étika penulisan. Kadua artikel nu ditulis sarta dikirimkeun ka kalawarta atawa majalah kudu anu aslina lain meunang motokopi atawa salinanana. Pancén 4 Sanggeus hidep paham kana pedaran matéri di luhur, pék jawab kalayan jéntré pertanyaan ieu di handap 1 Naon ari artikel téh? 2 Dina naon urang bisa manggihan artikel? 3 Kalungguhan artikel téh pikeun wahana diskusi. Jéntrékeun ku hidep maksud éta kalimah 4 Salah sahiji ciri artikel téh singget jeung tuntas. Jelaskeun maksudna 5 Naon eusi artikel téh? 58 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII

C. Nganalisis Gagasan utama jeung Rangkay Karangan dina Artikel

1. Gagasan utama dina Paragraf

Ayeuna urang rék diajar nganalisis gagasan utama dina paragraf. Dina diskusi kelompok, hidep bisa nyawalakeun jeung nganalisis gagasan utama paragraf dina artikel ieu di handap Dihin Pinasti Anyar Pinanggih Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat, ngahunyud di saban juru. Tempat nu tadina éndah jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk. Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangka- sangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di mana- mana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh parantos mintonkeun kakawasaanana. Nu saralamet tina gulungan lambak gangas, tingjarerit-tingkarocéak, awor jeung nu maridangdam leungiteun anakna, kitu deui sabalikna. Nini-nini rawah-riwih néangan incu kakasih. Bébéné kaleleban ku beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu jadi salakina. Kokotéténgan, mapay-mapay unggal layon. Dilelekan bari disidikkeun sugan anakna, sugan bapana, sugan indungna jsté. Ngan lolobana lain jeung lain baé. Pon kitu deui, imah katut harta bandana burakrakan, teu kaciri urut-urutna acan. Loba nu bedah cimata, tinglenggerek bakating ku nalangsa. Papakéan ngan kari saraket awak. Pohara ngangresna lantaran lieuk euweuh ragap taya. Cindekna mah loba nu katalangsara, nunggelis