65
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
a. Ngucapkeun salam
b. Nyarita ngagunakeun basa anu sopan
c. Sikep jeung penampilan anu hadé
d. Percaya diri
e. Volumeu sorana ngoncrang tur béntés
f. Matéri anu ditepikeun jelas jeung sistematis
D. Latihan ulikan Kabasaan
Ngalarapkeun Kecap Rajékan
Dina artikel ”Dihin Pinasti Anyar Pinanggih” di luhur aya kalimah:
Nini-nini rawah-riwih néangan incu kakasih.
Kecap rawah-riwih dina kalimah di luhur téh kaasup
kana kecap rajékan dwiréka. Ayeuna pék kecap nu dikurungan dina kalimah di
handap téh larapkeun maké kecap rajékan sarua jeung conto di luhur
1. “Dasar budak nurustunjung, dipapatahan ku kolot
téh kalah ka cengir baé, teu éling sugan” 2.
”Tuh geura aya jelema ilik baé ka imah urang, boa- boa nu rék nganjang. Tapi kétah palangsiang boa-
boa rék paling”
3. Dodi urang Ciséwu, kakara pisan nyaba ka Jakarta.
Atuh salila di Jakarta téh ngan ider baé: ka Gedong Gajah, ka Pasar Glodok, ka Monas, malah kungsi ka
Cengkaréng sagala.
4. Ka budak nu sok daék cokot, tangtu moal réa nu
resepeun. 5.
Lamun ngarumasakeun teu boga duit, ulah sok tawar, bisi kawiwirangan.
6. Ngarah diandel jeung dipikarunya, nu baramaén téh
ngomongna lengis baé.
66
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
7. Ogi, ulah sépak di dieu bisi kana kaca Mun rék
ménbal mah mending di luar geura 8.
Pa Aténg ayeuna mah geus pangsiun, gawéna téh ngan ukur pancong di buruan, tanceb lulumayanan.
9. Si Arman gawéna ngan balik baé siga aya nu
ditéangan. Néangan naon manéhna téh nya? 10. Ulah sok seuri sorangan, bisi disangka nu gélo
P
A N
G
AJ
AR
AN
67
Sumber: anneahira.com
TARJAMAHAN
68
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
T
arjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih
basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh
karya sastra biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan
narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana gaya basa,
pilihan kecap, ungkara, jsté. jeung kualitas senina. Ajip Rosidi kurang leuwih taun 80-an kungsi midangkeun
artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu geulis jeung satia. Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa
kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.
Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan.
Dina saduran mah lain waé alih basa-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di
urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna,
nyaéta dina periodeu naskah manuscript, anu disebut nyalin téh bisa jadi narjamahkeun bébas, transliterasi
atawa transkripsi atawa bener-bener nulad aksarana, basana teu diganti.
Pikeun pangaweruh awal hidep ngeunaan kagiatan narjamahkeun, pék ilo sing nepi kacangkem eusina cutatan
tina buku Jatiwangi Sunda Indonesia yasana Ajip Rosidi waktu Biantara Panampian Hadiah Proféssor Teew 2004
Jakarta, 1 Desember 2004, dina edisi basa Indonésia jeung edisi basa Sunda.
A. Maca Téks Tarjamahan