Ngeusian ku kecap nu merenah

78 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Pancén 6 Pék tarjamahkeun ieu sempalan wacana di handap kana basa Indonesia Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun- awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna, adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur nagri gé subur. Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaran anu ngandung ma’na kacida alisna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma nu bisa dipéntaan tulung. Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih kénéh turunan Prabu Siliwagi ti karajaan Pajajaran. Prabu geusan Ulun téh putrana Pangéran Santri ti Ratu Pucuk Umum, Ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corénda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corénda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi. Pancén 7 Sabada hidep réngsé narjamahkeun, hidep kudu bisa midangkeun deui hasil tarjamahan hidep di hareupeun kelas. Nalika hidep tampil di hareupeun kelas, perhatikeun hal-hal saperti ieu di handap: 1. Ngucapkeun salam 2. Nyarita ngagunakeun basa anu sopan 3. Sikep jeung penampilan anu hadé 4. Percaya diri 5. Volumeu sorana ngoncrang tur béntés 6. Matéri anu ditepikeun jelas jeung sistematis

D. Latihan Nyangkem unsur Kabahasaan

1. Ngeusian ku kecap nu merenah

Eusian ku salah sahiji kecap anu mérénah, ieu kalimah nu di handap 79 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII dumadakan, dadak sakala, ngadadak, didadak. 1. Geus daékeun pibujangeun téh rék dibéré dalapan ratus lima puluh rébu sabulanna. Tapi naha ari rék dijadikeun bet . . . teu puruneun, majar manéh rék mulang deui ka lemburna, melang ka anakna nu dipihapékeun di ninina. 2. Lah . . . keur teu boga duit; lamun ditawarkeun mangkukna mah ka dieu éta Laptop Toshiba téh tangtu dibeuli, sabab harita mah duitna aya kénéh, tacan diinjeum ku adi ti lembur cenah rék nyundatan anakna. 3. Naha aya balsem téh matih-matih teuing Kakara ogé diulaskeun sakali kana palipisan jeung tarang, rieut jangar téh . . . leungit teu karasa deui. 4. Papakéan siswa nu rék milu karnaval téh ditetepkeun kudu maké seragam bodas-bodas, atuh anu teu barogaeun mah . . . kudu meuli heula ka toko Résco. 5. Tadi indit ti imah . . ., henteu diajam heula ti tadina lantaran kabeneran ieu aya mobil kosong. 6. Waktos badé mios ka kantor, abdi . . . udur, karaos nyeri dina beuteung dugi ka ayeuna teu acan saé kénéh, engké mah sonten badé ngahajakeun ka dokter spésialis. Nénjo, ngilikan, melong, nempo, noong 1. “Barudak, lamun Bapa keur nerangkeun dina bor, ulah luak-lieuk ka mana-mana, tapi kudu . . . kana bor, cék guru ka murid-muridna. 2. Basa karéta api aya di jero torowongan, kuring . . . tina jandéla, tapi teu kaciri naon-naon, da puguh poék mongkléng. 3. Cik . . . buku “Mewarnai” téh Geuning kandel jeung kertasna lemes. Ti mana meulina ? Naha aya kitu di Indomart? 4. Ku sabab kuring teu boga duit keur meuli karcis, tapi ari lalajo maén bal pohara hayangna, tuluy baé . . . tina sela-sela pager pangubeng lapang. 5. Tadi di ITC aya jalma . . . baé ka kuring, jigana mah asa-asa ka kuring. Kuring nya kitu deui, tapi ari rék disampeurkeun sieun kasamaran. 80 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII

2. Ngalengkepan kalimah ku kecap anteuran