2
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
K
arya sastra wangun wawacan téh baheula mah ngabogaan fungsi jeung kalungguhan anu
kawilang penting dina kahirupan urang Sunda.
Wawacan téh karangan panjang lantaran suasana carita anu béda-béda tur ngagunakeun patokan pupuh. Lebah
midangkeunana, wawacan téh sok dibaca heula terus ditembangkeun dibelukkeun. Nu matak pagelaran maca
wawacan téh sok disebut ogé pintonan beluk. Malah di sawatara tempat mah pintonan beluk téh aya nu nyebut
pintonan gaok. Ari pintonan wawacan sok ditanggap pikeun kapentingan salametan ritual jeung kalangenan
hiburan. Malah geus jadi kalumbrahan lamun umur orok geus manjing 40 poé sok disalametkeun ku cara nanggap
wawacan. Kitu deui pikeun salametan imah, tulak bala lembur, sok nanggap wawacan deuih. Lian ti pikeun
salametan, wawacan ogé sok dijadikeun pidangan mandiri pikeun hiburan. Kapan masarakat jaman harita mah
can ceuyah sarana hiburan cara kiwari, hayang meunang hiburan ku cara ngabandungan eusi jejer carita ku cara
dipangmacakeun, lantaran harita mah jalma nu mampuh maca téh kawilang saeutik. Kiwari mah pagelaran maca
wawacan beluk téh bisa disebutkeun geus carang pisan lantaran ceuyahna ku rupa-rupa hiburan nu antukna
ngagésér kalungguhan wawacan.
Tah dina ieu pangajaran hidep baris diwanohkeun kana wangun jeung struktur wawacan. Hidep ogé kudu
bisa ngaidentiikasi jeung mikapaham eusi carita wawacan nu dibaca sarta méré tanggapan aprésiasi kana karya
wawacan. Ieu di handap kapidangkeun conto wawacan.
A. Ngahariringkeun Wawacan
Ieu bacaan anu aya di handap téh mangrupa cutatan tina wawacan. Pék ku hidep titénan jeung ilo cutatan tina
Wawacan Panji Wulung ieu di handap
3
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
Wawacan ka-1
Cutatan tina Wawacan Panji Wulung
Asmarandana
. . . . Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah,
enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu
nampik dosa. Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun
geus nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa.
Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan Ajar gé bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang
dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara. . . . .
Kinanti
. . . . Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki
Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo Manggala, kalima Kebo Rarangin.
Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh
cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir. Radén ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap
dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran, nyaritakeun Ajar tadi.
Radén Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, baréto paman bébéja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka
Sokadana ku Gusti. Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir téh
saha ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan, sumuhun kanyaho kuring.
4
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
Eukeur caturing pitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari, asal urang Balangbangan, lalakina pun Panolih, cariosna dipaéhan,
malah katut pun Panolih. . . . .
Pangkur
Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadayana, nu
ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bégal ngawalonan, aing ngaran Jayapati.
Cikénéh mentas dibégal, tujuh jalma modar taya nu ngari, bangkéna tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun masih
kénéh manéh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit.
Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur diganggu, mangké caralik heula, ieu catang
nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja ngiring.
Jeung nyanggakeun babandaan, tapi lamun ku paman teu kaindit, ku kula meureun dipanggul, éta minangka tanda, jadi
éléh saha nu teu kuat manggul, melengek ki lurah bégal, pikirna geus rada risi.
Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung, catang tuluy dipundak, teu
kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem leleb Radén Panji.
Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun ku manéh kajungjung, kami seja kumawula, rék nuturkeun
ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang dipanggul kaindit.
Dicutat tina Wawacan Panji Wulung, R.H. Muhammad Musa
5
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
Pancén 1
Sabada niténan sempalan wawacan di luhur, pék ku hidep téangan kekecapan anu teu dipikaharti, tuluy tuliskeun jeung hartina dina tabél
ieu di handap
Wawacan Panji Wulung
Kecap Hartina
. . . . . . . .
. . . . . . . .
. . . . . . . .
. . . . . . . .
Pancén 2
Naon anu aya dina pikiran hidep sabada maca téks sempalan “Wawacan Panji Wulung”? Pék jawab pertanyaan ieu di handap
No. Pertanyaan
1. Naon baé ciri-cirina karya wawacan téh?
2. Ari nu ngabédakeunana antara wawacan jeung guguritan, lebah
naonana? 3.
Naon bédana antara wawacan jeung novel? 4.
Naon sababna dina karya wawacan mah bet gunta-ganti pupuh? 5.
…
6. …
7. …
B. Medar Struktur Carita Wawacan