Teknik Nyarita Teknik Vokal

96 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana, puguh éntép seureuhna. MC henteu ngan ukur nyaho kana runtuyan acarana baé, tapi salaku pamanggul acara ogé kudu ngawasa hal- hal nu sipatna protokoler saperti kasangtukang ku naon hiji acara disusun dumasar heula pandeurina, tapis ngatur waktu, akurat informasina, wanoh jeung apal ka ngaran, pangkat sarta jabatan tokoh kalayan bener. Istilah séjén tina MC nyaéta nu mawakeun acara minangka tarjamahan tina kecap presenter. MC teu sarua jeung protokolerprotocol. Demi MC téh mangrupa bagian tina aktipitas protokoler. MC nyaéta nu mawakeun acara kalawan pancénna pikeun ngadalikeun jalanna acara. Sedengkeun protokol mah nyaéta tata cara dina acara resmi saperti acara kenegaraan nu ngalibetkeun pejabat Negara sarta gemblengan pengaturan kagiatan ti awal nepi ka pungkasan acara.

2. Pancén Master of CeremonyPamanggul Acara:

• Nyusun acara nu hade bari koordinasi jeung pihak panitia • Muka jeung nutup acara • Ngajamin yén acara lumangsung kalawan lancar jeung sukses; • Mingpin jeung ngatur jalanna acara; • Ngawanohkeun panyaturnu ngeusi acara; • Ngecék kasiapanana acara jeung hadirna jalma- jalma petingan;

3. TeknikKamampuh nu kudu aya di diri MC Master of Ceremony

a. Teknik Nyarita

Minangka komunikator, saurang pamanggul acara MC kudu ngawasa hiji kamampuh naon-naon nu 97 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII diucapkeunan matak ngirut ati jeung dipikaharti ku balarea. éta kamampuh téh nu sok disebut teknik nyarita. Aya 5 hal nu kudu diperhatikeun ku MC dina keur cacarita: 1. Phrasing randegan kalimah; 2. Intonasi lentong kalimah, luhur handap, tarik halonna sora; 3. Stressing neueulkeun dina kekecapan nu tangtu 4. Reading speed guluyur jeung gancang kendorna maca; 5. Pause ngarandeg Ku merhatikeun phrasing randegan dina kalimah urang bisa ngatur lebah mana urang kudu ngarandeg sangkan bisa ngahontal harti nu saestu, nepi ka nu ngadengkeun ngarti naon nu diomongkeun dicaritakeun ku MC. éta randegan téh tangtu baé raket patalina jeung lentong kalimah, luhur handap jeung tarik halonna sora tur ngajanggelek jadi gaya nyarita nu wajar. Ari stressing mah umumna neueul kana volume sora nu digunakeun pikeun nandeskeun hiji hal sangkan leuwih beda. Reading speed, nyaéta lebah MC macakeun hiji teks nu kudu diluyukeun jeung situasi rohangan, sangakn naon nu dibacana bisa didenge ku balarea kalawan jentre, pangpangna pikeun nyingkahan kacaletot létah. Para ahli komunikasi netepkeun aturan baku keur gancangna maca antara 110120 kecap per menit. MC ogé perlu ngalaksanakeun pause atawa ngarandeg pangpangna pikeun ngontrol kalimah saterusna, jeung méré kasempétan ka balarea naha ngarti atawa paham kana naon nu geus diucapkeunana. Kaweruh jeung luang hiji pamanggu acara MC kana kaayaansituasi forumna baris mantuan pikeun nyaluyukeun dirina boh dina hal penampilan 98 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII performance dirina, body language, boh basa nu digunakeunana. Salian ti éta, kaweruh kana kaayaan forum téh bakal ngurangan rasa minder under conidence.

b. Teknik Vokal

MC nu hade diperdih ngawasa teknik vocal nu ngawengku: 1. Intonasi intonation: gunakeun lentong atawa nada sora, irama nyarita atawa alunan nada dina ngucapkeun kalimah; 2. Aksentuasi accentuation atawa logat. Ngagunakeun stressing dina kalimah anu tangtu nu dianggap penting, bari nyingkahan logat kadaerahan lamun keur nyarita make basa Indonesia atawa basa asing; 3. Gancang kendorna speed nyarita. 4. Artikulasi articulation nyaéta jelas henteuna ngucapkeun kalimah atawa kekecapan; 5. Inleksi. Lagu kalimah, parobahan nada sora, bari nyingkahan ucapan nu sarua redundancy.

c. Teknik Performa jeung Gesture