Harti Master of CeremonyPembawa Acara Pancén Master of CeremonyPamanggul Acara:

95 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII péréléan acarana? Pangpangna dina acara ngabagéakeun tatamu pangbagéa. Dina rapat kapanitiaan nu puguh saha-saha baé nu mancénna éta masalah téh biasana geus kudu karéngsékeun. Lancar henteuna hiji acara bakal kacida gumantungna kana kaparigelan jeung kamampuhna laku MC. Bisa baé acara nu geus ditangtukeun runtuyanana téh robah. MC minangka nu ngatur lalu lintas acara téa, tangtu ulah kaku atawa tagiwur. Lamun aya kajadian samodél di luhur, MC diusahakeun wé kudu luwes léksibel utamana bisa ngarugal-rigel acara anu geus matok téa. éta improvisasi téh tangtu baé sabada dipatotoskeun tur aya kasaluyuan ti pupuhu panitia.

1. Harti Master of CeremonyPembawa Acara

MC minangka kecap wancahan tina Master of Ceremony, nu hartina jalma nu dibéré pancén minangka “pamanggul acara”, nu ngadalikeun acara, nu ngatur acara atawa pamingpin acara. Kalungguhan MC teu bina ti pribumi host hiji acara atawa hiji kagiatan pintonan. Pancén MC ngumumkeun susunan acara jeung ngawanohkeun saha-saha waé nu rek midang ngeusi éta acara sarta nu nangkes sarta nu mastikeun yén éta acara baris lumangsung kalawan lancer jeung sukses luyu jeung waktu nu geus ditangtukeun. Master of Ceremony minangka salahsahiji kamampuh komunikasi publik public communication. Jadi saurang MC Master of Ceremony atawa pamanggul acara mangrupa salasahiji kaparigelan nu kudu dipibanda ku saurang protokoler. Lian ti éta, saurang MC ogé kudu wanoh kana tata tempat, tata upacara, jeung tata penghormatan. Nurutkeun Habib Bari, pancén MC téh mingpin jeung nu dibéré tanggung jawab hiji runtuyan acara sangkan dina prakprakan acaraupacara téh lumangsung kalawan 96 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana, puguh éntép seureuhna. MC henteu ngan ukur nyaho kana runtuyan acarana baé, tapi salaku pamanggul acara ogé kudu ngawasa hal- hal nu sipatna protokoler saperti kasangtukang ku naon hiji acara disusun dumasar heula pandeurina, tapis ngatur waktu, akurat informasina, wanoh jeung apal ka ngaran, pangkat sarta jabatan tokoh kalayan bener. Istilah séjén tina MC nyaéta nu mawakeun acara minangka tarjamahan tina kecap presenter. MC teu sarua jeung protokolerprotocol. Demi MC téh mangrupa bagian tina aktipitas protokoler. MC nyaéta nu mawakeun acara kalawan pancénna pikeun ngadalikeun jalanna acara. Sedengkeun protokol mah nyaéta tata cara dina acara resmi saperti acara kenegaraan nu ngalibetkeun pejabat Negara sarta gemblengan pengaturan kagiatan ti awal nepi ka pungkasan acara.

2. Pancén Master of CeremonyPamanggul Acara:

• Nyusun acara nu hade bari koordinasi jeung pihak panitia • Muka jeung nutup acara • Ngajamin yén acara lumangsung kalawan lancar jeung sukses; • Mingpin jeung ngatur jalanna acara; • Ngawanohkeun panyaturnu ngeusi acara; • Ngecék kasiapanana acara jeung hadirna jalma- jalma petingan;

3. TeknikKamampuh nu kudu aya di diri MC Master of Ceremony