Latihan Nyangkem unsur Kabahasaan

43 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII CARITA PANTuN POLASTRuKTuR CARITA Satria ngalalana Ngarandap- an Ujian Satria unggul perang Mulang tuluy ngadahup ka putri Ngadeg Raja Lutung Kasarung Ciung Wanara Tuluy éta hasil diskusi téh dibacakeun di hareupeun kelas. Waktu hidep cacarita di hareupeun kelas, perhatikeun hal-hal saperti ieu di handap: 1. Ngucapkeun salam 2. Nyarita ngagunakeun basa anu sopan 3. Sikep jeung penampilan anu hadé 4. Percaya diri 5. Volumeu sorana sing ngoncrang tur béntés 6. Matéri anu ditepikeun kudu jelas jeung sistematis

D. Latihan Nyangkem unsur Kabahasaan

Pancén 7 Nyangkem Kecap Saharti Dina wacana Lutung Kasarung di luhur aya kalimah anu unina: Geus datang kana mangsana dipeuncit, lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna Kecap giras dibasakeun ka sasatoan anu linghas hésé ditéwakna. Pikeun mikawanoh kecap sasaruaan atawa sinonim, ieu di handap kapidangkeun kalimah anu kecapna ditulis di antara tanda kurung nu saharti jeung kecap-kecap anu dicitakna dicodongkeun Pék geura titénan sing nepi ka kacangkem 44 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII 1. Dudi mah lamun ulin téh jarambah. sok aprak- aprakan jauh 2. Duit nu lobana Rp. 13 juta keur meuli motor téh geus kacongcay Rp. 5 juta dipaké heula keur mayar sakola. ngurangan, kacocéng. 3. Geus sababaraha poé Nandang ngulincer baé nyiar duit, tapi weléh teu aya nu méré nginjeum, nguriling, ngider 4. Gina téh ti keur leutik kénéh dikukut ku bibina, lantaran bibina can kabiruyungan boga budak. waktu 5. Horéam rék ngajak Si Mardud ka réstoran téh, tuda manéhna mah lamun dahar téh gembul pisan. tara seubeuh ku dua piring 6. Ka jalma nu belengong téh loba nu teu raresepeun. teu nyaho tatakrama 7. Kacaturkeun dina hiji poé Nini Ijot indit ka dayeuh maksudna rék meuli baju “longdress”. kacaritakeun 8. Si Nurdin mah kebluk ari hudang téh geus beurang, béda pisan jeung adina mah goréjag ari hudangna téh isuk-isuk pisan 9. Edi mah ari boga naon-naon téh ngan hayang nukeurkeun atawa ngajual baé bosenan 10. Karunya ka Si Mémét, koré, padahal umur geus aya welasna taun. awakna leutik baé P A N G AJ AR AN A RT I K E L 45 Sumber: www.sundanews.com 46 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII D ina média massa, kayaning majalah, koran, atawa média online, lian ti eusina ngamuat berita téh mindeng ogé ngamuat artikel atawa bahasan. éta artikel téh eusina mangrupa pangaweruh nu umum tur haneut kénéh aktual jeung faktual. Jejer tulisanana nyoko kana masalah nu patali jeung budaya, sosial kamasarakatan, hukum, olahraga, kaséhatan, ékonomi jsté. Tangtuna anu gedé mangpaatna pikeun ngajembaran pangaweruh urang. Wanda-wanda artikel biasana digolongkeun dumasar kana saha nu nulisna, fungsi, jeung kapentinganana. Ditilik tina jihat nu nulisna aya nu disebut artikel redaksi jeung artikel umum. Artikel redaksi nyaéta tulisan nu digarap atawa ditulis ku redaksi dumasar kana tema nu jadi eusi penerbitan. Sedengkeun artikel umum mangrupa tulisan nu ditulis ku umum. Demi fungsi jeung kapentinganana, aya artikel husus jeung artikel sponsor. Artikel husus sok disebut ogé artikel redaksi, sedengkeun artikel sponsor nyaéta artikel anu ngadadarkeun hiji hal supaya dipiwanoh ku balaréa. Dina ieu pangajaran, hidep baris diwanohkeun kana rupa-rupa artikel jeung unak-anikna. Hidep ogé dipiharep mampu mutalaah kana téks artikel, nu engkéna baris dilatih pikeun méré interpretasi, méré tanggapan jeung ngométaran kana hiji artikel, nepi ka ahirna hidep bisa nyieun artikel.

A. Maca Artikel