Proses Mintonkeun Drama Medar Drama 1. Pintonan Drama

116 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Di antara drama Sunda modérn anu kungsi dipanggungkeun téh nyaéta “Dakwaan” jeung “Bubat” beunang RAF; “Dua Utusan” jeung “Tonggérét Banén” beunang Wahyu Wibisana; “Masyitoh” beunang Ajip Rosidi; “Cahaya Maratan Waja” jeung “Hutbah Munggaran di pajajaran” beunang Yus Rusyana; “Runtag”, “Carem” jeung Stasion Para Arwah” beunang R. Hidayat Suryalaga”; “Juag Toéd” jeung “Siliwangi Mahara Pajajaran” beunang Yoseph Iskandar; “Jeblog” beunang Nunu Naéarudin Aéhar, jeung réa-réa deui. Parandéné kitu, drama modérn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina akar budayana. Upamana baé loba pintonan drama modérn anu ngahijikeun unsur téater modérn jeung téater tradisional. Upamana pintonana siga longsér, di tengah-tengah panggung maké oncor, pagelaranana saolah-olah di alam terbuka anu diriung- riung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara pamaén jeung nu lalajo, jeung sajabana. Tapi, éta kabéh diatur ku naskah, lain dadakan siga dina téater tradisional.

2. Proses Mintonkeun Drama

Dina pangajaran saméméhna urang geus latihan maca drama. Ayuena urang latihan mintonkeun drama. Hartina lain sakadar dibaca, tapi dialog-dialogna kudu diapalkeun nepi ka apal cangkem, diragakeun paripolah tokohna, sarta dipintonkeun mangrupa pagelaran dina panggung. Saméméh mintonkeun drama urang kudu apal heula kumaha nataharkeunana. Dina pintonan drama téh ngalibetkeun rupa-rupa unsur. Upamana, urang perlu naskah drama nu rék dipintonkeun. Sanggeus aya naskah, perlu sutradara anu boga tanggung jawab ngatur pintonanana. Keur mintonkeun éta drama sutradara butuh pamaén aktor jeung aktris. Lian ti éta sutradara 117 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII butuh dibantuan ku panata panata kostum papakéan, panata panggungartistik, panata musik, atawa panata geraktari. Saméméh manggung, perlu latihan heula. Latihan tangtuna teu cukup ku sakali. Dina latihan sutradara babarengan ku panata gerak, panata kostum, panata lampu, atawa panata musik, mikiran kumaha carana sangkan éta drama mun dipintonkeun bisa alus jeung resep dilalajoanana. Upamana baé kumaha ngagali poténsi aktoraktris sangkan dina merankeun hiji tokoh téh ngetrukkeun sakabéh kamampuanana, boh jiwana boh ragana. Nepi ka aktingna engké dina panggung enya-enya ngajanggélékkeun sipat jeung kalakuan tokoh sakumaha anu dipikahayang jeung diperedih dina naskahna. Sanggeus asak latihan, kakara dipintonkeun dina panggung. Tah geus di panggung mah hasil sakabéh upaya sutradara téh bakal katémbong dina akting pamaén nu dirojong ku rupa-rupa unsur téa. Mun digambarkeun dina bagan mah alurna kieu: Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun waktu urang jadi aktoraktris, waktu merankeun hiji karakter tokoh. Di antarana: 1. Urang kudu bisa neuleuman pasipatankarakter tokoh nu diperankeun. Cara neuleumanana téh bisa rupa-rupa, bisa ku cara “penghayatan”, nyaéta nyiptakeun rasa émpati atawa ngararasakeun dirina jadi tokoh nu diperankeun, ngarasa sanasib, atawa ngarasa boga pasipatan nu sarua. Bisa ogé ku cara observasi, nyaéta ngimeutan kanyataan anu saenyana. Upamana lamun rék merankeun musapir, urang ngahaja ngimeutan heula pasipatan musapir, tingkah polahna, kabiasaanana sapopoé, jeung sajabana. 118 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII 2. Ngimeutan pituduh anu kaunggel dina naskah. Upamana dina naskah “Démonstran” aya dialog kieu: Ato : Ngaharéwos Anén, komandoan Anén : luak-lieuk, ngaharewos Ngomandoan naon? Di dinya aya katerangan yén Ato téh nyaritana kudu ngaharéwos. Pon kitu deui Anén, lian ti kudu ngaharéwos, manéhna kudu bari luak-lieuk. 3. Gunakeun éksprési jeung remen latihan silih témpas, nepi ka dialog téh jadi hirup siga nu ngobrol enyaan. Upamana aya dialog kieu: Sekwilmat : Tenang-tenang Ké aya naon ieu téh para sadérék? Anén : Bapa téh camat? Sekwilmat : Lain kuring mah. Eueu….. Ato : Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh Kuring mah arék ka camat. Sekwilmat : Nu matak keur euweuh Pa Camat mah. Acid : Ah, bohong Sok, daék naon? Kacipta pan ku urang kumaha silih témpasna. Kumaha patorong- torongna. Basa Sékwilmat nyebut “Eueu....” kuduna mah ulah aya jéda atawa ulah ngarandeg, tapi langsung ditémpas ku omongan Ato anu semu napsu, “Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh” 4. Maén drama mah lain ngobrol biasa. Sok sanajan obrolanana siga urang ngobrol sapopoé, tapi obrolan dina drama mah kudu diréka jeung ditanagaan. Upamana diréka maké lentong anu ancad laér, dibarengan ku gegerungan, dibarengan ku napsu, jeung saterusna. Ditanagaan téh lain hartina kudu gogorowokan, tapi kumaha carana sangkan sora nu kaluar tina baham téh bisa jelas, béntés, jeung bedas kadéngéna. 119 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII

3. Dialog dina Drama