Nyangkem Kecap Saharti Ngeusian Ku Kecap Merenah

128 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Sual pajeg sawah, kitu? Kuduna mah Pa Kuwu téh ulah nyaur abdi atuh, tapi kudu ka ditu, ka anu bogana; da ari abdi mah ukur ngagarap wungkul. Kateuing atuh, Céng. Lapur Emang mah, teuing naon sababna pangna Acéng kudu kairingkeun ka désa ayeuna. Atuh meureun engké ogé bakal écés ieuh, lamun geus jonghok jeung nu boga hadasna mah, omongna bari ngalungkeun kuntung roko. Lega kénéh garapan Acéng téh? Ah, satengahna deui ogé moal. Kapan anu lelegana mah geus dijual ka proyék. Heueuh nya, loba anu ngadadak beunghar anu lahanna kasabet proyék mah. malah anu taun ieu rék jarah ka Mekah ogé aya kana opatna, ti désa urang téh. Nya alus wé ari ladangna rék dipaké munggah haji mah, meureun bakal nyangsang kana ganjaran, omong kuring. Béjana Emang gé loba kapécrétan. Sakalian waé atuh paké ongkos jarah. Alah, kapécrétan ogé ukur lulumayanan. Moal rék diangles, pamali. Kitu wé tina pamura-paméré, ti anu ngaruruskeun surat tanahna, pédah Emang gawé di désa. Nya cukup waé meureun ari keur jarah ka Pamijahan mah, témbalna, bari ngahéhéh . . . . Tina sempalan carpon Patok Beureum yasana Tatang Sumarsono Dicutat tina Manglé No. 1766

C. Nyangkem Kecap Saharti

Di luhur aya kalimah: Enggeus Harita kénéh gé Aing acong-acongan nyembah ménta dihampura, kalah nonjok.. Mending ngan ukur nonjok, da Abah Sia mah murang-maring. Kecap murang-maring sasaruaanana sinonim nyaéta ambek- ambekan ka singsaha nu aya. Tengétan kecap-kecap nu dicitakna dicondongkeun dina kalimah ieu di handap sarta ingetkeun harti nu dikurung tukangeunana 129 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII 1. Mayang mah kacida soméahna ka sémah. daréhdéh, akuan 2. Méh ampir sataun kangjeng raja dipukpruk ku halimun kabingung, disorang samagaha sungkawa, lantaran ditilar ku putra kakasih. bingung anu teu aya hinggana 3. Méh saban peuting, Panji tara aya di imah, gawéna ulin, kawantu keur meujeuhna séngsérang panon. mimitina begér, keur meujeuhna resep naksir 4. Mimin mah lain hayang-hayang teuing lalajo, nu puguh mah hayang nyingkahan karudet. Pusing cenah kudu ulukutek di imah baé mah, kawantu anakna barongkéakan. réa budak uruseun kénéh 5. Mun tas balik tina pagawéan téh Roni mah ngan ngotok ngowo baé di imahna, teu cara babaturanana sok arulin ka Café atawa indit ka panglalajoan. ulukutek baé di imah 6. Mun urang kuat nandangan cocoba kalayan kasabaran, insya Alloh baris tinemu jeung kabagjaan. musibah, kacilakaan. 7. Mungguhing martabat wali téh aya di sahandapeun martabat nabi. kalungguhan 8. Naha geuning peuting-peuting kénéh geus bebérés, na rék wayah kumaha indit ka Surabaya téh? sasadiaan 9. Najan réa sobatna, ari dina seuhseuhanana mah ngan anakna anu wani nguyup getih téh. béla pati 10. Najan sawah Mang Soma geus aya puluhna luwuk, tapi can tibra kénéh baé haténa, lantaran kabéhanana sawah guludug, can bogaeun sawah nu kasorang cai hirup. sugema

D. Ngeusian Ku Kecap Merenah

Pék eusian ku kecap anu mérénah ieu kalimah, ku salah sahiji kecap embung, horéam, mandeg-mayong 1. Lain teu hayang nyaba ka Mang Mahya téh, lantaran . . . ku nanjakna. 2. Rék indit ka Jakarta téh Dikri mah teu jung baé . . . lantaran budakna harééng. 3. Sing puguh jawaban téh, ari daék sukur ari . . . masing puguh. 130 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII téréh, gancang 1. Ngarah . . . asak sangu téh gedéan geura seuneuna 2. Sing . . . atuh leumpang téh bisi kaburu hujan luhur, luhung 1. Naon hartina ______ kuta gedé dunya? 2. Para Nabi mah kabéh gé insan ______ kawantu kakasih Gusti nu Maha Suci.

E. ulikan Kana Kecap Panganteur