29
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian déskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup
pamunah.
1. Rajah
Bagian rajah téh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa
sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta
pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu
dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun.
Nilik eusina, rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina
pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni sastra séjénna.
Nu matak pantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.
Rajah téh salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna
rajah jeung béda-bédana rajah henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru
pantunna. Sanajan caritana béda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna ogé henteu
béda.
Conto rajah pamuka dina carita pantun Lutung Kasarung:
Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung,
ka déwata neda suka, ka pohaci neda suci,
kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku,
30
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
nyukcruk laku nu bahayu, mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus, bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita,
ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun,
teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik,
cupu manik astagina, dituruban ku mandepun,
diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna, ku nu terang bujaksana,
ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang,
nu ménta dilalakonkeun, cag
teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.
Dicutat tina Panca Warna IIA
2. Narasi
Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana
kajadian saterusna. Béda jeung rajah katut kajadian déskripsi papantunan, lebah bagian narasi mah henteu
ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger baé dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun baé ogé. Conto narasi
dina carita pantun Lutung Kasarung :
31
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru
Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh
cangcut. Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung Sunan
Ambu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarung
ku sadulur, kasimpang ku barayana. Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap
sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula
3. Déskripsi