Tatahar nu bisa dilakukeun waktu jadi Pamanggul

99 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII 5. Ulah ngalampahkeun gerakan anu teu ngarojong naon anu jadi jejer caritaan upaman ngarampaan kerah baju, gegetret, ngomekeun microphone, jsté; 6. Ucapkeunn unggal kalimah bari imut, nepi ka sora nu dihasilkeun minangka smillng voice; 7. Dipahing nyieun joke bojegan tapi nu ngabojegna seuseurian sorangan; 8. Lamun ngasongkeun joke béré hancengan keur méré masempetan ka audience pikeun seuri.

4. Tatahar nu bisa dilakukeun waktu jadi Pamanggul

Acara 1. Rileks, pastikeun yén kondisi awak jeung sora aya dina kaayaan it. Lamun ngarasa geumpeur tarik napas sing panjang jeung sing jero, ngagerakeun awak keur sakadar ngaleuleuskeun otot nu kaku; 2. Know The Room ngawasa rohangan tempat nu baris menjadi Pembawa Acara; 3. Know The Audience apal kana karakteristik tamu jeung teuteup maranehna salaku sobat; 4. Know The Material ngawasa bahanmateri acara; 5. Baca literatur nu diperlukeun pikeun ngarojong pangaweruh urang, sabab mingkin loba hal nu dipikanyaho ngeunaan acara nu disanghareupan, tangtu bakal nimbulkeun rasa percaya diri; 6. Susun pointer pikeun ngingetan naon nu bakal diucapkeun; 7. Ulah mindeng teuing sanduk-sanduk menta maap ka audience; 8. Ulah ninggalkeun daftar acara atawa rundown acara najan geus aya stage manager; 9. Gunakeun pakéan anu luyu jeung acara, ulah nepi ka salah kostum. Usahakeun MC mah kudu 100 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII rada beda tampilanana ti batan nu sejen, carana bisa ngagunakeun asesoris atawa pernak-pernik lamun kudu sarua seragam jeung panitia atawa tatamu. 10. Gunakeun Make Up najan lalaki gunakeun riasan wajah ngarah teu katingali hérang atawa teu cahayaan; 11. Lakukeun gerakan leungeun sahinasna waku geus aya di luhureun pentas. Ngan ulah kaleuleuwihi baé komo keur nutupan rasa gugup mah, lantaran gerakan awak nu kaleuleuwihi baris ngacowkeun kana penampilan; 12. Kudu ngajaga baham tikoro nu salawasna kudu baseuh, ku kituna siapkeun cai hérang lamun dibutuhkeun; 13. Ulah barangdahar nginum nu baris ngaganggu kana organ tubuh; 14. Kudu tampil Percaya Diri jeung Be Your self. Dumasar kana dadaran di luhur, bisa dicindekkeun yén pancén MC téh kudu ngawasa teknik nyarita, tenik vokal jeung teknik performa, nepi ka bisa nyambungkeun komunikasi dua arah antara MC jeung audience, bisa narik perhatian audience sarta maksud jeung tujuan naon anu dicaritakeun ditepikeun bisa kaharti. Kualiikasi jeung pasaratan nu kudu dipibanda ku MCPemandu Acara, nurutkeun Habib Bari nyaéta: 1. Ngabogaan Intelegensi nu luhur; 2. Boga tangtungan nu atraktif jeung simpatik darehdeh jeung narik ati; 3. Ngabogaan jiwa pamingpin; 4. Komunikatif dina nyarita; 5. Sabar jeung rancage; 6. Miboga naluri antisipasi nu hade; 7. Ngabogaan rasa humor nu luhur; 8. Kaweruh jeung luang anu jembar; 101 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII

5. Sababaraha Hal anu Kudu Jadi Perhatian Nalika Jadi MC