54
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
misalna kudu tuhu kana éta aturan. Saupama éta aturan direumpak, mangka prosés komunikasi moal jalan kalayan lancar.
e. Basa téh Sistem Sora
Média utama nu digunakeun dina basa nyaéta runtuyan sora. Runtuyan sora ngamalir mamawa pesen basa nu nepi kana puseur
saraf manusa akibat ayana réaksi tina tekenan hawa nu ngageter dina kendang ceuli. Sora basa dihasilkeun ngaliwatan alat ucap
manusa. Ulikan ngeunaan cara ngahasilkeun sora basa ku pakakas ucap disebut tatasora fonétik, utamana fonétik artikulatoris.
f. Basa téh Unik
Basa miboga sipat unik, hartina unggal basa miboga ciri has séwang- séwangan nu teu dipibanda ku basa séjén. Ciri has dina basa téh
bisa nyangkaruk dina sistim sora, sistim pangwangun kecap, sistim pangwangun kalimah jeung sistim-sistim lianna. Sapetri dina basa
Sunda aya kecap anteuran atawa kecap panganteur anu ngandung harti aspék inkoatif, saperti jung nangtung, gék diuk, léos indit, jst. Ieu
kecap téh teu bisa ditarjamahkeun kana basa Indonésia. Cicingna kecap anteuran aya di hareupeun jejer, antara jejer jeung caritaan
pagawéan, sarta mandiri ngawakilan kecap pagawéan caritaan.
Contona: - Gék kuring diuk dina korsi.
- Kuring gék diuk dina korsi. - Geura gék atuh
g. Basa téh Mijalma
Hirup tumuwuhna basa téh ngan aya dina kahirupan manusa. Dina kahirupan sato atawa mahluk séjénna teu diaku minangka istilah
basa. Ku kituna, basa téh disebut mijalma. Tanpa basa, manusa hésé hirup. Éta s
ababna basa téh jadi “alat penting” dina pakumbuhan manusa.
55
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
h. Basa téh Rancagé
Basa sipatna produktif, hartina sanajan unsur-unsur basa kawates, tapi ku unsur-unsur nu kawatesanan éta tapi bisa dijieun satuan-
satuan basa anu henteu kawatesanan, sok sanajan rélatif, saluyu jeung sistem nu lumaku dina éta basa. Saperti halna tina foném nu
aya di basa Sunda bisa ngawangun réwuan malahan jutaan kecap nu hartina béda-béda.
i. Basa téh Komunikatif
Komunikatif mangrupa sipat tina komunikasi. Dina enas-enasna, komunikasi téh mangrupa prosés nepikeun pesen rasa, pikiran jeung
kahayang ti pangirim panyatur atawa panulis ka panampa pamiarsa atawa pamaca ngaliwatan médium basa.
Dina komunikasi basa, pangirim pesen jeung panampa amanat téh nyatana manusa, ari mediumna nyaéta basa, boh lisan boh tulisan.
Komunikasi nu mediumna basa téh disebutna komunikasi vérbal. Sabalikna aya komunikasi anu mediumna kinésik sok disebut
komunikasi nonvérbal. Ku kituna, komunikasi basa mah ngan aya dina komunikasi masarakat manusa, najan teu kabéh komunikasi
manusa mangrupa basa. Jadi, istilah basa téh leuwih heureut deui, nyaéta sistem lambang sora anu dihasilkeun ku pakakas ucap
manusa pikeun tujuan komunikasi.
j. Basa téh Midunya