Medar Struktur Carita Wawacan

5 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Pancén 1 Sabada niténan sempalan wawacan di luhur, pék ku hidep téangan kekecapan anu teu dipikaharti, tuluy tuliskeun jeung hartina dina tabél ieu di handap Wawacan Panji Wulung Kecap Hartina . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . Pancén 2 Naon anu aya dina pikiran hidep sabada maca téks sempalan “Wawacan Panji Wulung”? Pék jawab pertanyaan ieu di handap No. Pertanyaan 1. Naon baé ciri-cirina karya wawacan téh? 2. Ari nu ngabédakeunana antara wawacan jeung guguritan, lebah naonana? 3. Naon bédana antara wawacan jeung novel? 4. Naon sababna dina karya wawacan mah bet gunta-ganti pupuh? 5. … 6. … 7. …

B. Medar Struktur Carita Wawacan

Wawacan téh mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh. Bédana jeung guguritan, wawacan mah mangrupa lalakon. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi gunta-ganti, tur loba. Nurutkeun para ahli gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kira 6 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII dina mangsa kadua abad ka-19. Harita tatar Sunda dieréh ku karajan Mataram Islam. Parabupati Sunda, utamana anu aya di wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung- sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat-cahara di ditu ka tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih pangagung urang Mataram anu ditempatkeun di urang. éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar para ménak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan. Lain para ménak baé deuih anu gedé andilna asupna wawacan kana sastra Sunda téh. Paraulama ogé gedé andilna. Kalolobaan ulama atawa ajengan anu boga pasantrén di urang, saméméhna kungsi masantrén di Wétan. Teu béda ti parabupati, balikna mawa adat cahara ti ditu. Nya di antarana mawa wangun guguritan jeung wawacan. Malah nerekabna para ajengan. Salah sahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh kapanggih wawacan-wawacan anu ditulis ku aksara Arab Pégon di pilemburan. Eusina mangrupa da’wah Islamiyah. Mekarna wawacan di urang téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun nyalin kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku balaréa. Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku; dibarengan ku ciptaan-ciptaan anyar, sarta wandana ogé anyar. Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra alofon, eusi, jeung panutup atawa kolofon. Manggalasastra eusina sanduk-sanduk papalaku ménta idin ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Panutup kolofon kauni dina akhir carita nu eusina titimangsa ditulis atawa disalinna éta wawacan, bari sakalian ménta panghampura nu nulis kana sagala katunaanana. Umumna nu nulis wawacan sok dépé-dépé tur ngarumasakeun. Geura ieu di handap kapidangkeun conto manggalasastra jeung kolofon wawacan. 7 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII Manggalasastra: Kasmaran kaula muji, ka Gusti Ajawajala, nu murah ka mahluk kabéh, jeung muji utusanana, Kangjeng Nabi Muhammad, nyaéta Nabi panutup, miwah muji sahabatna Wawacan Rengganis Kolofon: Tamatna kaula ngarang Pukul tujuh malem Kemis di tanggal tujuh welasna, kaleresan bulan April, taun Kangjeng Maséhi, saréwu dalapan ratus, jeung genep puluh dua, marengan hijrahna Nabi, saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan Wawacan Panji Wulung Wawacan téh ditepikeun ku cara ditembangkeun nga-gunakeun sora anu ngelewung tarik pisan nu disebut beluk atawa gaok. Seni beluk biasana dipintonkeun dina acara salametan, upamana dina acara salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salametan sabada panén.

C. Nyawalakeun Eusi Ringkesan Wawacan