Fungsi Basa Sunda Lulugu Ciri-ciri Basa Lulugu

76 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 dijadikeun dasar dina nyarita pikeun masarakat anu miboga atikan luhung ogé di sabudeureun puseur kabudayaan atawa pulitik tina hiji masarakat bangsa. Nurutkeun V. Mathesius jeung B. Havrane, basa lulugu kudu ditandaan ku: 1 stabilitas anu alus pikeun bisa nyaluyukeun jeung parobahan- parobahan kultural, jeung 2 intéléktualitas nyaéta téndénsi ka arah ungkara anu leuwih taliti, tepat jeung pasti, tatabasana leuwih sistematis jeung kabeungharan kecapna leuwih jelas jeung bener- bener keuna kana tujuan anu dimaksud, dina harti unggal kecap jeung kalimah anu digunakeun teu nimbulkeun tafsiran ganda ka pamiarsa. Kitu deui, Sudaryat, spk. 2013 nétélakeun yén anu dimaksud lulugu atawa standar dina harti umum, nyaéta unggal paripolah budaya manusa anu gelar dimasarakatna. Sedeng harti hususna, nyaéta aturan-aturan atawa norma-norma nu geus ditetepkeun ku masarakatna nu makéna. Dina istilah basa, lulugu atawa standar nyaéta norma atawa aturan basa nu geus umum sarta ditetepkeun cara makéna ku masarakat éta basa. sedeng nu dimaksud basa Sunda lulugu, nyaéta basa Sunda anu geus ditetepkeun atawa dijadikeun standar makéna ku masarakat Sunda. Sakabéh pamadegan di luhur mibanda sasaruaan nyaéta basa lulugu téh mangrupa basa standar anu dipaké ku masarakat. Bisa dicindekkeun yén basa lulugu nyaéta basa anu dijadikeun tur ditetepkeun jadi basa standar ku masarakat lega, boh dina éjahanana, tatabasana, boh dina kabeungharan kecapna.

b. Fungsi Basa Sunda Lulugu

Nurutkeun Sudaryat, spk. 2013, basa lulugu miboga rupa-rupa pancén atawa fungsi, nyaéta saperti nu dipedar dina poin-poin di handap ieu. 77 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 1 Tali mimitran Basa lulugu miboga pancén pikeun ngaraketken tali mimitran antar panyatur tina rinéka dialék, pakakas komunikasi panyatur nu hétérogén, boh lisan boh tulisan. Basa lulugu jadi ciri kapribadian idéntitas panyaturna, baris ngandelan rasa kapribadian ka- Sundaan geus ngarojong “ka- Bhineka-Tunggal-Ika- an” budaya tur basa Indonésia. 2 Pananda Komara Basa lulugu baris mawa komarawibawa prestise panyaturna. Ku makéna basa lulugu moal jadi panggeuhgeuyan para panyatur séjénna. 3 Raraga Acuan Basa lulugu jadi raraga acuan, calecer frame of reference nu disaluyukeun ku sakumna masarakat basa geusan ngajén kalayan bener tur merenah henteuna ragam basa nu dipaké.

c. Ciri-ciri Basa Lulugu

Sudaryat, spk. 2013 nétélakeun yén hiji basa téh disebut basa lulugu saupama bisa nyumponan pasaratan saperti otonomi, vitalitas, intéléktualitas, jeung historitas. Pedaranana saperti ieu di handap. 1 Otonomi Basa Sunda lulugu mangrupa basa anu ngabogaan wewenang pikeun tumuwuh jeung mekar sarta mandiri, boh di wewengkon Sunda sorangan boh di wewengkon séjénna. Bédana jeung basa dialék nyaéta lain ngan saukur dina vérsina, tapi jadi calecer ragam basa séjénna. Ku kituna, tempat cicingna basa lulugu aya di puseur kagiatan politik jeung pamaréntahan, anu miboga kamungkinan gedé tumuwuh jeung mekar sacara jembar. 2 Vitalitas Basa lulugu dipaké ku masarakatna di lingkungan masarakat nu miboga rinéka basa. Basa lulugu kudu mampuh tumuwuh kalayan anteb luyu jeung kaédah basana nu rélatif angger. Dina hal ieu vitalitas sipatna henteu kaku, barobah kalayan bébas pikeun narima pangaruh basa séjén dina widang kandaga kecap, istilah, 78 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 fonologi, tatabasa, semantik. Jadi, basa lulugu miboga stabilitas dinamis, mibanda kaédah anu anteb tur luwes minangka hasil kodifikasi basa. Ari kodifikasi basa téh nyaéta ngawengku 1. Bagbagan makéna basa, disusun dumasar kana kontéks situasi makéna, 2 kaédah adegan basa saperti fonologi, tatabasa, sintaksis, tata istilah, éjahan, jsté. 3 Intéléktualitas Basa lulugu kudu mibanda kamampuh ilmiah kacendikiaan, inteléktualitas anu ngébréhkeun prosés mikir nu ruwed tina rupaning kagiatan paélmuan, téknologi, informatika, jeung patali marga masarakatna. Ciri inteléktualitas téh bisa maké basa kalayan éféktif, nepikeun amanah saloba-lobana ku wangunna anu ringkes, tapi luyu jeung sasaran. éta kabéh baris kahontal asal urang kukuh kana kaédah nu geus ditangtukeun. 4 Historitas Basa lulugu kudu miboga lalampahan hirup katut kasang tukang sajarah historitis nu tangtu, patali ti mangsa ka mangsa. Basa lulugu kudu mampuh mekarkeun tradisi katut budaya pamakéna.

1. Tiori jeung Konsép Basa Sunda Wewengkon a. Sajarah jeung Sumebarna Basa Sunda