Latihan Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 12 PDF 2014

19 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Pancén 7 Pék hidep néangan deui conto-conto wawacan nu séjénna. Hidep bisa néangan conto-conto wawacan tina internét, koran, majalah jeung média séjénna No. Judul Wawacan 1. . . . . 2. . . . . 3. . . . . 4. . . . . 5. . . . . 6. . . . . Pancén 8 1. Tuliskeun masing-masing sapada pupuh Asmarandana, Kinanti, Sinom jeung Pangkur dina sempalan wawacan “Panji Wulung” jeung “Wawacan Babad Galuh” tuluy itung guru wilangan jeung guru laguna 2. éta pupuh di luhur téh pék hariringkeun

D. Latihan

1 Pék téangan deui kekecapan nu patali jeung istilah patempatan geograi katut hartina. Éta istilah patempatan téh sakumaha nu kaunggel dina salah sahiji pada sempalan “Wawacan Panji Wulung”: Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir. 2 Ngalengkepan Kalimah Dina sempalan Wawacan Panji Wulung di luhur aya kalimah nu unina: Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung 20 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Kecap neuleu deuleu mangrupa pagawéan mata, méh saharti jeung tingal, tingali, bireungeuh. Pagawéan mata séjénna aya: neuteup, mencrong, nempo, jeung noong. Pék eusian ku kecap anu merenah, kalimah ieu di handap ku salah sahiji kecap neuteup, mencrong, nempo, noong 1. ”Saha nu geus . . . jurig bungkeuleukan?” 2. Gawéna ngan . . . baé ka sémah téh kawasna baé asa-asa kawantu geus kolot. 3. Barang kuring . . . tina jandéla, kacida ngarasa kagétna lantaran di jalan réa jalma ngagarimbung. 4. Tadi di pasar Kosambi aya jalma . . . baé ka kuring, paromana haseum, duka naon maksudna mah. P A N G AJ AR AN CARITA PANTUN 21 Sumber: wisatadanbudaya. blogspot.com 22 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII S alah sahiji wanda karya sastra Sunda buhun nu kungsi populér di masarakat nyaéta carita pantun. Dina magelarkeunana pantun mah umumna sok dipirig maké kacapi. Ari jalma anu magelarkeun carita pantun ilaharna disebut tukang pantun atawa juru pantun. Kaumumanana juru pantun, lian ti geus kolot ogé lolobana anu teu ningal lolong. Ieu kasenian karya sastra pantun téh dina taun 50-an ka ditu kungsi ngalaman jaya. Dina éta mangsa pantun téh kacida dipikaresep tur dibagéakeun pisan ku masarakat patani lantaran pantun téh raket patalina jeung tata kahirupan masarakat agraris padésaan anu butuh ku hiburan. Nu matak juru pantun mah kalungguhanana teu bina ti juru penerang di masarakat nu kalungguhanana méh satata jeung dalang wayang golék kiwari. Nya teu anéh juru pantun harita mah diperedih kudu boga pangabisa tina rupa-rupa kaparigelan jeung pangaweruh anu jembar. Ayeuna mah ieu kasenian pantun téh geus méh tumpur. Juru pantun loba nu geus pangsiun tina profésina, lantaran ayeuna mah geus langka anu nanggap. Sanajan kitu aya kénéh juru pantun anu ngeureuyeuh. Dina sataun sakali mah sok aya kénéh anu sok nanggap, utamana pikeun acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina réngsé panén. Ieu di handap aya ringkesan carita pantun nu judulna Lutung Kasarung. Pék baca ku hidep sing gemet, tuluy lenyepan eusina Ayeuna mah ieu kasenian pantun téh geus méh tumpur. Juru Pantun loba nu geus pangsiun tina profésina, lantaran ayeuna mah geus langka anu nanggap. Sanajan kitu aya kénéh juru pantun anu ngeureuyeuh. Dina sataun sakali mah sok aya kénéh anu sok nanggap, utamana pikeun acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina réngsé panén. 23 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Ieu di handap aya conto carita pantun nu judulna Lutung Kasarung. Pék baca ku hidep sing gemet, tuluy lenyepan eusina

A. Maca Carita Pantun