Nerangkeun harti injeuman Ngalengkepan kalimah

105 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII 7. Ari paneja ati mah kariaan téh hayang kawas batur, kilangbara nanggap wayang Asép Sunanadar mah. pamaksudan 8. Awang mah budakna téh kayungyun pisan, keur mah hampang birit jaba calakan. babari apal kana pangajaran 9. Béas mah geus boga 3 kuintal, ngan duit kakara aya lima juta, taya petana cukup keur kariaan ngawinkeun budak téh. moal enya, piraku 10. Bubuhan Arief téh keur loba masalah, ancin pisan daharna. daharna saeutik pisan siga nu horéam 11. Budak nu bedegong téh temahna matak sangsara jeung cilaka. tara nurut kana papatah

2. Nerangkeun harti injeuman

Pék terangkeun harti injeumanana kecap-kecap nu condong dicitakna 1. Anu geus kajiret ku réntenir mah, biasana sok hésé pukahna deui, tungtungna harta- bandana sok dijabel. 2. Anu kurang gadag, komo lamun embung capé, hirupna tangtu kaleyek batur. 3. Bapa Wiguna rék nikahkeun putrana téh tanggal 9 Rayagung, ngepros jeung pibésaneunana, da tanggal sakitu deuih rencanana. 4. Daékeun geuning érna diajakan maturan ngéndong ku Tian téh, tapi aya tanjakanana, cenah asal dipangmeulikeun kadu Montong. 5. Jamak waé barudak mah pakétrok jeung dulurna téh, da engké gé alakur deui. 6. Kang Dédy mah boga imah, boga mobil jeung sawah sakitu legana téh lain warisan ti kolotna, éstu ladang késangna pribadi. 7. Kang Juha mah diténjo-ténjo téh mani kakeupeul pisan ku pamajikan, mani teu bisa mingé, kituna téh awahing ku bogoh pisan ka pamajikanana. 8. Sapoé éta mah Kang Dani jamedud baé teu lémék teu nyarék, teu patanya jeung Ceu Nina, pasosoré kakara latam-létém, nyampeurkeun jeung ngajak ngomong. 9. Cék ahli genetika, urang Vietnam téh cenah sakocoran kénéh jeung urang Indonésia. 106 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII

3. Ngalengkepan kalimah

Titénan ieu kalimah: Kekembangan téh dirawat dihadé-hadé jeung digemuk, atuh puguh wé tangkalna mani marontok. Pék lengkepan kalimah nu dibéréndélkeun di handap, saperti conto di luhur 1. Ahmad keur laleumpang jeung babaturanana, ari breg téh hujan mani ngagebrét. Atuh puguh wé . . . . 2. Bubuhan hayam hadé piara, atuh puguh wé . . . . 3. Budak nu keur ulin téh teu pupuguh ditéké ku Si Dadi, atuh puguh wé . . . . 4. Geus ampir 10 taunna teu patepung jeung Amran téh, dumadakan papanggih di Mall. Atuh puguh wé . . . . 5. Keur anteng jeung husu ngapalkeun ari pes téh lampu pareum, atuh puguh wé . . . . 6. Keur genah-genah diuk bari ngawaskeun pamandangan, ti tukang aya nu ngagebah. Atuh puguh wé . . . . 7. Pembantu nu mulang ka lemburna téh teu balik deui, atuh puguh wé . . . . 8. Sapatu téh hantem dikosokan unggal poé, atuh puguh wé . . . . 9. Suku budak téh titajong kana batu, atuh puguh wé . . . . 10. Ti baréto kénéh hayang boga kaméra digital merk Sony téh. Ari heug ku bapa dipangmeulikeun, atuh puguh wé . . . .

4. Ngeusian ku kecap nu merenah